Tujuan Panalungtikan Raraga Tulisan

Rusdinny Aprilianty, 2013 Ajén Palsapah Dina Upacara Jaroh Di Kampung Dukuh Désa Ciroyom Kabupatén Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di Sma Kelas Xi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu di Kampung Dukuh Desa Ciroyom Kabupaten Garut pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMA Kelas XI ”.

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah

1.2.1 Watesan Masalah

Luyu jeung kasang tukang panalungtikan nu geus dipedar saméméhna, ieu panalungtikan téh baris diwatesanan. Sangkan teu lega teuing ambahanana, ieu panalungtikan diwatesanan, nya éta dijanggélékeun dina wangun pertanyaan. Kumaha ajén palsapah dina Tradisi Jaroh di Kampung Dukuh pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA? ”

1.2.2 Rumusan Masalah

Ieu panalungtikan dirumuskeun dina sababaraha patalékan, nya éta: 1 Naon kasang tukang ayana Tradisi Upacara Jaroh? 2 Kumaha prak-prakanana tradisi jaroh di Kampung Dukuh? 3 Ajén palsapah naon nu nyangkaruk dina tradisi jaroh di Kampung Dukuh? 4 Aya unsur-unsur budaya naon waé nu nyangkaruk dina tradisi jaroh di Kampung Dukuh ? 5 Kumaha implikasina tradisi Upacara Jaroh pikeun bahan pangajaran maca di SMA?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Tujuan anu dipiharep tina panalungtikan ieu nya éta hayang ngadéskripsikeun: 1 Kasang tukang ayana tradisi jaroh 2 Prak-prakan jaroh di Kampung Dukuh 3 Ajén palsapah nu nyangkaruk dina tradisi jaroh di Kampung Dukuh 4 Unsur-unsur budaya nu aya dina tradisi jaroh di Kampung Dukuh 5 Implikasina tradisi Upacara Jaroh pikeun bahan pangajaran maca di SMA. Rusdinny Aprilianty, 2013 Ajén Palsapah Dina Upacara Jaroh Di Kampung Dukuh Désa Ciroyom Kabupatén Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di Sma Kelas Xi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.4 Mangpaat Panalungtikan

1.4.1 Mangpaat Teoritis

1 Pikeun nambahan wawasan sarta pangaweruh ngeunaan tradisi jaroh, hususna pikeun dunya atikan. 2 Pikeun dunya pangajaran, bisa dijadikeun salashiji sumber pikeun bahan pangajaran di sakola.

1.4.2 Mangpaat Praktis

1 Pikeun masarakat, sangkan ulah mopohokeun kana kabudayaan nu aya di Jawa Barat, nya éta hususna nu aya di Kabupatén Garut. Urang kudu bisa ngarojong jeung ngamumulé kabudayaan nu aya di Jawa Barat. 2 Pikeun panalungtik, bisa ngamangpaatkeun ieu panalungtikan salaku alat pikeun nambahan élmu pangaweruh ngeunaan kabudayaan, hususna tradisi jaroh di Kampung Dukuh.

1.5 Raraga Tulisan

Sistematika penulisan dina nyusun skripsi, diantarana: 1 BAB I: Bubuka medar ngeunaan kasang tukang masalah, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung sistematika penulisan. 2 BAB II: Tatapakan téori medar ngeunaan filsafat, budaya, sistem nilai, sistem kapercayaan, tradisi, upacara jaroh, jeung asumsi. 3 BAB III: Métode panalungtikan medar ngeunaan désain panalungtikan, métode panalungtikan, téhnik panalungtikan, instrumén panalungtikan, sumber data, jeung wangenan operasional. 4 BAB IV: Ngadéskripsikeun data jeung pedaran hasil panalungtikan pembahasan. 5 BAB V: Kacindekan jeung saran. Rusdinny Aprilianty, 2013 Ajén Palsapah Dina Upacara Jaroh Di Kampung Dukuh Désa Ciroyom Kabupatén Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di Sma Kelas Xi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Gambaran Umum Lokasi Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Geografis Sacara administratif, Kampung Dukuh kaasup ka wilayah RT 01, 02, 03 RW 06, Kapunduhan Barujaya, Désa Ciroyom, Kecamatan Cikelét, Kabupatén Garut, Provinsi Jawa Barat Désa Ciroyom mangrupa pamekaran ti Désa Cijambé sataun ka tukang. Jarak Kampung Dukuh ti Kecamatan Cikelét ±8 km. Ti puseur pamaréntahan Kabupatén Garut ±100 km, sarta ti Kota Bandung ±160 km ka beulah kidul. Kondisi topografina aya dina kaluhuran 390 m di luhureun permukaan laut, suhu rata-ratana 26º C, sarta letak astronomisna aya dina 7º - 8º Lintang Selatan , 7º - 108º Bujur Timur. Hawa di Kampung Dukuh henteu panas sok sanajan deukeut ka basisir kidul. Hal ieu ku sabab pangaruh leuweung geledegan di beulah kalér Kampung Dukuh. Batas administratif Kampung Dukuh nya éta: - Beulah Kalér ngawates jeung Kampung Palasari, Désa Karangsari; - Beulah Kidul ngawates jeung Kampung Cibalagung, Désa Cijambé; - Beulah Wétan ngawates jeung Kampung Nangéla, Désa Karangsari; - Beulah Kulon ngawates Kampung Ciawi, Désa Ciroyom. Legana Kampung Dukuh téh ±1,5 Ha, anu ngawengku dua daérah pamukiman, nya éta Dukuh Luar atawa Dukuh Landeuh, jeung Dukuh Jero atawa Dukuh Tonggoh. Di Dukuh Jero aya tanah karomah, di tanah karomah éta téh aya makom karomah makam Syekh Abdul Jalil. Jadi, sabenerna mah Kampung Dukuh téh ngawengku tilu bagéan, nya éta Dukuh Jero, Dukuh Luar, sarta Makom Karomah, nu ti bagéan hiji ka bagéan séjénna téh nya éta diwatesanan ku pager awi.

Dokumen yang terkait

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN WAYANG LANDUNG DI DÉSA PANJALU KECAMATAN PANJALU PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

0 1 7

AJÉN FALSAFAH DINA UPACARA SÉBA CIBURUY DÉSA PAMALAYAN KECAMATAN BAYONGBONG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

0 16 30

Ajén Éstétika dina Upacara Tradisi Cingcowong di Désa Luragung Landeuh pikeun Alternatif Bahan Pangajaran Maca di SMA.

1 21 11

AJÉN MORAL DINA UPACARA ADAT NGEUYEUK SEUREUH DI DÉSA CIBODAS KACAMATAN LEMBANG: KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII.

1 6 47

AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN BADOGAR DI DÉSA MARGALAKSANA KECAMATAN CILAWU KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XI.

1 11 23

AJÉN FALSAFAH UPACARA SIDEKAH TUTULAK DÉSA KARANGTAWANG KECAMATAN KUNINGAN KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA.

2 28 33

AJÉN SENI DINA LAIS DI KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

1 12 29

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN TRADISI PAREBUT SÉÉNG DI DÉSA KUTAJAYA KECAMATAN CICURUG KABUPATÉN SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

1 30 33

AJÉN FALSAFAH DINA UPACARA SÉBA CIBURUY DÉSA PAMALAYAN KECAMATAN BAYONGBONG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII - repository UPI S BD 1102478 Title

0 0 3

AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN BADOGAR DI DÉSA MARGALAKSANA KECAMATAN CILAWU KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XI - repository UPI S BD 1006275 Title

0 0 3