Lokasi jeung Subjék Panalungtikan Desain Panalungtikan Métode Panalungtikan

Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi jeung Subjék Panalungtikan

Lokasi panalungtikan mangrupa tempat di mana panalungtik meunangkeun data panalungtikanana. Ari subjék panalungtikan nurutkeun Arikunto 2010, kc. 188, nyaéta subjék nu dituju pikeun ditalungtik ku panalungtik. Anapon lokasi dina ieu panalungtikan nyaéta di kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung. Ari subjék panalungtikanna nyaéta siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 20132014 nu jumlahna aya 29 urang; 12 urang siswa lalaki jeung 17 urang siswa awéwé.

3.2 Desain Panalungtikan

Desain nu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta pre-test and post-test group design . Dina ieu desain, tés dilakukeun dua kali nyaéta saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif . Tés nu dilakukeun saméméh ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif disebut tés awal pre- test . Ari tés nu dilakukeun sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif disebut tes ahir post-test . Éta desain téh digambarkeun sakumaha ieu di handap Arikunto, 2010, kc. 124. X Katerangan: : Tés saméméh ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif tés awal atawa pre-test : Tés sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif tés ahir atawa post-test X: Pangajaran ngalarapkeun vokal é , e , jeung eu dina nulis pangalaman ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif treatment . Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.3 Métode Panalungtikan

Métode nu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta kuasi ékspérimén atawa ékspérimén semu . Ieu métode digunakeun pikeun ngukur kamampuh ngalarapkeun vokal é , e , jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 20132014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif.

3.4 Variabel jeung Wangenan Operasional