Kasang Tukang Modul I PKB Bahasa Sunda untuk SMA SMK Edisi Revisi 2017 BS SMA MODUL I 3

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 1 BUBUKA

A. Kasang Tukang

Salah sahiji Tujuan Stratégis Kemdikbud 2015-2019 nyaé ta “Peningkatan Mutu dan Relevansi Pembelajaran yang Berorientasi pada Pembentukan Karakter”. Pikeun ngarojong éta Tujuan Strategis Kemdikbud, Ditjen Guru dan Tenaga Kependidikan ngayakeun Program Gerakan Penguatan Pendidikan Karakter PPK. PPK di sakola pikeun mageuhan karakter siswa ngaliwatan harmonisasi olah hati étik, olah rasa éstétik, olah pikir literasi, jeung olah raga kinéstétik. Ieu hal dirojong ku pelibatan publik jeung gawé babarengan antara pihak sakola, kulawarga, katut masyarakat nu mangrupa bagian tina Gerakan Nasional Revolusi Mental. Ieu hal kacida pentingna, pikeun mekelan siswa dina raraga nyanghareupan degradasi moral, étika, jeung budi pekerti. Program Pengembangan Keprofesian Berkelanjutan Guru Basa Sunda dilaksanakeun ku PPPPTK TK PLB. Program Pengembangan Keprofesian Berkelanjutanb Guru Basa Sunda merlukeun modul pikeun salah sahiji sumber diajar pamilon diklat. Modul basa Sunda mangrupa matéri ajar anu dirarancang sangkan pamilon diklat mampuh diajar sacara mandiri. Modul Pengembangan Keprofesian Berkelanjutan Basa Sunda Kelompok Kompeténsi I ngawengku 4 matéri, nu nyaéta: 1 Program Rémédial jeung Program Pengayaan dina Basa Sunda di SMASMK; 2 Mangpaat Penilaian Berbasis Kelas, 3 Téks Narasi, Téks Déskripsi, Téks Éksposisi, jeung Téks Arguméntasi di SMASMK 4 Struktur jeung Kaédah Téks Laporan Hasil Observasi jeung Téks Opini, sarta Novel dina Sastra Sunda di SMASMK. Ieu modul gumulung jeung lima nilai utama PPK, anu ngawengku: religius, nasionalis, mandiri, gotong royong, jeug integritas. Kalima nilai utama PPK dina ieu modul gumulung dina tujuan, kagiatan pangajaran, pedaran materi, KD 10 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 jeung évaluasi. Guru kudu mampuh ngaimpléméntasikeun éta lima nilai utama PPK boh keur dirina, siswana, atawa masarakatna. Kompetensi pédagogik jeung kaprofésional dina ieu modul, gumulung jeung konsép PPK anu ngawengku lima ajén-inajén dasar, nyaéta religius, nasionalis, mandiri, gotong royong, jeung integritas. 1 Ajén religius bisa katingali tina pengkuh dina ngalaksanakeun ibadah, taat kana ajaran agama nu dicepengna, toléransi ngajénan agama nu séjénna, pengkuh pamadegan, percaya diri, sosobatan, ihlas, teu maksakeun kahayang sorangan, tur ngariksa kana sakumna ciptaan Mantenna. 2 Ajén nasionalis katitén tina cara mikir jeung paripolah anu satia, peduli, tur ngajén kana bédana basa, lingkungan fisik, sosial, budaya, ekonomi, sarta pulitik. Cindekna, kapentingan balaréa jadi hal anu kudu diheulakeun. 3 Ajén mandiri bisa katitén tina sikep: ngahargaanngaapresiasi budaya sorangan, ngariksa budaya sorangan, pinunjul tur mimoga préstasi, nyaah ka lemah cai, ngajaga lingkungan sabudeureunana, disiplin, jeung ngajenan rupaning buaya, suku, jeung agama. 4 Ajén gotong royong ébréh tina paripolah : silih hargaan, daék gawé bareng, inklusif, miboga komitmen kana hasil rembugan sarerea, musyawarah mupakat, silih tulungan, anti diskriminatif, rempug jukung sauyunan dina nyanghareupan pasualan, sarta resep nyarita jeung teu kurung batok. 5 Ajén integritas ébréh tina paripolah: jujur, satia, miboga komitmen moral, anti korupsi, adil, tanggung jawab, suri toladan, silih hargaan. Lima ajén-inajén di luhur ébréh dina ieu modul, boh dina tujuan, materi, latihan, atawa lumangsungna proses pangajaran. Sanggeus medar ieu modul, guru dipiharep mampuh ngaronjat boh kompetensi pedagogik boh profesional tur ngalarapkeun ajén-inajén PPK dina hirup kumbuh sapopoé, boh keur dirina sorangan boh keur siswana. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 3

B. Tujuan