Desain Panalungtikan MÉTODEU PANALUNGTIKAN

Umi Kulsum, 2015 BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONÉSIA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu.

BAB III MÉTODEU PANALUNGTIKAN

3.1 Desain Panalungtikan

Ieu panalungtikan kagolong kana panalungtikan kualitatif tur maké métodeu déskriptif. Métodeu déskriptif teh nya éta métodeu nu ngagambarkeun tur méré pamahaman ngeunaan fakta-fakta nu nyampak dina objék panalungtikan. Dina ieu panalungtikan, éta métodeu téh digunakeun pikeun ngadéskripsikeun semantik formal paribasa Sunda jeung Indonésia tuluy dibandingkeun jeung ngadéskripsikeun ajén étnopédagogik nu dipibogana. Panalungtikan ieu mangrupa panalungtikan basa jeung budaya nu ngagunakeun métodeu kajian téks sabab objék panalungtikan nya éta paribasa nu aya dina buku kumpulan paribasa. Dina panalungtikan diperlukeun desain panalungtikan nu mangrupa gemblengan prosés anu diperlukeun dina rarancang panalungtikan jeung prak- prakan panalungtikan nepi ka rumusan masalah anu aya bisa dijawab. Gemblengan rencana ieu panalungtikan téh dimimitian ku ngebréhkeun pasualan-pasualan nu ngadadasaran dilaksanakeunana ieu panalungtikan. Ieu panalungtikan téh didesain pikeun medar dua hal utama kahiji, medar semantik formal paribasa Sunda jeung Indonésia sarta ngabandingkeun semantik formal paribasa Sunda jeung Indonésia, kadua, medar ajén étnopédagogi paribasa Sunda- Indonésia nu saharti. Dina ieu panalungtikan maké pamarekan analisis semantik formal jeung etnopedagogik. Analisis semantik formal mangrupa péso nu dipaké dina mesek tina harti anu aya dina paribasa sunda jeung Indonésia dumasar kana struktur kalimah, warna kecap, jeung wandana sarta pasipatan kekecapan nu ngawangun ieu paribasa, nu bisa nimukeun maksud. Sacara umum ieu panalungtikan mangrupa panalungtikan anu ngagunakeun pamarekan kualitatif anu nyindekel kana métodeu deskriptif analitis. Dina bagbagan prosés ieu panalungtikan, panalungtik boga peran salaku subjék sakaligus objék. Panalungtik boga peran salaku instrumén anu ngama’naan réalitas jeung gejala-gejala anu nyampak. Prosés ngumpulkeun data téh dilaksanakeun kalawan téknik studi pustaka téks tina sumber data paper nu geus ditangtukeun. Pikeun ngagampangkeun dina prosés ngumpulkeun data, panalungtik ngagunakeun 38 Umi Kulsum, 2015 BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONÉSIA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu. instrumén kartu data salaku alatna. Sanggeus kakumpul tuluy diolah kalawan ngagunakeun analisis tés langsung konstituén jeung métodeu hermeneutik pikeun napsirkeunana. Tujuan tina ieu analisis nya éta pikeun ngadéskripsikeun hasil data panalungtikan sangkan bisa ditafsirkeun diinterprétasi jadi hasil analisis. Hasil tina ieu analisis dipiharep bisa ngadéskripsikeun babandingan paribasa Sunda jeung Indonésia dumasar kana semantik formal sarta ajén étnopédagogikna. Bagian pamungkas kakara dicindekkeun salaku hasil tina panalungtikan. Pikeun leuwih jéntréna, ieu di handap digambarkeun désain panalungtikan saperti dina bagan di handap. Gambar 3.1 Desain Panalungtikan Pasualan Panalungtikan 1. Paribasa Sunda diwangun ku kekecapan nu aya hubunganana jeung ma’na. 2. Paribasa Indonésia diwangun ku kekecapan nu aya hubunganana jeung ma’na 3. Paribasa Sunda jeung Indonésia, sababaraha diantarana miboga ma’na nu sarua. Hal ieu katiten tina kekecapan sarua jeung harti nu sarua, kekecapan beda tapi harti nu sarua, sarta kekecapan sarua tapi hartina beda. 4. Perlu titafsirkeun ajén-inajén étnopédagogi nu aya dina paribasa Sunda- Indonesia nu boga harti maksud nu sarua. Ngumpulkeun data Teknik studi pustaka Instrumén panalungtikan Kartu data Ngolah data Analisis unsur langsung Métode hermeneutik Analisis jeung deskripsi data a. Semantik formal paribasa Sunda jeung Indonésia. b. Babandingan semantik formal paribasa Sunda jeung Indonesia c. Ajén étnopédagogik paribasa Sunda jeung Indonésia nu saharti. Kacindekan Babandingan Paribasa Sunda jeung Indonésia Ulikan Semantik Formal jeung Étnopédagogik Umi Kulsum, 2015 BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONÉSIA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu.

3.2 Sumber Data Panalungtikan