Adegan Kalimah Kedaling Ambek teu Sampurna

No Kode Kalimah kedaling ambek 1 333 Teu sudi teuing aing kudu boga maru R978 2 240 Naon hartina urang kumawula ka raja anu geus teu boga harga diri, komo bari diémbohan ku bodo D15324 Data séjénna ébréh dina nomer data: 046, 269, jeung 214.

4.5.2 Adegan Kalimah Kedaling Ambek teu Sampurna

Adegan kalimah teu sampurna nyaéta kalimah anu diwangun ku kecap, frasa, atawa klausa kauger. Adegan kalimah teu sampurna boga sababaraha pola, ieu di handap urang tétélakeun. 1 Pola Caritaan Ieu kalimah diwangun ku caritaan hungkul. Adeganna bisa digambarkeun saperti kieu. Kalimah di luhur bisa dibaca yén kalimah teu sampurna ngan diwangun ku kalimah dasar caritaan hungkul. Dumasar kana hasil analisis data, kapanggih 105 28,77 kalimah kedaling ambek teu sampurna pola kalimah caritaan. Sangkan leuwih jéntré bisa dititénan sababaraha kalimah kedaling ambek teu sampurna pola caritaan. Kal TS → → → → C No Kode Kalimah kedaling ambek 1 022 Alus, alus…. R9718 2 055 Cicing R11121 3 082 Duruk…. R13818 4 099 Gandéng. A268 5 134 Indit R12426 Data séjénna ébréh dina nomer data: 003, 022, 036, 037, 038, 039, 040, 064, 065, 066, 067, 068, 069, 070, 071, 072, 073, 080, 083, 084, 094, 101, 110, 112, 113, 114, 115, 116, 117, 118, 119, 122, 128, 129, 135, 136, 141, 145, 148, 158, 162, 172, 173, 178, 179, 185, 186, 187, 188, 197, 199, 202, 205, 211, 212, 227, 228, 229, 230, 231, 232, 233, 234, 244, 249, 250, 251, 252, 254, 258, 259, 270, 284, 263, 264, 265, 266, 274, 287, 288, 294, 295, 298, 300, 309, 316, 320, 322, 324, 327, 334, 335, 336, 337, 339, 343, 345, jeung 353 2 Pola Caritaan-Katerangan Ieu kalimah diwangun ku caritaan jeung katerangan. Adeganna bisa digambarkeun saperti kieu. Pola di luhur bisa dibaca yén kalimah kedaling ambek teu sampurna diwangun ku kalimah dasar anu adeganana caritaan jeung katerangan. Kal TS → → → → C+K Dumasar kana hasil analisis data kapanggih 68 kalimah kedaling ambek teu sampurna 18,63. Sangkan leuwih jéntré ditétélakeun sababaraha kalimah ieu di handap. No Kode Kalimah kedaling ambek 1 004 Aéh-aéh, naha ari bareng ngabaso ka asup nyéléwér kitu? 2 032 Ari teu boga pikir rangkepan téh, bodo téa, lin? D1537 Data séjénna ébréh dina nomer data: 026, 028, 033, 035, 042, 045, 048, 049, 050, 051, 053, 057, 077, 089, 103, 104, 106, 120, 121, 125, 133, 142, 146, 147, 149, 157, 163, 171, 175, 180, 200, 204, 206, 207, 208, 209, 210, 215, 216, 217, 219, 224, 305, 307, 321, 323, 325, 328, 338, 342, 350, 360, 225, 226, 238, 245, 253, 257, 262, 267, 271, 276, 277, 283, 289, 292, jeung 296 3 Pola Caritaan-Udagan Pola ieu kalimah diwangun ku caritaan jeung udagan. Adeganna bisa digambarkeun saperti kieu. Kalimah di luhur bisa dibaca yén kalimah teu sampurna anu diwangun ku caritaan jeung udagan. Kal TS → → → → C + U Dumasar kana hasil analisis data, kapanggih 45kalimah kedaling ambek teu sampurna 12,33. Sangkan leuwih jéntré bisa dititénan sababaraha kalimah kedaling ambek teu sampurna ieu di handap. No Kode Kalimah kedaling ambek 1 043 Béjakeun ka sakabéh nu aya di luar A3336 2 056 Cik atuh mikir sia téh, Isah B7111 Data séjénna ébréh dina nomer data: 043, 051, 056, 096, 097, 098, 063, 132, 140, 151, 153, 159, 161, 176, 173, 176, 184, 203, 237, 241, 242, 246, 247, 248, 255, 260, 281, 304, 306, 308, 315, 326, 332, 346, 348,351, 326, 332, 346, 348, 351, 354, jeung 364. 4 Pola Caritaan-Udagan-Katerangan Pola ieu kalimah diwangun ku carita, udagan, jeung katerangan. Adeganna bisa digambarkeun saperti kieu. Dumasar kana hasil analisis data, kapanggih 5 kalimah kedaling ambek teu sampurna 1,10. Sangkan leuwih jéntré bisa diilikan kalimah kedaling ambek teu sampurna ieu di handap. Kal TS → → → → C+U+K No Kode Kalimah kedaling ambek 1 081 Diwejek siah ku aing B5524 2 221 Na ari manéh, Ésih, timburu téh kamalinaan teuing. B5311 Data kalimah séjénna: 285, 286, 347, jeung 222. 5 Pola Caritaan-Katerangan-Udagan Pola ieu kalimah diwangun ku carita, katerangan, jeung udagan. Adeganna bisa digambarkeun saperti kieu. Dumasar kana hasil analisis data, kapanggih dina aya 1 kalimah kedaling ambek teu sampurna 0,27. Sangkan leuwih jéntré bisa ilikan kalimah kedaling ambek teu sampurna ieu di handap. No Kode Kalimah kedaling ambek 1 044 Beunang ayeuna mah siah, badog R13625 6 Pola Katerangan-Caritaan-Udagan Pola ieu kalimah diwangun ku katerangan, caritaan, jeung udagan. Adeganna bisa digambarkeun saperti kieu. Kal TS → → → → C+K+U Kal TS → → → → K+C+U Dumasar kana hasil analisis data, kapanggih 3 kalimah kedaling ambek teu sampurna 0,82. Sangkan leuwih jéntré bisa diilikan kalimah kedaling ambek teu sampurna ieu di handap. No Kode Kalimah kedaling ambek 1 183 Lebah dieu cupetna pikiran ilaing mah. A1131 2 290 Sakali deui kantunkeun abdi nyalira, Ki R1039 3 035 Bakal leuwih laluasa ngahéroan Si Iswari R 1254 7 Pola Katerangan-Caritaan-Udagan-Katerangan Pola ieu kalimah diwangun ku katerangan, caritaan, udagan, jeung katerangan. Adeganna bisa digambarkeun saperti kieu. Dumasar kana hasil analisis data, kapanggih 1 kalimah kedaling ambek teu sampurna 0,27. Sangkan leuwih jéntré bisa dititénan sababaraha kalimah kedaling ambek teu sampurna ieu di handap. No Kode Kalimah kedaling ambek 1 031 Ari tadi pabuburit, rék nanahaon salaki aing nganjang ka gogobrog manéh? R9713 Kal TS → → → → K + C + U + K 8 Pola Katerangan- Konjungsi-Caritaan Pola ieu kalimah diwangun ku katerangan, konjungsi kecap panyambung, jeung caritaan. Adeganna bisa digambarkeun saperti kieu. Dumasar kana hasil analisis data, kapanggih 1 kalimah kedaling ambek teu sampurna 0,27. Sangkan leuwih jéntré bisa diilikan kalimah kedaling ambek teu sampurna pola katerangan caritaan ieu di handap. No Kode Kalimah kedaling ambek 1 124 Heueuh saréréa gé apal, tapi lain hartina urang bisa ménta hal-hal anu teu saluyu jeung kanyataan nu geus aya. A1133 9 Pola Katerangan-Caritaan Ieu kalimah diwangun ku katerangan jeung caritaan. Adeganna bisa digambarkeun saperti kieu. Dumasar kana hasil analisis data, kapanggih 9 kalimah kedaling ambek teu sampurna 2,73. Sangkan leuwih jéntré bisa dititénan sababaraha kalimah kedaling ambek teu sampurna ieu di handap. Kal TS → → → → K + C Kal TS → → → → K + Konj + C No Kode Kalimah kedaling ambek 1 058 Éh, ari silaing naha bet kalah ngacapruk ngomong téh. A253 2 062 Da sia mah teu nyaho lalakonna, Érté. B7013 Data kalimah séjénna: 102, 139, 146, 213, 275, 279, jeung 341.

4.6 Ambahan Bahan Ajar Kalimah Kedaling Ambek di SMA

Pangajaran basa jeung sastra Sunda mangrupa hasil tina sawangan yén basa Sunda téh mangrupa alat komunikasi pikeun masarakat pamakéna. Komunikasi basa, diwujudkeun ngaliwatan maké basa lisan ngarégépkeun, nyarita jeung tulisan maca, nulis anu disebut kaparigelan basa. Kaparigelan basa anu ngawengku ngaregepkeun, nyarita, maca jeung nulis boga pancén sorangan-sorangan. Kaparigelan ngaregepkeun mangrupa kagiatan nyangkem jeung maham wacana lisan ngaliwatan prosés ngadengékeun lambang-lambang sora omongan. Nyarita mangrupa kagiatan nepikeun pesan pikiran, rasa, jeung kahayang, sacara lisan. Maca mangrupa kagiatan maham jeung nyangkem wacana tinulis dina bacaan. Nulis mangrupa kagiatan nepikeun pesan pikiran, rasa, jeung kahayang. Ieu panalungtikan bisa dipaké pikeun bahan ajar anu patali jeung aspék nyarita atawa gueman di SMA kelas XII, museur kana kaparigelan nyarita, ngawéngku kana SKKD Standar Kompetensi-Kompetensi Dasar. SK-na nyaéta mampuh nyarita pikeun ngedalkeun eusi pikiran, rasa, jeung kahayang dina