Rusdinny Aprilianty, 2013 Ajén Palsapah Dina Upacara Jaroh Di Kampung Dukuh Désa Ciroyom Kabupatén Garut Pikeun
Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di Sma Kelas Xi Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
3.1.2.4 Agama jeung Kapercayaan
Sakabéh masarakat Kampung Dukuh téh ngagem agama Islam. Hal ieu katitén yén masarakat Kampung Dukuh taat ngajalankeun kana syariat-syariat
agamana, nya éta ngajalankeun sakabéh paréntah Allah SWT sarta ngajauhan sagala larangan-Na. Dina ibadahna nganut maz
hab Syafi’i, sarta ajaran anu diagemna nya éta tasauf, nya éta ajaran kaum sufi anu ngajarkeun hirup basajan
teu ngungudag kasenangan dunya wungkul. Hal ieu katitén dina kahirupan sapopoéna masarakat Kampung Dukuh anu basajan, teu papanas-panas antara
masarakatna, sarta teu ngungudag kaméwahan dunya. Sabab hal éta dianggap minangka perangkap sétan pikeun ngajebak manusa.
Sok sanajan sakabéh masarakat Kampung Dukuh ngagem agama Islam, tapi masarakatna masih percaya kana konsép kapercayaan mangsa bihari, nya éta
masih percaya kana adat karuhun. Adat kabiasaan éta bakal atra pisan kumaha gumulungna antara unsur animisme dinamisme jeung agama Islam. Hal ieu
ditandaan biasana lamun rék ngayakeun upacara-upacara tradisi di Kampung Dukuh masih osok maké sasajén, anu fungsina nya éta pikeun perantara antara
urang jeung karuhun di dinya. Salian ti éta, masarakat kampung Dukuh ogé masih kauger ku kecap “pamali” atawa pantrangan.
Anapon tempat ibadah anu aya di Kampung Dukuh nya éta mangrupa sababaraha masjid, mushola, sarta langgar. Biasana di Kampung Dukuh sok
diayakeun kagiatan kaagamaan anu mangrupa rajaban dina Bulan Rajab, muludan, ibadah jum’atan, tarawéh sarta tadarus dina bulan puasa, sarta osok aya pangajian
rutin mingguan.
3.1.2.5 Basa
Masarakat Kampung Dukuh anu kaasup kana étnis Sunda tangtu waé basa nu digunakeun dina sapopoéna ogé ngagunakeun basa Sunda minangka alat
komunikasina. Dina pamakéan basa Sunda di Kampung Dukuh, masarakatna ogé ngagunakeun undak usuk basa, nya éta ku ayana basa lemes, basa loma, sarta basa
kasar numutkeun status sosialna. Tina segi kabeungharan kecap, basa nu digunakeun masarakat Kampung Dukuh teu jauh béda jeung basa Sunda Dialék
Rusdinny Aprilianty, 2013 Ajén Palsapah Dina Upacara Jaroh Di Kampung Dukuh Désa Ciroyom Kabupatén Garut Pikeun
Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di Sma Kelas Xi Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
Priangan. Kitu ogé tina strukturna teu jauh béda jeung struktur basa Sunda baku atawa lulugu. Jadi, basa Sunda nu digunakeun masarakat Kampung Dukuh teu
jauh béda jeung basa Sunda di masarakat umumna.
3.2 Sumber Data