89
3 Panembahan Ratu ngabogaan sipat sabar jeung pemaap, hal ieu kagambar
basa anjeuna rela ngaleupaskeun selirna anu kabur jeung dituker sareng daérah Sindangkasih.
4 Geusan Ulun digambarkeun salaku saorang pemuda kasép, pinter sarta
budi pakertina alus.
4.3.10.2.4 Latar
a. Latar tempat Carita ieu latar tempatna di Talaga, Cirebon, Sindangkasih, jeung
Sumedang larang. b. Latar waktu
Latar waktuna nyaéta di masa pamaréntahan Prabu Pucuk Umum di Talaga jeung Panembahan Ratu saluka Sultan di Cirebon.
4.3.10.3 Papatah dina Carita Dongéng
Papatah budaya anu dicaritakeun dina éta dongéng patali jeung system religi. Éta katitén tina eusi nu dipidangkeun dina carita rayat. Di mana nu jadi
puseur palaku dina carita Prabu Geusan Ulun pindah kayakinan. Manéhna jadi muslim nurutkeun ajaran anu diajarkeun di Cirebon. Kalayan tulus jeung ihlas
manéhna ngalaksanakeun sagala paréntah agama Islam.
90
4.3.11 Dongéng “ Indramayu Bergabung dengan Cirebon “ 4.3.11.1 Téks
Dipati Kuningan nyanghareup bapa angkatna, Sunan Gunung Jati di Cirebon. Maksudna ménta widi pikeun naklukeun daérah palabuhan Cimanuk,
anyeuna mah Indramayu. Nanging Sunan Gunung Jati teu ngawidian, ceuk anjeunna upama geus cunduk kana waktuna mah Cimanuk ngagabung jeung
Cirebon. Sedengkeun pancén Dipati Kuningan anyeuna mah neuleuman ajaran Islam. Ngan Dipati Kuningan keukeuh peuteukeuh kana niatna, nu ahirna Sunan
Gunung Jati teu tiasa nanaon deui sarta maparin widi. “ Rupina urang kuningan mah teu daék narima jeung takluk ka sepuh.
Manéh bakal nyaho sorangan akibatna “ Dipati Kuningan satuluyna ngadatangan palabuhan Cimanuk jeung
pasukanna, mawa kayakinan tujuanna bakal hasil. Samentawis éta, Prabu Indrajaya panguasa karajaan Cimanuk sorangan jeung para gegedén nu séjéna
geus sapakat daék asup Islam jeung ngagabung ka Cirebon sacara damai. Nanging kacida rewasna Prabu Indrajaya ngadangu Dipati Kuningan keur nuju ka Cimanuk
rék nyerang. Manéhna saterusna neudeun pusaka Oyod mingmang jeung “lembu tirta” kana jero Kali Kamal. Samentara manéh sorangan ngubah wujud jadi kijang
konéng. Teu pati lila Dipati Kuningan jeung pasukanna daratang di Kali Kamal.
Barang nempo kijang warnana konéng, manéhna kabita jeung nyoba rék newak. Dipati Kuningan terus ngudag kijang jelmaan Prabu Indrajaya, ngan pas ampir
katéwak, kijang jelmaanna luncat ka walungan nu satuluyna leungit. Dipati