Galur Analisis Struktur .1 Téma

92 Kuningan tuluy nyungkeun ampun ka bapana, Sunan Gunung Jati. Saterusna Cimanuk, Indramayu anyeuna mah ngagabung ka Cirebon jeung sakabéh rahayatna asup Islam. 4.3.11.2 Analisis Struktur 4.3.11.2.1 Téma Téma dina carita di luhur nyaéta sipatna sombong jeung takabur nu ahirna bakal ngandatangkeun mamala, sabab dina hakékatna di luhur langit masih kénéh aya langit. Naon daya manusa mun dibandingkeun jeung kakuatan Nu Maha Kawasa. Leuwih ti éta, kahadéan hate mangrupa modal utama dina ngajalanan kahirupan masyarakat.

4.3.11.2.2 Galur

Galur dina ieu carita nyaéta galur mérélé. Runtuyan kajadianana nyaéta ieu di handap. 1 Dipati Kuningan ngahadeup Sunan Gunung Jati, Nu maksudna ménta widi keur naklukkeun daérah palabuhan Cimanuk, nu anyeuna Indramayu; 2 Nanging Sunan Gunung Jati teu ngawidian, numutkeu anjeunna bakal datang waktuna Cimanuk ngagabung jeung Cirebon; 3 Tapi Dipati Kuningan tetep keukeuh kana niatna, nu ahirna Sunan Gunung Jati teu bisa ngomongan deui jeung méré widi ahirna mah; 4 Dipati Kuningan tuluy nuju palabuhan Cimanuk jeung pasukanana; 5 Samentara éta, Prabu Indrajaya panguasa karajaan Cimanuk sorangan jeung para gegedén sapuk keur asup Islam jeung ngagabung jeung Cirebon sacara damai; 93 6 Prabu Indrajaya ngadéngé Dipati Kuningan keur ngajugjug ka Cimanuk keur nyerang manéhna; 7 Prabu Indrajaya nendeun pusaka Oyod mingmang jeung “lembu tirta” kana jero Kali Kamal. Tuluy manéhna sorangan ngarubah wujud jadi kijang koneng; 8 Dipati Kuningan terus ngudag kijang jelmaan Prabu Indrajaya éta; 9 Ngan teu bisa manggihkeun. Barang manéhna rék hanjat ujug-ujug datang banjir gedé jeung kabawa palid ka laut, nepi ka Pulau Menyawak; 10 Dipati Kuningan ditulung ku aki-aki, nu saterusna dibéré cupu nu eusina cai Tirtabaka; 11 Dipati Kuningan manggihan Sunan Gunung Jati, satepina di ditu manéhna reuwas jeung héran sabab di istana geus aya Prabu Indrajaya jeung patihna; 12 Maranéhna geus asup Islam pinuh karélaan. Prabu Indrajaya tuluy ménta hampura ka Dipati Kuningan sabab geus ngulinkeun; 13 Dipati Kuningan dipénta keur nunjukkeun kahébatan cupu paméré ti aki aki; 14 Sakolépat karikil éta téh rubah wujud jadi prajurit jeung beungeutna pikasieuneun sabab maranéhna jelmaan ti bangsa ghaib; 15 Dipati Kuningan teu mampu keur ngalenyapkeun makhluk gaib éta; 16 Saterusna Sunan Gunung Jati maca kalimah penolak bala, dina sakolépat prajurit asing téh balik deui ka asalna jadi batu karikil; 17 Dipati Kuningan tuluy nyungkeun ampun ka Sunan Gunung Jati. 94

4.3.11.2.3 Palaku