c. pikeun siswa, bisa ngajembaran pangaweruh ngeunaan élmu kabahasaan jeung
sastra Sunda, ogé pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina kaparigelan maké basa, hususna dina aspék nyarita;
d. pikeun nu maca, bisa ngeuyeuban pangaweruh kabasaanna leuwih jembar
deui, utamana dina masalah kabasaan jeung pangajaran.
1.6 Anggapan Dasar
Ieu panalungtikan dumasar kana anggapan dasar ieu di handap. a.
Kedaling ambek mangrupa salasahiji ébréhan tina rasa, pikiran, jeung kahayang anu kedal dina wangun kalimah, anu bisa dianalisis tina pilihan
kecap, wujudiah, papasingan, jeung adegan kalimah kedaling ambek basa Sunda;
b. Kedaling ambek bisa kapanggih dina rupa-rupa wacana, boh lisan boh tulisan;
c. Dina kumpulan naskah drama Sunda Jeblog, aya kalimah kedaling ambek anu
bisa dijadikeun bahan ajar di SMA.
1.7 Raraga Téori
Téori anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta téori-téori ngeunaan kalimah sintaksis jeung bahan pangajaran. Buku-buku anu dipaké di antarana
waé buku Tata Basa Sunda Kiwari Sudaryat, Spk, 2007, Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaraaan Bahasa dan Sastra Sunda
Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, 2006, Linguistik Umum Chaér, 2003, jeung
Prosedur Penelitian: Satuan Pendekatan Praktik Arikunto, 2006.
1.8 Métode Panalungtikan
Métode panalungtikan anu digunakeun nyaéta metode déskriptif. Métode déskriptif mangrupa métode pikeun ngungkulan pasualan aktual ku cara
ngumpulkeun, nganalisis jeung napsirkeun data.
1.9 Téhnik Panalungtikan
Téhnik studi dokuméntasi ulikan pustaka jeung obsérvasi mangrupa téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data anu dibutuhkeun dina ieu
panalungtikan. Téhnik studi dokumentasi nyaéta téhnik anu digunakeun pikeun meunangkeun data atawa informasi anu aya patalina jeung masalah anu
ditalungtik. Ieu téhnik, dirojong ku téhnik observasi pikeun ngumpulkeun data langsung tina objék anu ditalungtik.
1.10 Sumber Data
Anu jadi populasi dina ieu panalungtikan nyaéta kalimah kedaling ambek basa Sunda, anu sumberna tina wacana tulisan nyaéta tina kumpulan naskah
drama Sunda Jeblog. Ku sabab ieu panalungtikan ngagunakeun sempel total, mangka anu jadi sampel sarua jeung populasi nyaéta sakabéh kalimah kedaling
ambek anu aya dina kumpulan naskah drama Sunda Jeblog.
BAB II ADEGAN KALIMAH KEDALING AMBEK
PIKEUN BAHAN PANGAJARAN GUNEMAN
Ieu bab medar perkara 1 adegan kalimah, 2 émosi, 3 kedaling ambek, jeung 4 bahan pangajaran guneman kalimah kedaling ambek. Adegan
kalimah 2.1 ngawengku 1 wangenan kalimah, 2 unsur-unsur kalimah, 3 papasingan kalimah, jeung 4 kalimah sampurna jeung teu sampurna. Émosi 2.2
ngawengku 1 wangenan émosi, 2 wanda émosi, 3 ambek. Kedaling ambek 2.3 ngawengku 1 wangenan kedaling ambek jeung 2 pilihan kecap kedaling
ambek. Bahan pangajaran guneman kalimah kedaling ambek 2.4 ngawengku 1 pangajaran basa Sunda, 2 bahan ajar basa Sunda, 3 silabus, 4 évaluasi, jeung
5 rarancang pangajaran.
2.1 Kalimah 2.1.1 Wangenan Kalimah