Téknik Ngumpulkeun Data Lengkah-lengkah Ngumpulkeun Data Instrumén Ngumpulkeun Data

Umi Kulsum, 2015 BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONÉSIA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu. Éta data-data di luhur téh satuluyna digolongkeun salaku populasi ieu panalungtikan. Tina populasi panalungtikan, dipilih paribasa anu dianggap répréséntatif pikeun dijadikeun sampel, ngagunakeun téknik purposif. Sampel purposif téh dilakukeun ku cara nyokot subjék nu lain didadasaran ku stratatingkatan, random acak, atawa daérah, tapi didadasaran ku ayana tujuan hiji panalungtikan. Anapon tujuan utama panalungtikan ieu nya éta ngabandingkeun paribasa Sunda jeung Indonésia ditingali tina segi struktur, nu boga ma’na jeung ajén étnopédagogi nu sarua atawa mirip. Hal ieu dilakukeun pikeun muserkeun panalungtikan sangkan leuwih babari dianalisis.

3.3 Pangumpulan Data

3.3.1 Téknik Ngumpulkeun Data

Dina ngumpulkeun data, téknik nu digunakeun dina panalungtikan ieu nya éta téknik téks. Téknik téks anu ilahar disebut téknik ulikan pustaka studi pustaka; bibliografi, biasana dipaké saumpama data dikumpulkeun tina sumber tinulis saperti koran, majalah, atawa buku. Téknik téks atawa studi ieu digunakeun pikeun ngumpulkeun informasi jeung maluruh data paribasa Sunda jeung Indonésia tina buku-buku sumber anu diidéntifikasi dina kartu data.

3.3.2 Lengkah-lengkah Ngumpulkeun Data

Ari léngkah-léngkah dina ngumpulkeun data téh kieu. a. Studi pustaka jeung ngadata kana sajumlah buku paribasa Sunda jeung Indonésia nu kapaluruh. b. Nangtukeun buku nu rék dijadikeun sumber data panalungtikan. c. Milih buku utama nu dijadikeun babon sumber data panalungtikan. d. Nyirian paribasa nu boga harti sarua jeung kekecapana sarua jeung nu hartina sarua tapi kekecapana beda. e. Nyalin paribasa kana kartu data. Umi Kulsum, 2015 BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONÉSIA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu.

3.3.3 Instrumén Ngumpulkeun Data

Instrumén nu digunakeun dina ngumpulkeun data nya éta lambar kartu data. Kartu data dina ieu panalungtikan boga pungsi pikeun ngumpulkeun data nu mangrupa paribasa Sunda jeung Indonésia tina sumber data nu geus ditangtukeun. Kartu data nu digunakeun dina ngumpulkeun data katitén saperti gambar ieu dina gambar 3.2. Gambar 3.2 Kartu Data Ngumpulkeun Data 3.4 Analisis Data 3.4.1 Teknik Analisis Data Ngaanalisis data paribasa dilakukeun ku cara téknik analisis unsur langsung immediete constituent jeung hermeneutik. Analisis unsur langsung nya éta analisis kalimah tina unsur-unsur anu leuwih leutik; unggal konstituén anu bisa dianalisis bisa dianalisis deui dumasar konstituén séjén, nepi ka éta kalimah téh bisa disawang salaku kajadian dumasar lapisan-lapisan konstituén. Analisis hermeneutik nya eta analisis ma’na atawa maksud paribasa nu sifatna filosofis pikeun nyungsi ajén étnopédagogik dina paribasa Sunda jeung Indonésia. Dina ieu analisis aya kagiatan nafsirkeun jeung interpretasi. Paribasa Sunda jeung Indonésia dibandingkeun dumasar kana tilu kritertia, naha paribasa nu dibandingkeun téh diwangun ku kekecapan nu sarua tur boga harti jeung maksud nu sarua, kekecapan nu béda tapi harti atawa maksudna sarua, atawa kekecapan nu sarua tapi maksudna beda. Analisis nu terahir nya éta dilakukeun pikeun ngaguar papasingan paribasa dumasar moral kamanusaan nu mangrupa orientasi KARTU DATA Ngumpulkeun Data Sumber buku Kaca Paribasa √ 1330BPBS 158 Uyah mah moal tees ka luhur. 1300PI; 158 1400PI 5700PI Watak anak moal jauh ti kolotna U-184 Umi Kulsum, 2015 BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONÉSIA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu. étnopédagogik. Sakabéh hasil analisis data dicatet dina kartu data pikeun didéskripsikeun jeung dipedar sangkan jadi kacindekan panalungtikan.

3.4.2 Lengkah-lengkah Analisis Data