Adegan Kalimah Kedaling Ambek Sampurna Susunan Balik

No Kode Kalimah kedaling ambek 1 137 Jadi manéh téh méré sakujur awak manéh ka salaki aing R9732 2 313 Tapi aing teu narima dipitnah salingkuh jeung Si Kadés R12423 17 Pola Jejer-Caritaan-Katerangan jeung Jejer-Caritaan-Udagan Ieu kalimah diwangun dua klausa. Klausa ka hiji diwangun ku jejer, caritaan, jeung katerangan. Klausa ka dua diwangun ku jejer, caritaan, jeung udagan Adeganna bisa digambarkeun saperti kieu. Dumasar kana hasil analisis data kapanggih 1 kalimah kedaling ambek sampurna susunan baku 0,27. Sangkan leuwih jéntré, ilikan kalimah ieu di handap. No Kode Kalimah kedaling ambek 1 169 Kuring teu paduli rék disebut gering rék disebut naon waé gé, na saha nu bisa ngahalangan kanyaah kuring ka nu jadi indung? A477

4.5.1.2 Adegan Kalimah Kedaling Ambek Sampurna Susunan Balik

Kalimah sampurna susun balik invénsi nyaéta kalimah sampurna anu jejerna tukangeun caritaan C-J. Dumasar kana anaalisis data anu kaasup kana Kal SSB → → → → J + C + K – J + C + U kalimah sampurna susunan baku boga sababaraha pola. Pola-pola anu kapanggih éta ditétélakeun ieu di handap. 1 Pola Caritaan-Jejer Ieu kalimah diwangun ku caritaan jeung jejer. Adeganna bisa digambarkeun saperti kieu. Pola di luhur bisa dibaca yén kalimah kedaling ambek sampurna susunan balik diwangun ku kalimah dasar anu adeganana caritaan jeung jejer. Dumasar kana hasil analisis data kapanggih 7 kalimah kedaling ambek sampurna susunan balik 1,92. Sangkan leuwih jéntré ditétélakeun sababaraha kalimah ieu di handap. No Kode Kalimah kedaling ambek 1 079 Dituturkeun ku aing mah B539 2 166 Kumaha ieu téh? D16328 3 301 Siksa wé, Pa Kadés R11119 Data séjénna ébréh dina nomer data: 318, 329, 330, jeung 331 2 Pola Caritaan-Jejer-Udagan Ieu kalimah diwangun ku caritaan, jejer jeung udagan. Adeganna bisa digambarkeun saperti kieu. Kal SSI → → → → C+J Pola di luhur bisa dibaca yén kalimah kedaling ambek sampurna susunan balik diwangun ku kalimah dasar anu adeganana caritaan, jejer, jeung udagan. Dumasar kana hasil analisis data kapanggih 1 kalimah kedaling ambek sampurna susunan balik 0,27. Sangkan leuwih jéntré ditétélakeun sababaraha kalimah ieu di handap. No Kode Kalimah kedaling ambek 1 111 Hayang dicabok ku aing, sia téh? A2930 3 Pola Caritaan-Jejer-Katerangan Pola ieu kalimah diwangun ku caritaan, jejer, jeung katerangan. Adeganna bisa digambarkeun saperti kieu. Pola di luhur bisa dibaca yén kalimah kedaling ambek sampurna susunan balik diwangun ku kalimah dasar anu adeganana caritaan, jejer, jeung katerangan. Dumasar kana hasil analisis data kapanggih 5 kalimah kedaling ambek sampurna susunan balik 1,37. Sangkan leuwih jéntré, ilikan kalimah ieu di handap. Kal SSI → → → → C + J + U Kal SSI → → → → C + J + K No Kode Kalimah kedaling ambek 1 333 Teu sudi teuing aing kudu boga maru R978 2 240 Naon hartina urang kumawula ka raja anu geus teu boga harga diri, komo bari diémbohan ku bodo D15324 Data séjénna ébréh dina nomer data: 046, 269, jeung 214.

4.5.2 Adegan Kalimah Kedaling Ambek teu Sampurna