Cara Ngagunakeun Modul Tujuan

KD 10 6 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 10 Tumuwuh jeung Mekarna Novel Sunda, 11 Papasingan Novel, jeung 12 Struktur Novel.

E. Cara Ngagunakeun Modul

Aya sawatara hal nu perlu diéstokeun dina ngulik ieu modul. Kahiji, Sadérék kudu percaya diri yén ieu modul téh aya mangpaatna. Kadua, Sadérék kudu kreatif narékahan sangkan meunang informasi optimal tina modul. Katilu, Sadérék perlu niténan kalawan taliti jeung migawé latihan sacara babarengan tur tanggung jawab nu dipidangkeun dina ahir pedaran. Titénan jeung pigawé tiap bagian kalawan daria. Sangkan teu poho, jieun catetan husus tina tiap bahan nu dipidangkeun. Ulah poho migawé sakur latihan-latihan jeung évaluasi dina saban bagian modul. Kamampuh atawa kompeténsi Sadérék ngeunaan ieu bahan kagiatan diajar baris dinilai ku hasil tés jeung laporan pancén pribadi. Dina maca, nengétan, jeung ngulik bahan-bahan nu aya dina ieu modul Sadérék dipiharep macana jeung ngulikna kalawan mandiri, kreatif, sistematis, tur taliti. Lamun manggihan bangbaluh dina mahamkeunana jeung dina ngajawab latihan atawa soal, Sadérék bisa sawala sacara babarengan jeung kancamitra séjénna atawa nanyakeun ka fasilitator. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 7 KOMPETÉNSI PÉDAGOGIK PROGRAM RÉMÉDIAL JEUNG PENGAYAAN DINA PANGAJARAN BASA SUNDA DI SMASMK KD 10 8 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 9 KAGIATAN DIAJAR 1 PROGRAM RÉMÉDIAL JEUNG PENGAYAAN DINA PANGAJARAN BASA SUNDA DI SMASMK

A. Tujuan

1. Sanggeus maca modul, pamilon mampuh ngajéntrékeun pangajaran tuntas kalawan percaya diri. 2. Sanggeus tanya jawab, pamilon mampuh ngajéntrékeun wangenan program rémédial kalawan percaya diri. 3. Sanggeus tanya jawab, pamilon mampuh ngaidéntifikasi wangun jeung prosedur kerja program rémédial kalawan kreatif. 4. Sanggeus tanya jawab, pamilon mampuh ngaidéntifikasi prinsip-prinsip rémédial kalawan taliti. 5. Sanggeus diskusi, pamilon mampuh ngaidéntifikasi léngkah-léngkah pangajaran rémédial kalawan kréatif. 6. Sanggeus diskusi, pamilon mampuh méré conto peran guru dina program rémédial kalawan percaya diri. 7. Sanggeus latihan, pamilon mampuh ngajéntrékeun hal-hal penting dina ngalaksanakeun pangajaran rémédial kalawan sumanget. 8. Sanggeus maca modul, pamilon mampuh ngajéntrékeun wangun jeung program pengayaan kalawan percaya diri. 9. Sanggeus diskusi, pamilon mampuh ngaidéntifikasi prosedur kerja program pengayaan kalawan taliti. 10. Sanggeus tanya jawab, pamilon diklat mampuh ngajéntrékeun udagan acuan pikeun nangtukeun program pengayaan kalawan percaya diri.

B. Indikator Kahontalna Kompeténsi