Neneng Jeni Triwahyuni, 2014 Folklor Dina Tradisi Tujuh Bulanan di Kecamatan Cilawu Kab.Garut Pikeun Bahan
Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
3.2 Métode Panalungtikan
Métode panalungtikan mangrupa salah sahiji cara anu digunakeun pikeun ngahontal tujuan panalungtikan. Unggal panalungtikan téh salawasna baris
merlukeun métode anu luyu jeung udagan anu baris dihontalna. TUJUAN PANALUNGTIKAN
Ngadéskripsikeun : 1.
Prak-prakan nujuh bulanan. 2.
Jenis folklor anu nyampak dina upacara nujuh bulanan. 3.
Hasil panalungtikan pikeun bahan pangajaran maca artikel kabudayaan di SMA kelas XII.
NGUMPULKEUN DATA TINA BUKU-BUKU SUMBER NGEUNAAN TRADISI NUJUH BULANAN
NGAYAKEUN PANALUNGTIKAN DI KECAMATAN CILAWU JEUNG NGAWAWANCARA PARAJI
ANALISIS JEUNG DÉSKRIPSI DATA
NYIEUN KACINDEKAN TINA HASIL NGOLAH DATA
Neneng Jeni Triwahyuni, 2014 Folklor Dina Tradisi Tujuh Bulanan di Kecamatan Cilawu Kab.Garut Pikeun Bahan
Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
Arikunto 2006, kc. 160 nétélakeun yén métode panalungtikan téh nya éta cara anu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data panalungtikanna.
Harti métode sacara jembar dianggap mangrupa stratégi pikeun nyangkem réalitas, léngkah-léngkah sistematis pikeun nganalisis runtuyan sabab-akibat anu
satuluyna. Salaku alat, sarua jeung téori, métode miboga fungsi pikeun ngabasajankeun supaya leuwih babari ditalungtik jeung dicangkem.
Dina ieu panalungtikan ngagunakeun métode déskriptif kualitatif. Nurutkeun Bodgan jeung Taylor dina Basrowi, 2008, kc. 21, métode kualitatif
salaku prosédur panalungtikan nyangking data déskriptif anu mangrupa kecap- kecap sacara tinulis atawa lisan ti jalma-jalma atawa pelaku anu ditalungtik.
Jadi, métode déskriptif kualitatif dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun ngadékripsikeun folklor nujuh bulanan di Kecamatan Cilawu Kabupatén
Garut pikeun bahan pangajaran maca artikel di SMA kelas XII. Métode panalungtikan ieu dipiharep bisa ngahontal tujuan panalungtikan anu baris
dihontal.
3.2.1 Wangenan Operasional
Wangenan operasional nya éta hiji hal anu dipercaya bebeneranna ku panalungtik anu miboga pungsi salaku hal-hal nu dipaké pikeun tempat nangtung
panalungtik dina ngalaksanakeun panalungtikanna Arikunto, 2006, kc. 24.
1 Tradisi Nujuh Bulanan
Upacara nujuh bulanan nya éta salasahiji upacara salametan nu keur kakandungan nalika umur kandungan geus nincak tujuh bulan, dina upacara nujuh
bulanan biasana aya adat ngamandian nu keur kakandungan jeung ngarujak.
2 Folklor
Folklor nya éta bagéan tina budaya anu mangrupa carita rayat anu ngawengku kapercayaan, adat istiadat, paribasa, katahayulan, mitos, legénda,