Desain Panalungtikan Sumber Data Métode Panalungtikan Tehnik Ngumpulkeun Data

Siska Vitria Dewi, 2014 Modél pangajaran think-talk-write ttw Pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis téks éksposisi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Desain Panalungtikan

Ieu panalungtikan téh ngagunakeun desain “Pre-test and Post-Test Group”. Dina ieu desain panalungtikan, tés dilakukeun dua kali, nya éta saméméh ékspérimén jeung sanggeus ékspérimén, O 1 disebut pratés, jeung O 2 disebut pascatés. Bédana antara O 1 jeung O 2 yén O 1 - O 2 diasumsikeun mangrupa éfék tina treatment atawa ékspérimén Arikunto 2010: 124. Desain ieu panalungtikan katitém ieu di handap. Pola: Katerangan: O 1 = tés awal pratés X = perlakuan ngagunakeun modél pangajaran Think-Talk-Write TTW O 2 = tés ahir pascatés

3.2 Sumber Data

Anu jadi sumber data dina ieu panalungtikan nya éta siswa Kelas VII A SMPN 1 Cibeureum Kabupaten Kuningan taun 2013-1014. Cara nangtukeun sumber datana nya éta make purposive sample. Ieu panalungtikan didadasaran lantaran kurangna pangaweruh kelas VII SMP Negeri 1 Cibeureum Kuningan ngeunaan matéri téks éksposisi. Ditilik tina kasadiaan tanaga panalungtik jeung waktu, tangtu moal sakabéh kelas bisa ditalungtik. Ku kituna, panalungtik nangtukeun kelas VII A salaku sumber data dina ieu panalungtikan.

3.3 Métode Panalungtikan

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode kuasi ékspérimén nu miboga tujuan pikeun ngukur kamampuh siswa dina pangajaran O 1 X O 2 Siska Vitria Dewi, 2014 Modél pangajaran think-talk-write ttw Pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis téks éksposisi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu nulis karangan éksposisi saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél Think- Talk-Write TTW.

3.4 Tehnik Ngumpulkeun Data

Léngkah-léngkah ngumpulkeun data: 1 ngumpulkeun informasi ku cara nalungtik masalah nu rék ditalungtik, nya éta nulis téks éksposisi; 2 ngarencanakeun panalungtikan, ngawengku nangtukeun udagan nu rék dihontal tina prosés diajar-ngajar, nangtukeun cakupan matéri pangajaran, nangtukeun modél jeung léngkah-léngkah pangajaran, nangtukeun alat évaluasi; 3 nguji modél pangajaran Think-Talk-Write TTW ku cara métode kuasi ékspérimén; 4 nganalisis jeung ngabahas hasil panalungtikan; 5 nyusun laporan hasil panalungtikan. Léngkah-léngkah modél Think-Talk-Write TTW dina pangajaran nulis téks éksposisi, nya éta saperti di handap ieu: 1 guru ngabagikeun soal anu kudu diréngsékeun ku unggal siswa; 2 siswa diperdeih pikeun nyieun catetan leutik ngeunaan bangbaluh anu aya; 3 guru ngabagi kelompok hétérogén, 3-5 urang siswa; 4 siwa ngalakukeun kagiatan nyarita talk sacara grup pikeun ngébréhkeun ide jeung ngumpulkeun ide sangkan bisa ngungkulan pasualan soal; 5 siswa nyusun hasil diskusi kana wangun tinulis sacara individual; 6 guru ngalakukeun évaluasi.

3.5 Wangenan Operasional