Sumber Data Panalungtikan MÉTODEU PANALUNGTIKAN

Umi Kulsum, 2015 BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONÉSIA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu.

3.2 Sumber Data Panalungtikan

Ieu panalungtikan téh pikeun ngulik babandingan paribasa Sunda jeung Indonésia ditingali tina struktur, semantik jeung étnopédagogi. Dumasar kana hal éta, digunakeun sumber data mangrupa tinulis atawa sumber data paper. Sumber data paper téh mangrupa tanda-tanda atawa simbol nu bisa mangrupa kertas atawa barang-barang nu digunakeun dina métodeu dokuméntasi. Sumber data ieu panalungtikan nya éta sababaraha buku paribasa Sunda jeung Indonésia. Digunakeunna sumber data tinulis nu boga sababaraha kaleuwihan, di antarana: a ragam tinulis leuwih kapiara dibandingkeun ragam lisan nepi ka bisa méré gambaran basa anu terencana, mantap jeung baku; jeung b basa Sunda geus miboga sistem tulisan nu baku. Buku-buku citak nu eusina paribasa Sunda jeung Indonésia nu kapaluruh tur dijadikeun sumber data dina ieu panalungtikan diantarana, 1 700 Paribasa Sunda, karya R. Maskar Gandasudirdja 1979; 2 Babasan jeung Paribasa: Kabeungharan Basa Sunda, karya Ajip Rosidi 2005; 3 1330 Babasan dan Peribasa Bahasa Sunda, karya Candra T Munawar 2010; 4 5700 Peribahasa Indonésia, karya Amran Y.S. Chaniago jeung Bagas Pratama, 1988; 5 Kumpulan babasan jeung paribasa, karya Djajawiguna Kadarisman, 1983 6 1400 Peribasa Indonésia, karya Novianto jeung Wenny. Dumasar hal di luhur, pikeun ngagampangkeun dina prosés ngumpulkeun data, ditangtukeun heula buku anu dijadikeun sumber utama, nya éta buku 1330 Babasan dan Peribasa Bahasa Sunda, karya Candra T Munawar 2010; 1400 Peribasa Indonésia, Karya Novianto dan Wenny; jeung 5700 Peribahasa Indonésia, karya Amran Y.S. Chaniago. Tina paribasa nu aya dina masing-masing buku, réréana mah sarua, malahan aya ogé babasan atawa idiom séjénna anu digolongkeun kana paribasa. Umi Kulsum, 2015 BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONÉSIA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu. Éta data-data di luhur téh satuluyna digolongkeun salaku populasi ieu panalungtikan. Tina populasi panalungtikan, dipilih paribasa anu dianggap répréséntatif pikeun dijadikeun sampel, ngagunakeun téknik purposif. Sampel purposif téh dilakukeun ku cara nyokot subjék nu lain didadasaran ku stratatingkatan, random acak, atawa daérah, tapi didadasaran ku ayana tujuan hiji panalungtikan. Anapon tujuan utama panalungtikan ieu nya éta ngabandingkeun paribasa Sunda jeung Indonésia ditingali tina segi struktur, nu boga ma’na jeung ajén étnopédagogi nu sarua atawa mirip. Hal ieu dilakukeun pikeun muserkeun panalungtikan sangkan leuwih babari dianalisis.

3.3 Pangumpulan Data