Didah F. Muslimah , 2014
Aspék Sosial dina Babasan jeung Paribasa Sunda Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1 Kacindekan
Dumasar déskripsi jeung analisis aspék sosial dina babasan jeung paribasa Sunda pikeun ngagambarkeun kahirupan sosial urang Sunda tur ciri has masarakat
Sunda, bisa dicindekkeun jadi sababaraha hal anu dipedar di handap ieu. Kahiji
babasan jeung paribasa anu ngandung aspék sosial kapanggih aya 985 data nu diwangun ku 851 babasan jeung 134 paribasa. Aspék sosial anu
kakandung dina babasan jeung paribasa nya éta kelompok sosial, étika sosial, idéntitas sosial, stratifikasi sosial jeung interaksi sosial.
Kadua, kelompok sosial di masarakat Sunda dipasing jadi kelompok sosial
dumasar umur, wanda jinis, jeung pancakaki. Masarakat Sunda miboga panitén husus ka kelompok umur kolot. Idéalna geus kolot mah kuduna geus asak pisan
pikiran jeung pangalamanana, loba kanyaho, leuwih bijaksana jeung déwasa tur kahirupanana kudu beuki senang. Ku kituna masarakat Sunda kudu bibilintik ti
leuleutik babanda ti bubudak, geus gedé ngan kari maké. Kelompok sosial dumasar wanda jinis dibagi jadi awéwé jeung lalaki.
Awéwé kuduna satia-satuhu, bisa ngajaga kahormatan dirina, tegep tur perlénté, paripolah, omonganana pikaresepeun, jeung kudu nurut tur kumawula ka salaki.
Kelompok sosial dumasar pancakaki ngagambarkeun hubungan kolot ka budak. Kanyaah kolot saperti gunung tanpa tutugan sagara tanpa tepi. Hartina
tan wates wangenna kanyaah kolot ka anak, ngorbankeun kaperluanana pikeun ngahirupan barudakna. Ku kituna budak ka kolot geus sakuduna hormat tilawat,
hartina ngahormat sarta kacida merhatikeun ka kolot. Dina hubungan kulawarga atawa dulur, masarakat Sunda mah miboga prinsip bengkung ngariung, bongkok
ngaronyok. Hartina kajeun hirup ripuh asal tetep henteu pajauh jeung anak incu.
Masarakat Sunda tara poho atawa miceun ka dulur, sakumaha goréngna ogé jeung dulur sorangan, upama dulur ka musibahan mah angger baé kudu ditulungan.
Katilu, étika sosial anu kagambar dina babasan jeung paribasa Sunda nya éta
étika dina nyarita, ngaregepkeun, dahar, nyémah, étika dina laku lampah, étika ka
150
Didah F. Muslimah , 2014
Aspék Sosial dina Babasan jeung Paribasa Sunda Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
kolot jeung étika nalika ka lembur batur. Nalika nyarita jeung batur, basa jeung rengkah-rengkuh kudu dijaga sangkan henteu nganyerikeun haté batur, kudu
soméah, daréhdéh jeung nunjukeun pasemon anu hadé. Di masarakat Sunda katelah aya babasan malapah gedang nya éta nalika rék nepikeun hiji
pamaksudan, henteu togmol tapi malibir heula, aya basa-basi heula. Nalika ngaregepkeun nya éta kudu merhatikeun, tong api-api ngadéngékeun
padahal naon anu diomongkeun ku batur henteu didéngé, utamana papatah. Dina laku lampah kudu sopan, soméah, daréhdéh, ngarumasakeun manéh, tetep ngajaga
perasaan batur jeung bisa mihapékeun diri, tong nepi ka milampah anu dianggap
teu hadé di antarana teu bisa diwarah, ngalunjak, loba jamedud atawa goréng budi, teu ngahargaan batur, munapék, teu nalipak manéh, teu nyaho diuntung, tara
bébéja atawa amit heula, tur ngantep. Upama aya jalma anu ngalakukeun laku lampah anu goréng sakali, diantepkeun heula, kadua kali dihampura, katilu kalian
mah kudu ditindak saperti dina babasan nista, maja, utama. Upamana datang ka lembur batur, boh lila boh sakeudeung, aya mangsana kudu ngeukeuhan adat-
kabiasaan asal, aya mangsana kudu nyaluyukeun jeung adat-kabiasaan tempat nu dicicingan.
Kaopat, Idéntitas sosial anu kagambar dina babasan jeung paribasa Sunda
nya éta dipangaruhan ku ajaran Islam, kapangaruhan ku ajaran Hindu, percaya kana tahayul, jampé jeung jimat, diajar isim, upacara kawinan, salametan jeung
sidekahan, ngingu kuda, maké iket atawa totopong, kasenian, cara nyangu jeung kabiasaan séjénna.
Kalima, Stratifikasi sosial nu kagambar dina babasan jeung paribasa Sunda
nya éta segi ékonomi, kakawasaan, kapamingpinan, atikan, umur jeung
pakasaban. Aya béda atawa aya lapisan antara anu
beunghar jeung miskin, nu boga kawasa atawa pangkat jeung jalma biasa,
inohong jeung jalma biasa, nu nyakola atawa nu ngélmu jeung nu teu sakola
atawa jalma bodo. Pakasaban masarakatna di antarana
anu sok babantu atawa babu, pagawé nagara, pakasaban dina widang seni saperti nu sok nembang, ngawih tur ronggéng, nu sok digawé
beurat atawa kuli, miara lauk, dagang, ngamankeun nagara, balayar, tatanén, gawé di kebon, paraji, panday, rentenir, dukun, dokter, pamaén bal jeung sajabana, abid,