Kasang Tukang Masalah BUBUKA

Rusdinny Aprilianty, 2013 Ajén Palsapah Dina Upacara Jaroh Di Kampung Dukuh Désa Ciroyom Kabupatén Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di Sma Kelas Xi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB 1 BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Bangsa Indonesia téh mangrupa bangsa anu beunghar ku rupa-rupa sélér bangsa katut budayana. Jembarna budaya anu dipimilik ku masarakat urang perlu meunang pangrojong jeung perhatian anu leuwih daria ku cara dirumat jeung dimumulé ku pamaréntah. Unggal sélér bangsa ngabogaan budaya anu has anu ngabédakeun jati dirina jeung sélér séjénna. Sakumaha nu kaunggel dina paribasa Sunda ciri sabumi cara sadésa . Ciri husus dina kabudayaan bisa katémbong dina kahirupan anu béda-béda, tapi bisa ogé masarakat nganut hiji téma budaya anu husus Koentjaraningrat, 1990:263. Sacara étimologis, kabudayaan numutkeun Koentjaraningrat 1990:12 nya éta asal tina kecap budhayah, basa Sansekerta minangka bentuk jamak tina budi atawa akal, maksudna hal-hal anu patali jeung akal. Sedengkeun kecap budaya mangrupa kecap kantétan tina budi jeung daya anu ngawengku harti tina hasil cipta, karsa, jeung rasa. Perenahna kabudayaan téh nya éta kabiasaan anu dipigawé ku hiji masarakat sarta diwariskeun kalawan turun tumurun ti generasi ka generasi sapandeurieunana. Kabudayaan nya éta sistem gagasan anu dipimilik ku manusa tina hasil diajar sarta ngabogaan unsur-unsur nu méh nyampak di satukangeunana Koentjaraningrat, 1980. Éta unsur-unsur kabudayaan téh nya éta: 1 Sistem religi jeung upacara kaagamaan, 2 sistem sosial jeung sistem kamasrakatan, 3 sistem pangaweruh, 4 basa, 5 kasenian, 7 sistem pakasaban, jeung 7 sistem téhnologi. Kabiasaan-kabiasaan hiji masarakat nu napak dina konsép kapercayaan dina mangsa bihari, kiwari masih kénéh dipilampah sakumaha anu katitén dina rupa-rupa adat kabiasaan atawa tradisi tradisional. Unggal adat kabiasaan éta bakal atra pisan kumaha gumulungna antara unsur animisme dinamisme, Hindu- Budha jeung agama Islam. Aya kalana urang hésé ngabédakeun mana nu kaasup Rusdinny Aprilianty, 2013 Ajén Palsapah Dina Upacara Jaroh Di Kampung Dukuh Désa Ciroyom Kabupatén Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di Sma Kelas Xi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu kana budaya, sarta mana nu kaasup kana agama. Di henteu-henteu ogé adat kabiasaan atawa tradisi tradisional téh mangrupa wujud tina patali antara manusa jeung pribadina, masarakatna, alamna, katut Pangéranana. Hasan Mustappa jeung Atik Soepandi dina Hufad 2005:130 ngadéskripsikeun kumaha adat istiadat urang Sunda nu kaunggel dina rupaning upacara, nya éta: 1 Selamatan yang berkaitan dengan anak, 2 pernikahan, 3 selamatan sekitar usaha pertanian, 4 selamatan sekitar rumah atau tempat tinggal, 5 penolak bala atau malapetaka, 6 selamatan sekitar bulan dan hari-hari penting, 7 sekitar keinginan husus, 8 mencari kekayaan dunia, 9 black magic-tenung-santét-pélét, 10 perhitungan waktu hari, bulan, weton, 11 kesukaan, kesenangan, hobi tertentu, dan 12 selamatan sekitar kematian. Salasahiji unsur budaya nya éta réligi atawa kapercayaan. Ayana upacara adat téh mangrupa perwujudan tina réligi atawa kapercayaan téa. Ari dina enas- enasna mah upacara adat tradisi téh mangrupa wujud interaksi antara manusa jeung pribadina, manusa jeung masarakat sabudeureunana, manusa jeung alamna, sarta manusa jeung Pangéranana. Interaksi éta téh tujuanana pikeun ngahontal kasalametan jeung kabagjaan, nu ngaliwatan kasadaran dirina sorangan, masarakat jeung alam sabudeureunana, jeung kakawasaan nu ngajaga tur ngamumulé kahirupanana Koentjaraningrat, 1990. Mangsa kiwari, boh guru boh siswa, katut sakola sarta daérah-daérah mibanda wewenang pikeun mekarkeun kabudayaan luyu jeung pangabutuhna, nu penting teu papalingpang jeung tujuanana. Poténsi nu aya di daérah kayaning kaéndahan alam, kabeungharan budaya, ajén inajén kahirupan masarakat, sarta poténsi daérah séjénna saperti basa Sunda kudu dimumulé ku urang saréréa. Nonoman nu nyuprih pangarti jeung ngalap élmu pangaweruh téh kudu wanoh kana kaayaan daérahna sorangan. Salian ti éta, dipiharep sangkan sikep jeung paripolahna teu pasalia jeung ajén inajén nu diagem ku masarakatna Tiara, 2012:2. Miang tina rupaning sélér katut budaya di Indonesia sakumaha nu geus ditétélakeun di luhur ngeunaan upacara jeung sistem kapercayaan nu biasa lumangsung, nu nulis nalungtik salah sahiji komunitas sélér Sunda nu aya di Rusdinny Aprilianty, 2013 Ajén Palsapah Dina Upacara Jaroh Di Kampung Dukuh Désa Ciroyom Kabupatén Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di Sma Kelas Xi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Garut, nya éta masarakat Kampung Dukuh patali jeung tradisi jaroh ka makam ditilik tina ajén palsapahna. Ari Kampung Dukuh téh salasahiji kampung nu aya di Desa Ciroyom, Kacamatan Cikelét, Kabupaten Garut. Kampung Dukuh bisa disebut minangka hiji komunitas nu geus tangtu kahémbos ku ngagalurana globalisasi, tapi masarakat katut wargana masih tetep pengkuh atawa tukuh dina mulasara ajén- ajén budayana. Kampung Dukuh anu pola kahirupanana has mun dibandingkeun jeung kampung séjénna, nu dibuktikeun ku masih kénéh nyimpen warisan budaya karuhun, di antarana baé kuatna kapercayaan kana alam sabudeureunana. Tradisi katut upacara-upacarana mangrupa wujud budaya masarakat Kampung Dukuh, sakaligus mangrupa gambaran tina situasi, kondisi, jeung watek masarakat Kampung Dukuh sacara gembleng. Hal ieu katitén numutkeun pamadegan Bapa Wawan salaku Kadis Bidang Kabudayaan Disparbud Kabupatén Garut. Dina hirup kumbuh masarakat Kampung Dukuh leubeut ku hal-hal anu patali jeung kabudayaan, hususna sistem religi aspék kapercayaan masarakatna. Masarakat Kampung Dukuh téh lolobana ngagem agama Islam, tapi agama Islam nu dianutna téh leuwih loba kacampuran sinkretisasi ku animisme jeung dinamisme . Hal ieu katitén yén masarakat Kampung Dukuh unggal poé Saptu osok ngayakeun jaroh ka makam Syeh Abdul Jalil anu dianggap karamat di éta kampung. Numutkeun penjelasan Pa Sutarman, nya éta salaku wakil kuncén di Kampung Dukuh, nétélakeun yén taneuh nu aya di sabudeureun éta makam téh minangka taneuh suci, caina ogé cai suci, nya éta cai jam-jam anu baheulana téh meunang mawa Syeh Abdul Jalil ti Mekah. Dina kahirupan sapopoé masarakat Kampung Dukuh, tukuh ngalaksanakeun katangtuan adat nu aya. Hal ieu katitén dina kahirupan sapopoé saperti dina ngantengkeun tali silaturahmi jeung saturunan kénéh. Maranéhna nganggap yén adat atawa talari karuhun téh mangrupa kabiasaan anu hadé jeung wajib pikeun dimumulé. Numutkeun maranéhna lamun ngalanggar ngarempak éta adat, masarakat Kampung Dukuh bakal meunang musibah atawa balai. Aya sababaraha kaol atawa golongan anu teu bisa ngalaksanakeun jarah di éta makam Syeh Abdul Jalil. Nu kahiji, nya éta awéwé anu keur kareseban. Nu Rusdinny Aprilianty, 2013 Ajén Palsapah Dina Upacara Jaroh Di Kampung Dukuh Désa Ciroyom Kabupatén Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di Sma Kelas Xi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu kadua, nya éta jalma anu luar agama Islam. Nu katilu, nya éta PNS. Sarta nu kaopat, nya éta jalma anu keur papacangan. Jalma anu rék jaroh mah kudu jalma anu bener-bener keur dina kaayaan suci. Kampung Dukuh salasahiji komunitas nu unik pikeun ditalungtik, lantaran kuat nyekel adat luluhur jeung narima Islam salaku agamana. Kaayaan geografis anu mencil, sanajan parobahan ditarima dina watesan-watesan nu tangtu. Naon nu nyampak dina Tradisi Upacara Jaroh tangtu miboga kasang tukang jeung tujuan ngaliwatan ajén palsapahna. Panalungtikan-panalungtikan ngeunaan budaya katut sakabéh hal unak- anikna geus réa ditalungtik ku lembaga-lembaga atawa para mahasiswa nu boga minat kana budaya. Di handap ieu, dipidangkeun judul skripsi hasil panalungtikan ngeunaan ajén inajén sarta simbol: 1 Ajén Palsapah dina Simbol-Simbol Tradisi Hajat Makam di Kampung Kawunganten Babakan Désa Kawunganten Kecamatan Cikaum Kabupatén Subang Ulikan Struktur Semiotik , ku Deasy Hapsari Suciati Harsono taun 2012; 2 Ajén Palsapah Sunda dina Kasenian Karinding pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII , ku Tia Siti Aisyah taun 2007; 3 Ajén Palsapah Upacara Sawér Pangantén pikeun Bahan Pangajaran Basa Sunda di SMP 12 Bandung Kelas VIII Ngagunakeun Métode Demonstrasi , ku Temmy Widyastuti taun 2008; 4 Hajat Sasih di Kampung Dukuh jeung Parobahan Sosial Budaya, ku Listiani Essa taun 2009; Ningali kana hasil panalungtikan nu geus aya, sarta nepi ka kiwari, nu nalungtik ngeunaan Tradisi Upacara Jaroh mah can aya. Upacara Jaroh di dieu nya éta dilaksanakeun unggal poé Saptu, anu numutkeun urang Sunda di Kampung Dukuh mah poé Saptu téh dianggap poé anu penting, sabab dina poé éta téh para karuhun turun ka alam dunya. Ku lantaran kitu ieu panalungtikan téh baris dipuseurkeun kana Tradisi Upacara Jaroh nu aya di Kampung Dukuh, Désa Ciroyom, Kabupatén Garut nu dibéré judul “Ajén Palsapah dina Upacara Jaroh Rusdinny Aprilianty, 2013 Ajén Palsapah Dina Upacara Jaroh Di Kampung Dukuh Désa Ciroyom Kabupatén Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di Sma Kelas Xi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu di Kampung Dukuh Desa Ciroyom Kabupaten Garut pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMA Kelas XI ”.

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah

Dokumen yang terkait

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN WAYANG LANDUNG DI DÉSA PANJALU KECAMATAN PANJALU PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

0 1 7

AJÉN FALSAFAH DINA UPACARA SÉBA CIBURUY DÉSA PAMALAYAN KECAMATAN BAYONGBONG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

0 16 30

Ajén Éstétika dina Upacara Tradisi Cingcowong di Désa Luragung Landeuh pikeun Alternatif Bahan Pangajaran Maca di SMA.

1 21 11

AJÉN MORAL DINA UPACARA ADAT NGEUYEUK SEUREUH DI DÉSA CIBODAS KACAMATAN LEMBANG: KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII.

1 6 47

AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN BADOGAR DI DÉSA MARGALAKSANA KECAMATAN CILAWU KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XI.

1 11 23

AJÉN FALSAFAH UPACARA SIDEKAH TUTULAK DÉSA KARANGTAWANG KECAMATAN KUNINGAN KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA.

2 28 33

AJÉN SENI DINA LAIS DI KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

1 12 29

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN TRADISI PAREBUT SÉÉNG DI DÉSA KUTAJAYA KECAMATAN CICURUG KABUPATÉN SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

1 30 33

AJÉN FALSAFAH DINA UPACARA SÉBA CIBURUY DÉSA PAMALAYAN KECAMATAN BAYONGBONG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII - repository UPI S BD 1102478 Title

0 0 3

AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN BADOGAR DI DÉSA MARGALAKSANA KECAMATAN CILAWU KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XI - repository UPI S BD 1006275 Title

0 0 3