Variabel Wangenan Operasional Variabel jeung Wangenan Operasional

Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.3 Métode Panalungtikan

Métode nu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta kuasi ékspérimén atawa ékspérimén semu . Ieu métode digunakeun pikeun ngukur kamampuh ngalarapkeun vokal é , e , jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 20132014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif.

3.4 Variabel jeung Wangenan Operasional

3.4.1 Variabel

Variabel nyaéta objék atawa naon-naon anu jadi puseur tilikan hiji panalungtikan. Dina panalungtikan anu némbongkeun ayana hiji perlakuan treatment , geus pasti aya variabel nu mangaruhan jeung dipangaruhanna. Variabel anu mangaruhan disebut variabel bébas atawa independent variable X. Ari variabel nu dipangaruhan disebut variabel kauger atawa dependent variable Y Arikunto, 2010, kc. 161. Dina ieu panalungtikan, modél pangajaran mikir induktif mangaruhan kana kamampuh ngalarapkeun vokal é , e , jeung eu dina nulis pangalaman. Jadi, modél pangajaran mikir induktif téh variabel bébas X lantaran mangaruhan kana variabel Y. Ari variabel kaugerna Y nyaéta kamampuh ngalarapkeun vokal é , e , jeung eu dina nulis pangalaman lantaran meunang pangaruh tina variabel X.

3.4.2 Wangenan Operasional

Wangenan operasional mangrupa pedaran istilah-istilah nu aya patalina jeung variabel-variabel panalungtikan. Tujuan ayana wangenan operasional sangkan éta variabel-variabel jelas, ku kituna teu nimbulkeun ayana salah tapsir. Anapon wangenan operasional dina ieu panalungtikan téh sakumaha ieu di handap. Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1 Nurutkeun Uno 2011, kc. 12, modél pangajaran mikir induktif dina ieu panalungtikan mangrupa salasahiji modél anu kaasup kana kelompok modél pangajaran ngolah informasi information-processing models . Tujuan ieu modél téh pikeun ngalatih siswa diajar mikir sacara induktif; nyieun konsép sakaligus ogé ngajarkeun éta konsép jeung cara ngalarapkeunana generalisasi. Léngkah-léngkah ieu modél ngawengku diajar ngawangun konsép ngira-ngira jeung nyieun daptar, ngelompokkeun, sarta nyieun katégori jeung ngaran, nguji data ngaidéntifikasi hubungan-hubungan penting, ngaéksplorasi hubungan-hubungan, jeung nyieun kacindekan, katut ngalarapkeun konsép ngira-ngira konsékuénsi, ngajelaskeun kaayaan séjén, jeung nyusun hipotésis; ngajelaskeun pangira jeung hipotésis; sarta nguji bebeneran pangira. 2 Kamampuh ngalarapkeun vokal é , e , jeung eu mangrupa kamampuh siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 20132014 ngalarapkeun vokal é , e , jeung eu nu mibanda ciri séwang-séwangan. 3 Nulis mangrupa hiji kagiatan nurunkeun lambang-lambang grafik hiji basa dina kertas atawa média séjénna ku parantina. Ari karangan pangalaman atawa tulisan pribadi nyaéta wangun tulisan anu eusina ngeunaan pangalaman pribadi nu nulis Tarigan, 2008, kc. 31. Jadi, nulis pangalaman mangrupa hiji kagiatan nurunkeun lambang-lambang grafik hiji basa anu eusina ngeunaan pangalaman pribadi nu nulis dina kertas atawa média séjénna ku parantina. Jadi, modél pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal é , e , jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 20132014 téh nyaéta hiji panalungtikan anu ngagunakeun modél pangajaran nu mibanda tujuan ngalatih siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 20132014 diajar mikir sacara induktif sarta ngagunakeun léngkah-léngkah diajar induktif sangkan ngaronjat kamampuhna ngalarapkeun vokal é , e , jeung eu dina kagiatan nurunkeun lambang-lambang Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu grafik hiji basa nu eusina ngeunaan pangalaman pribadi siswa; dina kertas atawa média séjénna ku parantina.

3.5 Instrumén Panalungtikan