PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
11
malikan deui matéri anu ta can kacangking katuntasan. Ieu hal dilakukeun ku cara ngagunakeun soal-soal anu sarua, tur henteu malikan deui matéri,
mérétugas, mérébimbingan, atawa ngamanfaatkeun babaturanana tanpa merhatikeun indikator anu tacan dicangkem ku siswa, jeung 3 pengayaan
masih tacan pati loba dilakukeun ku guru Diréktorat SMA Kemdikbud, 2010.
Pangajaran tuntas dina prosés pembelajaran berbasis kompeténsi nyaéta pamarekan dina pangajaran anu meredih siswa nyangkem sacara tuntas
sakabéh KD jeung sakabéh indikator.
Prinsip-prinsip utama pembelajaran tuntas, nyaéta: 1 Kompeténsi anu kudu dihontal ku siswa dirumuskeun dina runtuyan anu hirarkis, 2 Penilaian anu
digunakeun nyaéta penilaian acuan patokan, sarta unggal-unggal kompeténsi anu kudu dibéré uji balik, 3 Méré pangajaran rémédial sarta bimbingan anu
diperlukeun ku siswa anu tacan ngahontal kritéria ketuntasan minimal KKM, jeung 4 Méré program pangayaan pikeun siswa anu geus ngahontal
katuntasan diajar leuwih awal Géntile Lalley: 2003.
Hasil analisis penilaian pangaweruh jeung kaparigelan téh informasi ngeunaan siswa anu geus ngahontal KKM jeung siswa anu tacan ngahontal
KKM. Pikeun siswa anu tacan ngahontal KKM perlu dilakukeun lajuning laku ku rémédial, sedengkeun pikeun siswa anu geus ngahontal KKM perlu
dilakukeun lajuning laku ku cara dibéré pengayaan Kemdikbud, 2015: 69.
b. Wangenan Program Rémédial
Program rémédial mantuan ka siswa anu ngarandapan bangbaluh diajar. Méré program rémédial ngawengku dua léngkah, kahiji ngadiagnosis
bangbaluh diajar, kadua méré rémédial. Téhnik anu digunakeun dina ngadiagnosis bangbaluh diajar diantarana tés prasarat prasarat pangawéruh,
prasarat kaparigélan tés diagnostik, wawancara, pengamatan, jst. Pangajaran rémédial dipungkas ku penilaian. Program rémédial jeung
penilaian dilaksanakeun di luar jam tatap muka.
Wanda-wanda bangbaluh diajar siswa, diantarana ieu di handap. 1 diajar anu sipatna énténg, biasana kapanggih di siswa anu kurang
merhatikeun waktu diajar.
KD
10
12
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
2 diajar anu sipatna sedeng, biasana kapanggih di siswa anu ngalaman gangguan diajar anu asalna ti luar diri siswa, contona faktor kulawarga,
lingkungan padumukan, cara gaul, jst. 3 diajar anu sipatna beurat, kapanggih di siswa anu ngalaman bangbaluh:
fisik, méntal, sosio-émosional, atawa inteléktual. Ieu hal tumiba ka Anak Berkebutuhan Khusus ABK saperti: tunanétra, tunarungu, tunagrahita,
tunadaksa, jeung autis. Tunanétra miboga bangbaluh dina indra panon tetempoan, tunarungu miboga bangbaluh dina indra ceuli dédéngéan
jeung nyarita, tunagrahita miboga bangbaluh dina kamampuh inteléktual anu handap IQ sahandapeun normal sarta hubungan sosial, tunadaksa
miboga bangbaluh dina fisik, sedengkeun autis miboga bangbaluh dina konséntrasi, interaksi sosial, jeung imajinasi.
Nurutkeun Wijaya 2010:48 atikan jeung program rémédial miboga pungsi pikeun mantuan siswa dina ngaréngsékeun pangajaran. Dumasar kana éta
hal, kurikulum kudu dijieun ditujukeun pikeu kapentingan babarengan comunal jeung kapentingan kasus, sangkan beban tanggung jawabna leuwih
jelas tur puguh tujuan.
Dina program rémédial guru miboga peran salaku terapis. Ku kituna guru kudu miboga pangaweruh ngeunaan psikologi jeung neurologi. Guru anu icikibung
dina kagiatan rémédial kudu mampuh nalungtik kalawan tenget bangbaluh- bangbaluh siswa dina pangajaran basa Sunda Wijaya, 2010: 48
c. Wangun jeung Prosédur Kerja Program Rémédial