Lokasi Panalungtikan Lokasi jeung Sumber Data

Neneng Jeni Triwahyuni, 2014 Folklor Dina Tradisi Tujuh Bulanan di Kecamatan Cilawu Kab.Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Kaayaan tempat anu aya dina suku Gunung Cikuray anu ngalantarankeun pagawéan atawa mata pencaharian penduduk téh kana tatanén, ternak sato, perkebunan, jeung anu deket ka basisir mah jadi pamayang. Hasil tatanén di Kecamatan Cilawu ngawengku bawang daun, ganas, cau, gedang, siam atawa keprok, markisa, jeung peuteuy. Ternak mah biasana sapi, domba jeung hayam. Tina hasil perkebunan Cilawu katelah ku hasil perkebunan nya éta akar wangi atawa biasa disebut usar, salian éta aya oge cengkéh, entéh, jeung bako. Kaayaan pendidikan di Kecamatan Cilawu kaitung maju, katingali aya sababaraha sakola ti mimiti TK nepi ka SMASMK. Jumlah TK di ieu kacamatan aya genep, RA opat, SD 68, MI tilu, SMP dalapan, MTs genep, SMA dua, jeung SMK dua.

3.1.2 Sumber Data Panalungtikan

Sumber data dina panalungtikan mangrupa subjék ti mana urang menangkeun éta data. Waktu panalungtik ngagunakeun kuisionér atawa wawancara dina ngumpulkeun datana, sumber datana disebut réspondén, nya éta jalma nu ngaréspon atawa ngajawab patalékan-patalékan panalungtik sacara tinulis atawa lisan Arikunto, 2010. kc. 172. Sumber data anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta kagiatan dina upacara nujuh bulanan, barang-barang nu dipaké dina upacara nujuh bulanan, informasi ti indung berang sarta tina buku- buku sumber anu aya pakuat-pakait jeung judul panalungtikan.

3.1.3 Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan mangrupa prosés panalungtikan nu mangrupa studi pustaka, obsérvasi, ngumpulkeun data, ngolah data, jeung nyusun laporan panalungtikan. Gambar 3.1 Lokasi panalungtikan Neneng Jeni Triwahyuni, 2014 Folklor Dina Tradisi Tujuh Bulanan di Kecamatan Cilawu Kab.Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.2 Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan mangrupa salah sahiji cara anu digunakeun pikeun ngahontal tujuan panalungtikan. Unggal panalungtikan téh salawasna baris merlukeun métode anu luyu jeung udagan anu baris dihontalna. TUJUAN PANALUNGTIKAN Ngadéskripsikeun : 1. Prak-prakan nujuh bulanan. 2. Jenis folklor anu nyampak dina upacara nujuh bulanan. 3. Hasil panalungtikan pikeun bahan pangajaran maca artikel kabudayaan di SMA kelas XII. NGUMPULKEUN DATA TINA BUKU-BUKU SUMBER NGEUNAAN TRADISI NUJUH BULANAN NGAYAKEUN PANALUNGTIKAN DI KECAMATAN CILAWU JEUNG NGAWAWANCARA PARAJI ANALISIS JEUNG DÉSKRIPSI DATA NYIEUN KACINDEKAN TINA HASIL NGOLAH DATA

Dokumen yang terkait

AJÉN FALSAFAH DINA UPACARA SÉBA CIBURUY DÉSA PAMALAYAN KECAMATAN BAYONGBONG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

0 16 30

UNSUR SEMIOTIKA DINA TRADISI NYEPUH DI DESA CIOMAS KECAMATAN PANJALU KABUPATEN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA.

0 16 31

TRADISI NGARUAT COBLONG DI KAMPUNG CIRATEUN KELURAHAN ISOLA KECAMATAN SUKASARI KOTA BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII.

5 81 53

AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN BADOGAR DI DÉSA MARGALAKSANA KECAMATAN CILAWU KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XI.

1 11 23

TRADISI NGARUAT LEMBUR DI DESA TANJUNGSIANG KECAMATAN TANJUNGSIANG KABUPATÉN SUBANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII : Ulikan Sémiotik.

7 76 35

SIMBOL-SIMBOL DINA UPACARA TRADISI GUAR BUMI DI BLOK KAMPÉK DÉSA SALAWANA KACAMATAN DAWUAN KABUPATÉN MAJALENGKA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII.

1 19 33

AJEN ESTETIKA DINA SENI RAJA DOGAR DI KACAMATAN CIBATU KABUPATEN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA KELAS XII.

0 26 28

AJÉN SENI DINA LAIS DI KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

1 12 29

AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN BADOGAR DI DÉSA MARGALAKSANA KECAMATAN CILAWU KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XI - repository UPI S BD 1006275 Title

0 0 3

FOLKLOR DINA TRADISI NUJUH BULANAN DI KECAMATAN CILAWU KABUPATEN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII - repository UPI S BD 1006630 Title

0 0 3