Pangajaran Berbasis Téks Opini Éditorial a. Hakékat Téks Opini Éditorial

76 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 10 b. Susun definisi umum nu mangrupa paragraf anu eusina pangjéntré saperti: wangenan objék anu rék ditalungtik, atawa ngaran lain tina objék anu rék ditalungtik. Eusi panganteur téks laporan hasil observasi ngeunaan klarifikasi umumdefinisi umum. c. Susun déskripsi bagian anu eusina bagian-bagian tina objék anu rék ditalungtik. Eusi téks laporan hasil observasi aya dina déskripsi bagian. d. Susun déskripsi mangpaat anu eusina manpaat-manpaat tina objék anu rék ditalungtik. Eusi panutup mangrupa kacindekan téks laporan hasil observasi.

2. Pangajaran Berbasis Téks Opini Éditorial a. Hakékat Téks Opini Éditorial

Nepikeun pamadegan téh hak tiap individu. Ku ayana kabébasan pikeun gébréhkeun pamadegan, baris ngadorong saréréa pikeun ngahargaan pamadegan anu séjén. Kamerdekaan pikeun ngébréhkeun pamadegan baris nyiptakeun masarakat anu demokratis. Budaya démokrasi baris tumuwuh kalawan hadé lamun seug rakyat dibéré kabébasan pikeun ngébréhkeun pamadeganopini. Tapi, éta kabébasan téh kudu mangrupa kabébasan anu bisa dipertanggungjawabkeun. Kukituna, kamerdekaan pikeun nyodorkeun pamadegan mangrupa hal anu penting. Pamadegan opini téh mangrupa nyodorkeun gagasan atawa ngébréhkeun pikiran, pamadegan ngeunaan hiji hal. Di Indonesia, jalma anu ngaluarkeun pamadegan dijamin sacara konstitusi. Ieu hal cindek dina UUD 1945, Pasal 28 yén: kemerdekaan berserikat dan berkumpul,mengeluarkan pikiran dengan lisan dan tulis dan sebagainya ditetapkan denganundang-undang. Salah sahiji wadah pikeun ngébréhkeun pamadegan urang téh nyaéta téks opiniéditorial. Ulah nepi ka, téks opini anu ditulis mangrupa pamadegan kosong, anu sipatna ngan saukur hayalan. Ieu di handap wanda téks opini. 4 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 77 Gambar 4.2: Wanda Opini Aya dua wanda opini, nyaéta opini analitis jeung opini hortatoris. Opini analitis patali jeung konsép atawa tiori ngeunaan hiji hal, sedengkeun opini hortatoris patali jeung tindakan anu perlu dilakukeun atawa kawijakan anu perlu dijieun. Ditarima henteuna hiji gagasanusulan ku pihak luar gumantung kana kuat henteuna argumén anu disodorkeun ku panyatur. Dina ngaguar matéri téks opiniéditorial, Sadérék baris diajak pikeun nyodorkeun pamadegan sacara bébas tapi tanggung jawab, ngeunaan masalah anu aya dina kahirupan sapopoé, anu narik ati, sarta nalungtik masalah anu sabenerna. Saterusna, Sadérék ngaanalisis sakabéh informasi anu ditarima. Sanggeus kitu, nyieun téks opini sacara gembleng ku jalan nyodorkeun rupa-rupa argumén pikeun ngayakinkeun nu macanu ngaregepkeun. Aya opat tahapan kagiatan diajar-ngajar, nyaéta: 1 ngawangun kontéks, 2 nalungtik modél téks opiniéditorial, 3 gawé bareng dina kelompok pikeun nyieun modél téks opiniéditorial, jeung 4 nyieun téks opiniéditorial sacara mandiriindividual. Wanda Opini Opini Hortatoris Opini Analitis 78 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 10

b. Conto