Kasang Tukang Masalah BUBUKA

Suci Nurul Qori’ah, 2015 PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Budaya Sunda mangrupa hasil tina karancagéan masarakat Sunda anu salawasna kudu dimumulé tur dijaga sangkan teu tumpur kalindih ku kamajuan jaman. Ngariksa tur ngaraksa tradisi warisan karuhun urang Sunda geus jadi pancén sakumna jalma nu hirup kumbuh di tatar Sunda. Karuhun urang Sunda, mibanda kabudayaan anu luhung. Kabudayaan éta téh aya nu mangrupa wangunan aya ogé warisan budaya anu teu éléh penting, nya éta nu mangrupa tulisan jeung lisan. Warisan karuhun nu mangrupa tulisan sok disebut ku istilah naskah. Éta naskah éta umumna ditulis maké aksara atawa basa daérah, nepi ka can tangtu kabéh jalma bisa maca jeung ngawasa kana éta eusi karya. Ari warisan budaya karuhun anu mangrupa lisan sok disebut ku istilah folklor, tapi aya ogé folklor anu gabungan lisan jeung tulisan sarta folklor lain lisan. Sacara istilah, folklor folklore téh asalna tina kecap folk jeung lore. Nurutkeun Alan Dundes dina Danandjaja, 2002, kc. 1-2 folk nya éta sakumpulan jalma anu ngabogaan ciri-ciri husus atawa mandiri tina fisikna, sosialna, jeung kabudayaanana, nepi ka bisa dibédakeun ti kelompok-kelompok séjénna. Éta ciri-ciri husus téh bisa katitén tina: warna kulit nu sarua, buukna sarua, pakasaban nu sarua, bangsa nu sarua, tingkat pendidikan anu sarua, jeung agamana gé sarua. Ngan nu leuwih penting mah ngabogaan tradisi, nya éta kabudayaan anu geus turun-tumurun ti karuhunna jeung geus dianggap nu saréréa. Sedengkeun lore mah tradisi folk, nya éta sabagéan kabudayaan anu diwariskeun sacara turun-tumurun sacara lisan atawa ku cara conto anu dibarengan ku gerak isarat atawa alat bantu séjén nu bisa dipaké sangkan teu poho. Nurutkeun Danandjaja 2002, kc. 22 rupa-rupa folklor lisan nu sumebar téh di antarana: bahasa ra‟yat, ungkapan tradisional, pernyataan tradisional, sajak jeung puisi ra‟yat, carita prosa ra‟yat, jeung nyanyian ra‟yat. Hasil karya sastra nu kagolong kana sajak jeung puisi ra‟yatdi antarana puisi pupujian. Pupujian téh minangka hasil karya sastra lisan pangaruh tina agama Islam anu sumebar di masarakat. Nurutkeun Tamsyah 1996, kc. 53 puisi pupujian téh nya éta puisi buhun anu eusina nyoko kana ajaran agama Islam. Rusyana 1971, kc. 12 nétélakeun yén pupujian téh nya éta rakitan kalimah anu eusina muji jeung ngadu‟a ka Pangéran, solawat ka Nabi, Suci Nurul Qori’ah, 2015 PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu pépéling ka umat, atawa pangajaran. Ieu rakitan kalimah-kalimah téh dinadomkeun, aya nu dina basa Arab aya ogé anu dina basa Sunda. Ieu pamadegan ogé diéceskeun ku Iskandarwassid 2003, kc. 116-117, yén puisi pupujian téh hiji karya sastra buhun dina wangun puisi ampir salilana dina wangun sair nu rélatif pondok, nu eusina, ngeunaan puji- pujian kana kaagungan Gusti Alloh, solawat ka Kangjeng Nabi, naséhat atawa ajakan ngajalankeun ibadah solat, puasa, jakat, jeung munggah haji, biasana sok dikawihkeun atawa dinadomkeun babarengan di masjid-masjid dina waktu ngadagoan solat berjamaah atawa di majelis ta‟lim ku para jamaah pangajian. Dina kamus nu disusun ku LBSS 1992, kc. 401 disebutkeun yén: “Puji, kecap-kecap atawa ucapan pikeun ngagungkeun Nu Maha Kawasa: Sadaya puji kagungan kanggo Alloh, Pangéran sakabéh alam, tarjamahan tina Alhamdulillahi robbil „alamin: pupujian, 1 Kecap barang anu sok dipaké muji ka Alloh atawa ka Rosululloh, 2 Kecap pagawéan ngedalkeun atawa ngalagukeun puji-pujian ka Alloh atawa ka Rosul-Na: méméh ngaraji barudak sok pupujian heula”. Dina kahirupan sastra Sunda, nu disebut puisi pupujian téh nya éta wangun karangan ugeran anu gelarna sabada asupna pangaruh Islam ka tatar Sunda, bari mawa pangaruh anu jolna tina kabudayaan Arab. Dina kamekaran anu saterusna wangun sa‟ir dina sastra Arab jadi wangun pupujian dina sastra Sunda. Eusi pupujian téh sumberna nyokot tina ajaran agama Islam, ku kituna eusina moal leupas tina atikan kaagamaan, samodél ngébréhkeun kaagungan Allah Swt., nepikeun salawat ka Kangjeng Nabi Muhammad Saw., pépéling, jeung saniskara anu patalina jeung ajaran agama. Dina kalumangsunganana pupujian téh sumebar sacara lisan. Ayana pupujian biasana di lingkungan pasantrén jeung masigit. Pupujian anu di pasantrén biasana dinadomkeunana dina mangsa nungguan ajengan datang itung-itung ngaderes atawa nalika ajengan nepikeun pangajaran, sedengkeun ari anu di masigit biasana di nadomkeunnana dina waktu anu tangtu, upamana baé dina mangsa nungguan adan jeung nungguan komat. Kiwari pupujian mangrupa salah sahiji bagian tina sastra daérah anu perlu dimumulé tur dimekarkeun ngarah tetep bisa lumangsung jeung henteu kalindih ku pangaruh anu séjén. Di lingkungan masarakat Sunda, pupujian téh mibanda fungsi anu kawilang pentingna. Salah sahiji contona, nyaéta dipaké alat pikeun panggeuing jeung silih élingan ka papada jalma. Pupujian ogé mibanda fungsi pikeun nyalametkeun jeung ngamumulé ajén budaya anu geus nyampak sarta dijadikeun alat pangajaran kaagamaan, adab, susila, jeung atikan. Suci Nurul Qori’ah, 2015 PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu Tarékah pikeun ngamumulé budaya daérah, pangpangna anu mangrupa sastra lisan salah sahijina nyaéta ku cara macaan jeung ngagunakeun karya sastra nu gelar dina kahirupan sapopoé, kitu deui pupujian. Lian ti éta, bisa ku cara dilaksanakeun panalungtikan kana éta karya sastra, contona dilaksanakeun panalungtikan pupujian nu aya di Pondok Pasantén Al- Barokah Bandung pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP. Pupujian-pupujian nu aya di Pasantrén Al-Barokah Bandung bakal leuwih mangpaat upama dikumpulkeun jeung ditalungtik. Pupujian anu ditalungtik di Pasantrén Al-Barokah téh nya éta pupujian anu masih kénéh dinadomkeun ku barudak santri- santriah jeung jama‟ah majlis ta‟lim. Eusina mangrupa pépéling, muji ka Pangéran, solawat ka kangjeng Rosul, do‟a, sarta pupujian ngeunaan ajaran agama. Di sagigireun éta, pupujian ogé bisa dijadikeun bahan pangajaran di sakola. Dumasar kana Peraturan Daerah Provinsi Jawa Barat No. 5 Taun 2003, ngeunaan Pemeliharaan Bahasa, Sastra, jeung Aksara Daérah. Basa daérah diajarkeun dina atikan formal jeung non formal di Jawa Barat. Éta kawijakan sajalan jeung UU No.221999 ngeunaan Pamaréntah Daerah jeung UU No. 202003 ngeunaan Sistem Pendidikan Nasional nu sumberna tina UUD 1945 ngeunaan Pendidikan jeung Kabudayaan, sajalan ogé jeung rékoméndasi UNESCO taun 1999 ngeunaan pemeliharaan bahasa-bahasa ibu, jeung Peraturan Pemerintah Republik Indonesia No. 19 Taun 2005 ngeunaan Standar Nasional Pendidikan, BAB III pasal 7 ayat 3- 8, nétélakeun yén ti SDMISDLB, SMPMtaSMPLB, SMAMANSMALB, jeung SMKMAK dibéré pangajaran muatan lokal nu relevan, bisa dijadikeun ogé sumber inspirasi pikeun sastrawan modern sangkan jadi bacaan anu boga kualitas hadé jeung relevan pikeun dunya atikan, sarta jadi bahan apresiasi sastra. Ambahan Pangajaran Basa Sunda dumasar kana Standar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar SKKD, pangajaran Basa jeung Satra Sunda nu ngawengku opat aspék kaparigelan basa, nya éta ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis. Dina SKKD pangajaran Basa jeung Sastra Sunda, pangaweruh anu kudu ditepikeun ka siswa di tingkat SMP kelas VII di antarana ngaregepkeun pupujian. Pupujian bisa diriksa ngaliwatan atikan formal di sakola. Pikeun lumangsungna pangajaran ngaregepkeun pupujian di sakola, perlu dieuyeuban deui bahanna. Pupujian-pupujian anu aya di Pondok Pasantrén Al-Barokah Bandung kacida merenahna upama diriksa, dianalisis, tur diajén kalumangsunganana, sabab euyeub pisan ku bahan lenyepaneun anu patali jeung kahirupan manusa. Suci Nurul Qori’ah, 2015 PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu Saméméhna ogé kungsi aya sababaraha mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah anu nalungtik Pupujian di patalikeun jeung bahan pangajaran pikeun murid sakola di antarana ku Didin Solehuddin 2012, medar masalah pupujian dina skripsina ngeunaan “Pupujian di Kampung Manis Désa Haurkuning Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun di SMP”. Panalungtikan ngeunaan pupujian anu dilaksanakeun di Pondok Pasantrén ogé aya, nya éta ku Abdurrahman Wahid dina taun 2014 kalawan judul ”Pupujian di Pasantrén Syafi‟iyah Al-Falah Desa Mekarjaya Kecamatan Bungbulang Kabupatén Garut”. Aya anu nalungtik ngeunaan téks jeung kontéks dina tésis nu disusun ku Rusmiati anu judulna “Manaqib Syéh Abdul Qodir Jailani di Kacamatan Sukabumi, Kabupatén Sukabumi Ulikan Sémiotik Téks jeung Kontéks”. Dikasangtukangan ku hal-hal sakumaha dipedar di luhur, ieu panalungtikan dilaksanakeun. Dina sababaraha panalungtikan nu geus dilaksanakeun, katitén yén panalungtikan anu nalungtik ngeunaan pupujian hususna di Departemen Pendidikan Bahasa Daerah, anu nalungtik kana pupujian hususna ngulik kana téks jeung kontéksna can kapanggih. Ku kituna ieu panalungtikan anu judulna “Pupujian nu aya di Pondok Pasantrén Al-Barokah Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun di SMP Kelas VII Ulikan Semiotik, Téks jeung Kontéks perlu diayakeun pikeun ngaguar pupujian nu kapanggih di Pondok Pasantrén Al-Barokah, maluruh jeung nyusud kumaha eusi téks jeung kontéksna. Lian ti éta, upama dipatalikeun ieu panalungtikan jeung SKKD, tangtu raket patalina. Hartina, pupujian anu ditalungtik bisa dijadikeun alternatif pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun basa Sunda di SMP kelas VII.

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah