PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
49
2. Téks Déskripsi a. Hakékat Téks Déskripsi
Istilah déskripsi téh asalna tina basa Latén describere, anu hartina ngagambarkeun hiji hal. Nurutkeun Keraf 2007: 2, téks déskripsi mangrupa
hiji wangun karangan anu patali jeung usana nu nulis pikeun nepikeun gambaran rinci tina obyék anu dicaritakeun. Nurutkeun Rusyana 1984: 136,
déskripsi téh mangrupa karangan anu ngagambarkeun hiji hal, nétélakeun naon-naon anu diindera, tur ngagambarkeun parasaan jeung paripolah jiwa
dina wangun kalimah.
Ari nurutkeun Yunus 2008: 46 téks déskripsi téh mangrupa hiji wangun karangan anu ngagambarkeun hiji hal sajéntré-jéntréna nepi ka nu maca siga
nyaksian atawa ngalaman langsung hal anu digambarkeunana. Ngaliwatan déskripsi, nu nulis téh mindahkeun kesan, hasil niténan, jeung parasaanana
ka nu maca. Anu digambarkeun téh ngawengku sipat, ciri, jeung pertélaan wangun anu nyampak dina obyék anu digambarkeunana.
Hal anu didéskripsikeun téh teu kawatesanan, bisa naon-naon anu katingali, kareungeu, kaambeu, jeung karasa ku pancaindera, bisa deuih naon-naon hal
anu karasana ku haté jeung pikiran kawas rasa sieun, geuleuh, nyaah, sedih, jsté. Pon kitu deui suasana anu gelar tina hiji situasi kayaning geueuman,
morérétna panonpoé, atawa suasana romantis ogé bisa jadi obyék déskripsi.
Ceuk Finoza 2009: 2014, téks déskripsi dihasilkeun kalawan napak dina tujuan pikeun nyiptakeun hiji pangalaman dina diri nu macatur méré idéntitas
atawa informasi ngeunaan hiji obyék nepi ka nu maca bisa kenal nalika adu hareupan langsung jeung obyék anu dicaritakeun téa. Ku éta hal, nu nulis téks
déskripsi kudu nyampakkeun kekecapan anu mérénah dina ngagambarkeun hiji obyék luyu jeung gambaran saéstuna tina éta obyék. Saupama éta hal
kahontal, gambaran obyék téh bisa ngagelarkeun imajinasi anu hirup tur atra ngeunaan sipat, ciri, atawa hakékat obyék anu didéskripsikeunana.
Sangkan éta tujuan kahontal, aya tilu hal anu kudu dicangking ku nu nulis téks déskripsi. Nurutkeun Akhadiah 2001: 37-38, éta tilu hal téh ngawengku: 1
kaparigelan basa nu nulis dina aspék kabeungharan jeung wangun kecap; 2
KD
10
50
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
katalitian dina prosés niténan jeung samaktana pangawéruh ngeunaan sipat, ciri, jeung wangun obyék anu didéskripsikeun; jeung 3 kaparigelan milih ciri
détail anu has sangkan bisa ngagambarkeun hiji hal kalawan panceg jeung hirup.
Tina pedaran di luhur bisa dicindekkeun yén téks déskripsi téh nyaéta wangun karangan anu sajéntréna ngagambarkeun hiji hal ngaliwatan kekecapan anu
mérénah luyu jeung gambaran saéstuna tina éta obyék nepi ka informasi nu ditétélakeun bisa ngahirupkeun kesan jeung daya hayal anu jero pikeun nu
maca.
b. Wangun Téks Déskripsi