Didah F. Muslimah , 2014
Aspék Sosial dina Babasan jeung Paribasa Sunda Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1 Kacindekan
Dumasar  déskripsi  jeung  analisis  aspék  sosial  dina  babasan  jeung  paribasa Sunda pikeun ngagambarkeun kahirupan sosial urang Sunda tur ciri has masarakat
Sunda, bisa dicindekkeun jadi sababaraha hal anu dipedar di handap ieu. Kahiji
babasan jeung paribasa anu ngandung aspék sosial kapanggih aya 985 data  nu  diwangun  ku  851  babasan  jeung  134  paribasa.  Aspék  sosial  anu
kakandung  dina  babasan  jeung  paribasa  nya  éta  kelompok  sosial,  étika  sosial, idéntitas sosial, stratifikasi sosial jeung interaksi sosial.
Kadua, kelompok sosial di masarakat Sunda dipasing jadi kelompok sosial
dumasar  umur,  wanda  jinis,  jeung  pancakaki.  Masarakat  Sunda  miboga  panitén husus ka kelompok umur kolot.  Idéalna geus kolot mah kuduna geus asak pisan
pikiran  jeung  pangalamanana,  loba  kanyaho,  leuwih  bijaksana  jeung  déwasa  tur kahirupanana  kudu  beuki  senang.  Ku  kituna  masarakat  Sunda  kudu  bibilintik  ti
leuleutik babanda ti bubudak, geus gedé ngan kari maké. Kelompok  sosial  dumasar  wanda  jinis  dibagi  jadi  awéwé  jeung  lalaki.
Awéwé  kuduna  satia-satuhu, bisa ngajaga kahormatan dirina, tegep tur  perlénté, paripolah, omonganana pikaresepeun, jeung kudu nurut tur kumawula ka salaki.
Kelompok  sosial  dumasar  pancakaki  ngagambarkeun  hubungan  kolot  ka budak.  Kanyaah  kolot  saperti  gunung  tanpa  tutugan  sagara  tanpa  tepi.  Hartina
tan  wates  wangenna  kanyaah  kolot  ka  anak,  ngorbankeun  kaperluanana  pikeun ngahirupan barudakna. Ku kituna budak ka kolot geus sakuduna  hormat tilawat,
hartina ngahormat  sarta  kacida merhatikeun ka kolot. Dina hubungan kulawarga atawa dulur, masarakat  Sunda mah miboga prinsip bengkung ngariung, bongkok
ngaronyok. Hartina kajeun hirup ripuh asal tetep henteu pajauh jeung anak incu.
Masarakat Sunda tara poho atawa miceun ka dulur, sakumaha goréngna ogé jeung dulur sorangan, upama dulur ka musibahan mah angger baé kudu ditulungan.
Katilu, étika sosial anu kagambar dina babasan jeung paribasa Sunda nya éta
étika dina nyarita, ngaregepkeun, dahar, nyémah, étika dina laku lampah, étika ka
150