Uji Balik jeung Lajuning Laku Tujuan Indikator Kahotalna Kompetensi

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 25 kompeténsimatéri anyar, atawa digawé dina proyék sacara mandiri luyu jeung kapasitas atawa kapabilitas masing-masing. Program pengayaan, bisa ogé dipatalikeun jeung kagiatan mérépancén terstruktur jeung kagiatan mandiri hente terstruktur. Penilaian hasil diajar kagiatan pengayaan, tangtuna ogé teu sarua jeung kagiatan pangajaran biasa, tapi cukup dina wangun portofolio, jeung kudu dihargaan mangrupa nilai tambah dibandingkeun siswa anu diajar sacara normal. Kepala Sekola méré arahan ngéunaan téknis program pengayaan anu sakurang-kurangna ngawégku: dasar ngalaksanakeun program pengayaan,tujuan anu hayang dihontal dina ngalaksanakeun program pengayaan, manfaat program pengayaan, hasil anu dipiharep tina program pengayaan., sarta unsur-unsur anu kalibat jeung uraian tugas dina ngalaksanakeun program pengayaan.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék luyukeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur tahap nyangkem matéri ajar. Rumus: Jumlah jawaban anu benerna TahapPangabisa = x 100 5 Tahappangabisa matéri ajar nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup 60 - 69 = kurang KD 10 26 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 Lamun Sadérék ngahontal tahap nyangkem 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun matéri kana Kagiatan Diajar 2. Tapi, lamun tahap nyangkem Sadérék kurang ti 80, pék balikan deui deres matéri dina Kagiatan Diajar 1, pangpangna matéri nu tacan kacangkem kalawan tanggung jawab jeung disiplin PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 27 KAGIATAN DIAJAR 2 MANGPAAT PENILAIAN BERBASIS KELAS DI SMASMK

A. Tujuan

1. Sanggeus masa pedaran matéri sacara mandiri, pamilon diklat mampuh ngajéntrékeun wangenan penilaian berbasis kelas kalawan percaya diri. 2. Sanggeus tanya jawab, pamilon diklat mampuh ngaidéntifikasi mangpaat, kaunggulan, jeung prinsip penilaian berbasis kelas kalawan taliti. 3. Sanggeus nulis raguman, pamilon diklat mampuh ngaidéntifikasi wangun instrumen penilaian berbasis kelas kalawan mandiri. 4. Sanggeus diskusi babarengan, pamilon diklat mampuh ngaidéntifikasi ranah kognitif, afektif, jeung psikomotor salaku objek evaluasi hasil diajar kalawan percaya diri. 5. Sanggeus diskusi babarengan, pamilon diklat mampuh ngajéntrékeun stratégi penilaian berbasis kelas kalawan percaya diri. 6. Sanggeus diskusi babarengan, pamilon diklat mampuh ngajéntrékeun dilaksanakeunana penilaian berbasis kelas dina prosés pangajaran kalawan percaya diri.

B. Indikator Kahotalna Kompetensi

1. Ngajelaskeun wangenan penilaian berbasis kelas. 2. Ngaidentifikasi mangpaat, kaunggulan, jeung prinsip penilaian berbasis kelas. 3. Ngaidentifikasi wangun instrumén penilaian berbasis kelas. 4. Ngaidentifikasi ranah kognitif, afektif, jeung psikomotor salaku objek evaluasi hasil diajar. 5. Ngajéntrékeun stratégi penilaian berbasis kelas. 6. Ngajéntrékeun prakprakanana penilaian berbasis kelas dina prosés pangajaran KD 10 28 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017

C. Pedaran Materi 1. Wangenan Penilaian Berbasis Kelas