Persiapan Tabulasi Téhnik Analisis Data

Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu induktif . Nurutkeun Arikunto 2010, kc. 278, léngkah-léngkah éta analisis data téh ngawengku persiapan, tabulasi, jeung cara ngalarapkeun data anu dipedar sakumaha ieu di handap.

3.7.1 Persiapan

Saméméh data kamampuh ngalarapkeun vokal é , e , jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 20132014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif dianalisis, aya sababaraha persiapan nu kudu dilakukeun heula ku panalungtik sakumaha ieu di handap. 1 Mariksa ngaran jeung kalengkepan idéntitas siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 20132014 nu aya dina lambar instrumén. 2 Mariksa kalengkepan eusi instrumén data kamampuh ngalarapkeun vokal é , e , jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 20132014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif , kaasup kalengkepan lambar instrumén bisi aya nu leungit atawa soék. 3 Mariksa wangun eusi data bisi aya data kamampuh ngalarapkeun vokal é , e , jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 20132014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif nu teu dipiharep ku panalungtik, padahal eusi éta data téh mangrupa hal anu kacida penting.

3.7.2 Tabulasi

Sanggeus ngalakukeun persiapan saacan data kamampuh ngalarapkeun vokal é , e , jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 20132014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif diolah, éta data téh kudu ditabulasikeun heula ku cara méré skor peunteun atawa niléy jeung kode-kode kana bagian nu perlu dibéré Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu kode. Pikeun ngababarikeun éta tabulasi, dina nganalisis data digunakeun tabél 3.1 ieu di handap. Tabél 3.1 Format Kamampuh Ngalarapkeun Vokal é , e , jeung eu dina Nulis Pangalaman Siswa Kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung Taun Ajaran 20132014 Saméméh jeung Sanggeus Ngagunakeun Modél Pangajaran Mikir Induktif No. Ngaran Siswa Kecap nu Dilarapkeun Frékuénsi Dilarapkeunna Éjahan Vokal é , e , jeung eu Kecap nu Sakuduna Bener Salah 1 2 3 4 5 6 Jumlah Katerangan: Kecap nu sakuduna; dieusian lamun kecap nu dilarapkeun salah. Lamun kamampuh siswa geus dianalisis ngagunakeun tabél 3.1, pikeun nangtukeun peunteunna téh digunakeun rumus ieu di handap. Geus kitu, hasilna dirobah deui kana peunteun skala lima sakumaha dina tabél 3.2 ieu di handap. Katerangan: P: peunteun kamampuh siswa ΣB: jumlah frékuénsi kecap larapna vokal é , e , jeung eu nu bener ΣN: jumlah sakabéh frékuénsi kecap larapna vokal é , e , jeung eu . Tabél 3.2 Peunteun Skala Lima Interval Perséntase Tingkat Kamampuh Peunteun Skala Lima Katégori 0-4 E-A 85 - 100 4 A Hadé pisan 75 - 84 3 B Hadé 60 - 74 2 C Cukup 40 - 59 1 D Kurang P = Σ Σ x 100 Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 0 - 39 E Goréng Nurgiyantoro, 2001, kc. 399 Nurutkeun Nurgiyantoro 2011, kc. 401, dina skala lima mah siswa nu dikatégorikeun mampuh atawa lulus téh nyaéta siswa nu meunang peunteun C atawa cukup ka luhur. Geus kitu, hasil analisis kamampuh siswa nu geus dijumlahkeun bener, salah, jeung sakabéh kecap larapna vokal é , e , jeung eu dina tabél 3.1 katut peunteunna téh diasupkeun kana tabél 3.3 sakumaha ieu di handap. Tabél 3.3 Format Peunteun Kamampuh Ngalarapkeun Vokal é , e , jeung eu dina Nulis Pangalaman Siswa Kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung Taun Ajaran 20132014 Saméméh jeung Sanggeus Ngagunakeun Modél Pangajaran Mikir Induktif No. Ngaran Siswa TK P Katégori 1 2 3 4 5 6 7 8 Jumlah Rata-rata Katerangan: ΣB: jumlah frékuénsi kecap larapna vokal é , e , jeung eu nu bener ΣS: jumlah frékuénsi kecap larapna vokal é , e , jeung eu nu salah ΣN: jumlah sakabéh frékuénsi kecap larapna vokal é , e , jeung eu TK : perséntase tingkat kamampuh siswa P: peunteun. Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.7.3 Cara Ngalarapkeun Data