Téhnik Ngumpulkeun Data

Neneng Jeni Triwahyuni, 2014 Folklor Dina Tradisi Tujuh Bulanan di Kecamatan Cilawu Kab.Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Wawancara mangrupa hiji paguneman anu dilakukeun ku nu ngawawancara interviewer pikeun menangkeun informasi ti nu diwawancara. Interviu digunakeun ku panalungtik pikeun ngajén kaayaan salah sahiji jalma. Neneng Jeni Triwahyuni, 2014 Folklor Dina Tradisi Tujuh Bulanan di Kecamatan Cilawu Kab.Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Tradisi nujuh bulanan mangrupa salah sahiji tradisi anu masih kénéh sok dilaksanakeun di Kecamatan Cilawu Kabupatén Garut. Ieu tradisi dilaksanakeun dina waktu aya salah saurang awéwé ngandeg anu umur kandunganna nincak tujuh bulan. Tradisi nujuh bulanan mangrupa warisan ti kolot urang baheula anu kudu dijaga ku urang salaku urang Sunda ngarah henteu leungit kalindes jaman. Prak-prakan tradisi nujuh bulanan dimimitian ku pangajian, dituluykeun ku ngarujak jeung ngamandian nu keur ngandeg. Dina Pangajian dipingpin ku saurang ustad, biasana dilaksanakeun peuting saméméh isukna ngamandian. Dina pangajian biasana disadiakeun sarat-sarat kayaning samping tujuh, sasajén, duwegan, cai kembang, hihid tujuh, coét, hahampangan, wajit ngora jeung dodol, damar jeung bolat bodas katut jarumna. Surat anu dibacakeun dina pangajian nya éta Surat Yusuf, Surat Mariyam, Surat Yasin jeung Solawat Kamilah. Dina ngarujak, kulawarga geus nyiapkeun bungbuahan keur nyieun rujak kanitrén, aya hui, bonténg, jambu, dalima, balingbing, ganas, jeung gedang. Bungbuahan éta diteukteukan laleutik tuluy digalokeun jeung bumbu rujak anu satuluyna sanggeus bérés dimandian engkéna didagangkeun ku nu ngandeg. Satutas ngarujak, paraji nyiapkeun sakabéh sarat pikeun ngamandian. Beuteung nu keur ngandeg diusapan ku paraji anu saméméhna diusapkeun kana waluh maké minyak keletik. Dina prosés ngamandian, nu keur ngandeg dibawa ka buruan kayaning maké samping. Ngamandian nu keur ngandeg téh ku tujuh jalma. Dina unggal jalma nu ngamandian, samping nu dipaké kudu diganti nepi ka tujuh kali. Sésa cai ngamandian diguyurkeun ka nu keur ngandeg, belutna diasupkeun kana beuteung tuluy disolosorkeun kana beuteung nu keur ngandeg ngarah lancar dina waktu Neneng Jeni Triwahyuni, 2014 Folklor Dina Tradisi Tujuh Bulanan di Kecamatan Cilawu Kab.Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu ngalahirkeun. Dina waktu paraji ngaguyurkeun cai, duwegan dibeulah ku salakina nu keur ngandeg ku cara dikadék jadi dua. Satutas éta nu keur ngandeg dibawa ka imah pikeun dibenerkeun kandunganna, ogé di cék naha lila kénéh atawa geus téréh ngalahirkeun. Dina tradisi nujuh bulanan miboga folklor, nya éta opat folklor lisan, lima folklor sabagian lisan, jeung 16 folklor lain lisan. Tradisi nujuh bulanan bisa dijadikeun bahan pangajaran maca artikel di SMA. Tradisi nujuh bulanan mangrupa tradisi urang anu kudu dipikanyaho ku masarakat Sunda umumna, sarta siswa SMA hususna, salaku generasi satuluyna. Éta tradisi téh luyu jeung SKKD Standar Kompetensi Maca di SMASMKMA Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda kelas XII, nya éta nomer 12.3 jeung kaasup dina poin anu aya dina SKKD pangajaran Basa Sunda nya éta maca artikel budaya.

5.2 Saran

Aya sababaraha saran anu hayang ditepikeun ku panyusun saréngséna ieu panalungtikan: 1 Pikeun pamaréntah kudu bisa, hususna Dinas Pariwisata jeung Kabudayaan kudu mikaweruh deui tradisi-tradisi anu masih kénéh aya di masarakat, anu bisa diasupkeun kana bahan pangajaran di sakola sangkan leuwih dipikanyaho ku siswa salaku generasi anyar. 2 Pikeun masarakat hususna Kecamatan Cilawu, umumna sakabéh masarakat Sunda, urang kudu bisa ngajaga tur ngamumulé ieu tradisi. 3 Pikeun panalungtik saterusna, ieu panalungtikan téh masih jauh tina sampurna, sabab masih loba tradisi nujuh bulanan anu aya di masarakat Sunda séjénna nu can kapaluruh, ku kituna dipiharep aya panalungtik nu nalungtik leuwih jero ngeunaan nujuh bulanan.

Dokumen yang terkait

AJÉN FALSAFAH DINA UPACARA SÉBA CIBURUY DÉSA PAMALAYAN KECAMATAN BAYONGBONG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

0 16 30

UNSUR SEMIOTIKA DINA TRADISI NYEPUH DI DESA CIOMAS KECAMATAN PANJALU KABUPATEN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA.

0 16 31

TRADISI NGARUAT COBLONG DI KAMPUNG CIRATEUN KELURAHAN ISOLA KECAMATAN SUKASARI KOTA BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII.

5 81 53

AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN BADOGAR DI DÉSA MARGALAKSANA KECAMATAN CILAWU KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XI.

1 11 23

TRADISI NGARUAT LEMBUR DI DESA TANJUNGSIANG KECAMATAN TANJUNGSIANG KABUPATÉN SUBANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII : Ulikan Sémiotik.

7 76 35

SIMBOL-SIMBOL DINA UPACARA TRADISI GUAR BUMI DI BLOK KAMPÉK DÉSA SALAWANA KACAMATAN DAWUAN KABUPATÉN MAJALENGKA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII.

1 19 33

AJEN ESTETIKA DINA SENI RAJA DOGAR DI KACAMATAN CIBATU KABUPATEN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA KELAS XII.

0 26 28

AJÉN SENI DINA LAIS DI KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

1 12 29

AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN BADOGAR DI DÉSA MARGALAKSANA KECAMATAN CILAWU KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XI - repository UPI S BD 1006275 Title

0 0 3

FOLKLOR DINA TRADISI NUJUH BULANAN DI KECAMATAN CILAWU KABUPATEN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII - repository UPI S BD 1006630 Title

0 0 3