Désain Panalungtikan Wangenan Operasional

Rusdinny Aprilianty, 2013 Ajén Palsapah Dina Upacara Jaroh Di Kampung Dukuh Désa Ciroyom Kabupatén Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di Sma Kelas Xi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.4.2 Téhnik Ngolah Data

Data nu geus kakumpulkeun tina hasil panalungtikan tuluy dianalisis maké téhnik déskripsi, nya éta ngadéskripsikeun ngeunaan ajén palsapah dina Upacara Jaroh. Dina ieu panalungtikan, aya léngkah-léngkah ngolah data anu dikumpulkeun, di antarana: 1 Obsérvasi ka lapangan ngeunaan tradisi Upacara Jaroh di Kampung Dukuh jeung nu aya patalina jeung sajarah ayana upacara éta. 2 Nganalisis ajén palsapah anu aya dina tradisi Upacara Jaroh di Kampung Dukuh. 3 Ngadokuméntasikeun sakabéh hasil ngeunaan tradisi Upacara Jaroh. 4 Ngajéntrékeun luyu henteuna ajén palsapah dina tradisi Upacara Jaroh di Kampung Dukuh lamun dipatalikeun jeung bahan pangajaran maca bahasan pikeun SMA kelas XI. 5 Ngadéskripsikeun sarta nyindekkeun data hasil analisis ngeunaan ajén palsapah jeung sakabéh hal anu aya patalina jeung tradisi Upacara Jaroh.

3.5 Désain Panalungtikan

Désain panalungtikan dina panalungikan ieu dimimitian ku ngaidéntifikasi masalah, ngarumuskeun tur ngawatesan masalah, obsérvasi ka lapangan, nyieun instrumén panalungtikan, ngumpulkeun data, ngolah data, sarta nu pamungkas ngadéskripsikeun data. Désain panalungtikan ieu baris digambarkeun di handap: Rusdinny Aprilianty, 2013 Ajén Palsapah Dina Upacara Jaroh Di Kampung Dukuh Désa Ciroyom Kabupatén Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di Sma Kelas Xi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Idéntifikasi masalah Ngarumuskeun tur ngawatesan masalah Obsérvasi ka lapangan Ngumpulkeun data Ngolah data Ngadéskripsikeun data 3.6 Instrumén Panalungtikan 3.6.1 Kaméra Poto Kaméra poto digunakeun pikeun ngahasilkeun gambar visual dina prak- prakanana Upaca Jaroh di Kampung Adat Dukuh.

3.6.2 Alat Perekam Gambar Video Shot

Video shot digunakeun pikeun ngarékam prosés ngumpulkeun data-data ngeunaan kajadian Upacara jaroh, ti mimiti prak upacara nepi ka anggeus upacara. Rusdinny Aprilianty, 2013 Ajén Palsapah Dina Upacara Jaroh Di Kampung Dukuh Désa Ciroyom Kabupatén Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di Sma Kelas Xi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.6.3 Hapé Rékorder Voice Recorder

Hapé rékorder digunakeun pikeun ngarékam prosés ngumpulkeun data dina téhnik wawancara ka kuncén, tokoh masarakat, sarta informan nu séjénna ngeunaan tradisi Upacara Jaroh.

3.6.4 Pedoman Wawancara

Pedoman wawancara digunakeun pikeun ngawawancara narasumber di Kampung Adat Dukuh ngeunaan tradisi Upacara Jaroh. Pedoman wawancara di antarana mangrupa sababaraha patalékan. Dina ieu panalungtikan ngagunakeun sistem wawancara terstruktur. Tabél 3.4 Daptar Patalékan No Daptar Patalékan 1. Kumaha sajarah ngadegna Kampung Dukuh? 2. Kumaha sajarahna tradisi Upacara Jaroh di Kampung Dukuh? 3. Naon waé saratna anu kudu aya dina Upacara Jaroh téh? 4. Naon waé pakakas kalengkepan dina Upacara Jaroh? 5. Naon tujuan Upacara Jaroh ieu? 6. Iraha lumangsungna Upacara Jaroh? Sarta dimana tempatna? 7. Naha dilaksanakeunana Upacara Jaroh téh di makam Syekh Abdul Jalil? Saha ari Syekh Abdul Jalil téh? 8. Saha nu mingpin Upacara Jaroh téh? 9. Saha waé anu sok ngilu dina Upacara Jaroh ieu? 10. Naha aya pihak atawa jalma anu teu meunang ngalaksanakeun Upacara Jaroh ieu? 11. Kumaha ari prak-prakanana Upacara Jaroh téh? 12. Ari dina Upacara Jaroh téh aya simbol-simbol husus atawa henteu? 13. Dina simbol-simbol éta aya ajén palsapah naon waé nu nyangkaruk dina Upacara Jaroh téh? 14. Kumaha balukarna lamun teu ngilu Upacara Jaroh? 15. Naon implikasina tina ngilu Upacara Jaroh? Rusdinny Aprilianty, 2013 Ajén Palsapah Dina Upacara Jaroh Di Kampung Dukuh Désa Ciroyom Kabupatén Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di Sma Kelas Xi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.7 Wangenan Operasional

Sangkan leuwih jéntré jeung teu lésot tina udagan, perlu wangenan istilah- istilah nu aya patalina jeung ieu panalungtikan, sakumaha ditétélakeun di handap. Panalungtikan ieu dibéré judul “Ajén Palsapah dina Upacara Jaroh di Kampung Dukuh Desa Ciroyom Kabupaten Garut piekun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMA Kelas XI ”. 1. Ajén palsapah Dina Kamus Umum Basa Sunda 1995: 7, ajén nya éta pangaji jeung harga. Ajén anu dipaluruh dina ieu panalungtikan nya éta ajén anu aya hubunganana jeung Upacara Jaroh. Numutkeun Langeveld “filsafat adalah suatu perbincangan mengenai segala hal, sarwa sekalian alam secara sistematis sampai ke akar-akarnya dengan tujuan menemukan hakikatnya.” Palsapah dina ieu panalungtikan nya éta harti tina simbol- simbol anu aya dina Upacara Jaroh di Kampung Dukuh. 2. Tradisi jaroh Tradisi numutkeun Kamus Basa Sunda beunang R.A. Danadibrata nya éta kabiasaan atawa adat istiadat. Sedengkeun jarah jaroh nya éta ngadatangan kuburan atawa tempat suci. Jarah téh osok ogé disebut nyekar. Jadi tradisi jaroh téh nya éta adat kabiasaan ngadatangan kuburan atawa tempat suci pikeun ngado’akeun jalma nu geus teu aya éta sabari nyungkeun berkah ti Manten-Na. 3. Bahan pangajaran maca Bahan pangajaran nya éta sakabéh bahan pangajaran anu rék ditepikeun dina kagiatan pangajaran. Maca nya éta kecap pagawéan ngalisankeun aksara atawa angka. Jadi bahan pangajaran dina ieu panalungtikan baris medar perkara ajén palsapah anu nyangkaruk dina Upacara Jaroh di Kampung Dukuh dina kaparigelan maca. Rusdinny Aprilianty, 2013 Ajén Palsapah Dina Upacara Jaroh Di Kampung Dukuh Désa Ciroyom Kabupatén Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di Sma Kelas Xi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan jeung pedaranana, bisa dicindekkeun sababaraha kacindekan, nya éta: 1 Upacara Jaroh mangrupa salasahiji upacara tradisi anu dilakukeun ku masarakat Kampung Dukuh, Désa Ciroyom, Kecamatan Cikelét, Kabupatén Garut unggal poé Saptu. Upacara ieu dilaksanakeun minangka rasa hormat ka Syekh Abdul Jalil anu parantos nyebarkeun tur ngajarkeun agama Islam di éta tempat. Mimitina mah Upacara Jaroh téh ngan saukur dilaksanakeun ku urang Kampung Dukuh na wungkul, tapi ka béh dieunakeun loba ogé nu ngajugjug ti tempat-témpat séjénna, malah aya nu ti luar Pulo Jawa sagala. 2 Prak-prakan tradisi Upacara Jaroh ieu dimimitian ku ngumpulna peserta jaroh di hareupeun imah kuncén, nya éta dina poé Saptu isuk-isuk kira-kira jam 8. Sanggeus peserta jaroh kumpul diteruskun kana kagiatan mandi cébor, nya éta mandi wajib pikeun anu rék jaroh anu tujuanana sangkan ngilangkeun rereged tina diri urang. Tuluy peserta jaroh au geus ngalaksanakeun mandi cébor asup ka aréa makam karomah. Di dieu kuncén mingpin do’a sarta solawat. Do’a ieu mangrupa bentuk rasa sukur ka Allah SWT, ari solawat mangrupa lawang pikeun diijabahna éta do’a urang. Tuluy peserta jaroh ngabring ka makam karomah, nya éta ka makam Syekh Abdul Jalil téa. Di makam karomah éta peserta jaroh séwang-séwangan ngadungakeun tur ngedalkeun pamaksadanana. Kagiatan pamungkas nya éta dihaturanan tuang di imah kuncén. Dihaturanan tuang ieu nya éta peserta jaroh dahar bareng ngariung di imah kuncén pikeun média silaturahmi antar warga anu geus ngalaksanakeun jaroh. 3 Dina Upacara Jaroh ieu aya sababaraha ajén palsapah anu nyangkaruk. Ajén palsapah nu nyangkaruk di jerona miboga mangpaat pikeun

Dokumen yang terkait

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN WAYANG LANDUNG DI DÉSA PANJALU KECAMATAN PANJALU PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

0 1 7

AJÉN FALSAFAH DINA UPACARA SÉBA CIBURUY DÉSA PAMALAYAN KECAMATAN BAYONGBONG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

0 16 30

Ajén Éstétika dina Upacara Tradisi Cingcowong di Désa Luragung Landeuh pikeun Alternatif Bahan Pangajaran Maca di SMA.

1 21 11

AJÉN MORAL DINA UPACARA ADAT NGEUYEUK SEUREUH DI DÉSA CIBODAS KACAMATAN LEMBANG: KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII.

1 6 47

AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN BADOGAR DI DÉSA MARGALAKSANA KECAMATAN CILAWU KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XI.

1 11 23

AJÉN FALSAFAH UPACARA SIDEKAH TUTULAK DÉSA KARANGTAWANG KECAMATAN KUNINGAN KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA.

2 28 33

AJÉN SENI DINA LAIS DI KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

1 12 29

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN TRADISI PAREBUT SÉÉNG DI DÉSA KUTAJAYA KECAMATAN CICURUG KABUPATÉN SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

1 30 33

AJÉN FALSAFAH DINA UPACARA SÉBA CIBURUY DÉSA PAMALAYAN KECAMATAN BAYONGBONG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII - repository UPI S BD 1102478 Title

0 0 3

AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN BADOGAR DI DÉSA MARGALAKSANA KECAMATAN CILAWU KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XI - repository UPI S BD 1006275 Title

0 0 3