Instrumén Panalungtikan MÉTODE PANALUNGTIKAN

Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu grafik hiji basa nu eusina ngeunaan pangalaman pribadi siswa; dina kertas atawa média séjénna ku parantina.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Nurutkeun Arikunto 2010, kc. 203, instrumén panalungtikan nyaéta pakakas atawa fasilitas nu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data panalungtikan sangkan pagawéanna leuwih babari jeung hasilna leuwih hadé taliti, lengkep, jeung sistematis, ku kituna éta data leuwih babari diolah. Anapon instrumén nu digunakeun dina ieu panalungtikan téh nyaéta soal tés préstasi achievement test anu ngawengku soal tés awal jeung ahir sakumaha ieu di handap. 1 Soal tés awal pre-test dina ieu panalungtikan ngagunakeun téhnik éssay atawa ngarang. Ieu soal téh digunakeun pikeun ngukur kamampuh ngalarapkeun vokal é , e , jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 20132014 saméméh ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif . 2 Soal tés ahir post-test dina ieu panalungtikan ogé ngagunakeun téhnik éssay atawa ngarang. Ieu soal téh digunakeun pikeun ngukur kamampuh ngalarapkeun vokal é , e , jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 20132014 sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif . Anapon wangun soal tés awal jeung ahir dina ieu panalungtikan téh sakumaha ieu di handap. Wasta : No. Absén : Kelas : Pék jieun ku hidep hiji karangan dumasar kana pangalaman sorangan kalayan katangtuan ieu di handap 1 Jejerna bébas. 2 Eusi karanganna sakurang-kurangna dua paragrap. 3 Gunakeun éjahan vokal é , e , jeung eu katut basa nu bener jeung merenah. _______________________________________________________________ _______________________________________________________________ _______________________________________________________________ _______________________________________________________________ Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data