Wangenan Operasional Instrumént Panalungtikan

Siska Vitria Dewi, 2014 Modél pangajaran think-talk-write ttw Pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis téks éksposisi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu nulis karangan éksposisi saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél Think- Talk-Write TTW.

3.4 Tehnik Ngumpulkeun Data

Léngkah-léngkah ngumpulkeun data: 1 ngumpulkeun informasi ku cara nalungtik masalah nu rék ditalungtik, nya éta nulis téks éksposisi; 2 ngarencanakeun panalungtikan, ngawengku nangtukeun udagan nu rék dihontal tina prosés diajar-ngajar, nangtukeun cakupan matéri pangajaran, nangtukeun modél jeung léngkah-léngkah pangajaran, nangtukeun alat évaluasi; 3 nguji modél pangajaran Think-Talk-Write TTW ku cara métode kuasi ékspérimén; 4 nganalisis jeung ngabahas hasil panalungtikan; 5 nyusun laporan hasil panalungtikan. Léngkah-léngkah modél Think-Talk-Write TTW dina pangajaran nulis téks éksposisi, nya éta saperti di handap ieu: 1 guru ngabagikeun soal anu kudu diréngsékeun ku unggal siswa; 2 siswa diperdeih pikeun nyieun catetan leutik ngeunaan bangbaluh anu aya; 3 guru ngabagi kelompok hétérogén, 3-5 urang siswa; 4 siwa ngalakukeun kagiatan nyarita talk sacara grup pikeun ngébréhkeun ide jeung ngumpulkeun ide sangkan bisa ngungkulan pasualan soal; 5 siswa nyusun hasil diskusi kana wangun tinulis sacara individual; 6 guru ngalakukeun évaluasi.

3.5 Wangenan Operasional

1 Modél pangajaran Think-Talk-Write TTW nya éta modél pangajaran anu mekarkeun tehnik diskusi jeung kerja kelompok nu ngutamakeun gawé bareng, kreatifitas, jeung cara pamikiran kritis siswa. Siska Vitria Dewi, 2014 Modél pangajaran think-talk-write ttw Pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis téks éksposisi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 2 Nulis nya éta asalna tina kecap ‘tulis’ maké rarangkén hareup N- nasal anu ngand ung harti ‘ngalakukeun’. Tina ieu harti ébréh yén nulis téh mangrupa hiji kagiatan. 3 Téks éksposisi nya éta téks nu miboga tujuan pikeun ngébrehkeun, méré informasi, ngajarkeun, jeung nerangkeun hiji hal anu teu ngabogaan tarékah pikeun ngajakan atawa mangaruhan nu macana.

3.6 Instrumént Panalungtikan

Instrumén dina ieu panalungtikan fungsina pikeun ngumpulkeun jeung ngolah data tés, jenisna tinulis, wanguna éséi ngeunaan modél pangajaran Think-Talk- Write TTW dina ngaronjatkeun kamampuh nulis téks éksposisi. Instrumen nu digunakeun dina ieu panalungtikan pikeun ngumpulkeun data nya éta tés. Tés mangrupa runtuyan patalékan atawa latihan sarta alat anu digunakeun pikeun ngukur kaparigelan, pangaweruh intelegénsi, kamampuh atawa bakat nu dipiboga ku individu atawa kelompok Arikunto, 2010: 193. Instrumenna mangrupa lembaran tés, dina lembaran tés aya soal atawa paréntah pikeun nulis téks éksposisi. Data nu dikumpulkeun nya éta data pratés saméméh ngagunakeun modél pangajaran Think-Talk-Write TTW, jeung data pascatés sanggeus ngagunakeun modél pangajaran Think-Talk-Write TTW. Tés anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta tés nyieun éséi, ieu tés dipilih lantaran dianggap bisa ngébréhkeun kamampuh hasil diajar nulis téks éksposisi sacara objéktif. Aya téma anu dipaké ku siswa nya éta ngeunaan kadaharan. Pikeun pratés jeung pascatés, disadiakeun dua judul anu kudu dipilih ku siswa nya éta ba’wan jeung sambel. Siska Vitria Dewi, 2014 Modél pangajaran think-talk-write ttw Pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis téks éksposisi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Instrumén nu mangrupa lembaran pratés jeung pascatés anu bakal digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta: 1 Lembaran Pratés 2 Lembaran Pascatés Pék jieun karangan éksposisi, katangtuanana saperti ieu di handap. 1. Karangan minimal 3 paragraf 2. Pilih salasahiji judul di handap. a. Ba’wan b. Sambel 3. Komponén nu dipeunteun: a. kualitas jeung lingkup eusi b. organisasi jeung tampilan eusi c. gaya basa d. éjahan e. rapih henteuna tulisan 4. Waktu 1 jam pelajaran Pék jieun karangan éksposisi, katangtuanana saperti ieu di handap: 1. Karangan minimal 3 paragraf 2. Pilih salasahiji judul di handap. a. Ba’wan b. Sambel 3. Komponén nu dipeunteun: a. kualitas jeung lingkup eusi b. organisasi jeung tampilan eusi c. gaya basa d. éjahan e. rapih henteuna tulisan 4. Waktu 1 jam pelajaran Siska Vitria Dewi, 2014 Modél pangajaran think-talk-write ttw Pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis téks éksposisi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.7 Téhnik Ngolah Data