Sumber Data Métode Panalungtikan

Rusdinny Aprilianty, 2013 Ajén Palsapah Dina Upacara Jaroh Di Kampung Dukuh Désa Ciroyom Kabupatén Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di Sma Kelas Xi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Priangan. Kitu ogé tina strukturna teu jauh béda jeung struktur basa Sunda baku atawa lulugu. Jadi, basa Sunda nu digunakeun masarakat Kampung Dukuh teu jauh béda jeung basa Sunda di masarakat umumna.

3.2 Sumber Data

Numutkeun Arikunto 2010:172, sumber data nya éta: “Subjek dari mana data dapat diperoleh. Apabila peneliti menggunakan kuesioner atau wawancara dalam pengumpulan datanya, maka sumber data disebut responden, yaitu orang yang merespon atau menjawab pertanyaan-pertanyaan peneliti, baik pertanyaan tertulis maupun lisan”. Sumber data nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta ngagunakeun sababaraha buku Sumber, di antarana waé Seputar Garut jeung Potensi Wisata di Daérah Pameungpeuk Kabupaten Garut . Salian tina buku sumber ogé data sumber meunang ti sababaraha informan, di antarana: 1 Rukmana Hakim, Désa Ciroyom Kecamatan Cikelét – Garut kuncén Kampung Dukuh. 2 Sutarman, Désa Ciroyom Kecamatan Cikelét – Garut wakil kuncén Kampung Dukuh. 3 Haji Farid, Désa Ciroyom Kecamatan Cikelét – Garut tokoh masarakat sesepuh Kampung Dukuh. 4 Data ti Dinas Pariwisata Kebudayaan Kabupatén Garut, pikeun référénsi buku nu ngarojong kana bahan panalungtikan.

3.3 Métode Panalungtikan

Panalungtikan ieu kaasup kana panalungtikan kualitatif. Ku kituna teu ngagunakeun populasi, ku sabab minangka kasus tina situasi sosial anu tangtu, jeung hasil panalungtikan moal dilarapkeun kana populasi, tapi ditransfer ka tempat séjén anu miboga kaayaan sosial jeung kasus anu ampir sarua Sugiyono, 2009:298. Métode panaluntikan nya éta cara ilmiah pikeun ngumpulkeun data anu valid kalawan tujuan bisa kapanggih, dimekarkeun, sarta dibuktikeun Sugiyono, 2009:6. Dina wangenan nu séjén, métode panalungtikan nya éta mangrupa cara Rusdinny Aprilianty, 2013 Ajén Palsapah Dina Upacara Jaroh Di Kampung Dukuh Désa Ciroyom Kabupatén Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di Sma Kelas Xi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu utama nu digunakeun panalungtik pikeun ngahontal tujuan sarta nangtukeun jawaban tina masalah anu diajukeun Nasir, 1988:51. Dumasar kana tujuan nu hayang dihontal, métode anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Hal ieu saluyu jeung pamadegan Suyatna 2002:14, nétélakeun yén métode panalungtikan déskriptif nya éta panalungtikan nu mangrupa akumulasi data dasar dina cara déskripsi wungkul, henteu nguji hipotésis, teu nyieun ramalan, atawa teu meunangkeun ma’na implikasi. Métode déskriptif dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun ngadéskripsikeun ajén palsapah anu nyangkaruk dina Upacara Jaroh di Kampung Dukuh Désa Ciroyom Kabupatén Garut.

3.4 Téhnik Panalungtikan

Dokumen yang terkait

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN WAYANG LANDUNG DI DÉSA PANJALU KECAMATAN PANJALU PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

0 1 7

AJÉN FALSAFAH DINA UPACARA SÉBA CIBURUY DÉSA PAMALAYAN KECAMATAN BAYONGBONG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

0 16 30

Ajén Éstétika dina Upacara Tradisi Cingcowong di Désa Luragung Landeuh pikeun Alternatif Bahan Pangajaran Maca di SMA.

1 21 11

AJÉN MORAL DINA UPACARA ADAT NGEUYEUK SEUREUH DI DÉSA CIBODAS KACAMATAN LEMBANG: KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII.

1 6 47

AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN BADOGAR DI DÉSA MARGALAKSANA KECAMATAN CILAWU KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XI.

1 11 23

AJÉN FALSAFAH UPACARA SIDEKAH TUTULAK DÉSA KARANGTAWANG KECAMATAN KUNINGAN KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA.

2 28 33

AJÉN SENI DINA LAIS DI KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

1 12 29

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN TRADISI PAREBUT SÉÉNG DI DÉSA KUTAJAYA KECAMATAN CICURUG KABUPATÉN SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

1 30 33

AJÉN FALSAFAH DINA UPACARA SÉBA CIBURUY DÉSA PAMALAYAN KECAMATAN BAYONGBONG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII - repository UPI S BD 1102478 Title

0 0 3

AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN BADOGAR DI DÉSA MARGALAKSANA KECAMATAN CILAWU KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XI - repository UPI S BD 1006275 Title

0 0 3