Lengkah-lengkah Analisis Data Instrumen Analisis Data

Umi Kulsum, 2015 BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONÉSIA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu. étnopédagogik. Sakabéh hasil analisis data dicatet dina kartu data pikeun didéskripsikeun jeung dipedar sangkan jadi kacindekan panalungtikan.

3.4.2 Lengkah-lengkah Analisis Data

Lengkah panalungtikan nu paling penting nya éta analisis data nu dilaksanakeun numutkeun prosedur-prosedur analisis data. Prosedur analisis anu dilakukeun dina ieu panalungtikan nya éta maca, nafsirkeun, jeung ngainterprétasi kalawan taliti kana sampel panalungtikan. Data paribasa anu geus kapaluruh satuluyna diketik dina kartu data anu geus disadiakeun. Sampel panalungtikan satuluyna dianalisis ku cara ngarucat paribasa ngagunakeun tiori nu geus ditangtukeun. Ieu dihandap ditétélakeun lengkah-lengkah analisis data panalungtikan. a. Nitenan deui data nu geus dikumpulkeun. b. Ngaruntuykeun data paribasa kana alfabetis. c. Paribasa-paribasa dibere nomer atawa kode data. d. Data diklasifikasikeun paribasa Sunda jeung Indonésia dumasar kana makna jeung kekecapanna. e. Ngaanalisis data dumasar kana ma’na, struktur, maksud jeung ajén étnopédagogik. f. Ngadéskripsikeun hasil analisis babandingan paribasa Sunda jeung Indonésia. g. Nafsirkeun babandingan paribasa Sunda jeung Indonésia dumasar kana semantik formal jeung étnopédagogik. h. Nyindekeun hasil panalungtikan dumasar kana hasil panalungtikan.

3.4.3 Instrumen Analisis Data

Instrumén nu digunakeun dina analisis data nya éta lambar kartu data. Kartu data dina ieu panalungtikan boga pungsi sangkan ngagampangkeun dina prosés analisis data, jeung ngagampangkeun dina nyieun kacindekanna. Kartu data nu digunakeun dina ieu panalungtikan katitén saperti gambar ieu di handap. Umi Kulsum, 2015 BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONÉSIA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu. Kartu data digunakeun pikeun nganalisis semantik formal paribasa Sunda jeung Indonésia dumasar struktur kalimat, jeung katégori makna paribasa. salian ti eta, digunakeun ogé pikeun ngabandingkeun paribasa dumasar tilu kriteria: 1 saharti sakecap, 2 saharti beda kecap, jeung 3 beda harti sakecap. Bagian ahir nya eta nganalisis ajen etnopedagogik dumasar orientasina nya eta moral kamanusaan diantarana: 1 Moral manusa ka Pangéran Tuhan MMT; 2 moral manusa ka dirina pribadi MMP; 3 moral manusa ka manusa séjén MMM; 4 moral manusa ka alam MMA; 5 moral manusa ka waktu MMW; jeung 6 moral manusa dina ngahontal kasugemaan lahir jeung batin MMLB. KARTU DATA Alalisis Data Sumber buku Kaca Paribasa Analisis semantik formal Analisis maksud Kategori ma’na 1330 BPBS 158 Uyah mah moal téés ka luhur. Watak anak moal jauh ti kolotna Barang+ kalakuan+ tempat tujuan 1400 PI 39 Buah jatuh tidak jauh dari pohonnya. Watak anak moal jauh ti kolotna Barang+ kalakuan+ tempat asal Analisis Babandingan Semantik Formal Saharti sakecap. √ Saharti beda kecap Beda harti sakecap Analisis Étnopédagogik Moral manusa ka pangeran, tuhan MMT Moral manusa ka alam MMA Moral manusa ka waktu MMW Moral manusa ka dirina, pribadi MMP √ Moral manusa ka manusa séjén MMM Moral manusa pikeun nyumponan kapuasan lahir jeung batin MMLB Catétan : ......................................................................................................................... Gambar 3.3 Kartu Data Analisis Semantik Formal jeung Étnopédagogik Umi Kulsum, 2015 BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONÉSIA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN