Sistematika Nyusun Skripsi Desain Panalungtikan

Mia Tresnawati, 2013 Pangaruh basa di kulawarga kana kamampuh ngalarapkeun undak usuk basa sunda siswa Smp Negeri 1 Katapang Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Sacara praktis ieu panalungtikan miboga mangpaat saperti ieu di handap. 1 Guru 1 Mikanyaho nepi ka mana pangaruh basa di kulawarga kana pangaweruh siswa ngeunaan basa Sunda. 2 Mikanyaho nepi ka mana pangaruh basa di kulawarga kana kamampuh siswa dina ngalarapkeun basa Sunda. 3 Mikanyaho nepi ka mana pangaruh basa di kulawarga kana pangaweruh siswa ngeunaan UUBS. 4 Mikanyaho nepi ka mana pangaruh basa di kulawarga kana kamampuh siswa dina ngalarapkeun UUBS. 2 Siswa 1 Nambahan pangaweruh ngeunaan basa Sunda. 2 Nambahan pangaweruh ngeunaan UUBS. 3 Mahér tur tapis dina ngalarapkeun UUBS. 3 Lembaga 1 Pikeun ngamekarkeun pangajaran dina widang kabasaan ngeunaan UUBS. 2 Muka wawasan élmu pangaweruh anu leuwih jembar ngeunaan UUBS.

1.5 Sistematika Nyusun Skripsi

Ieu hasil panalungtikan disusun dina lima bab. Bab I mangrupa bagéan mimiti tina skripsi anu eusina medar ngeunaan bubuka. Bubuka eusina ngeunaan kasang tukang panalungtikan, identifikasi jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung sistematika nyusun skripsi. Bab II medar ngeunaan tiori anu patali jeung judul panalungtikan “Pangaruh Basa di Kulawarga kana Kamampuh Ngalarapkeun Undak Usuk Basa Mia Tresnawati, 2013 Pangaruh basa di kulawarga kana kamampuh ngalarapkeun undak usuk basa sunda siswa Smp Negeri 1 Katapang Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Sunda” minangka dadasar dilakukeunna panalungtikan, anu ngawengku basa di kulawarga, undak usuk basa Sunda, UUBS dina pangajaran basa Sunda di SMP, hubungan basa di kulawarga jeung kamampuh ngalarapkeun UUBS siswa SMP Negeri 1 Katapang, sarta anggapan dasar jeung hipotésis. Bab III medar ngeunaan métode panalungtikan anu ngawengku lokasi jeung subjék panalungtikan, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumen panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, jeung analisis data. Bab IV mangrupa analisis pangaruh basa di kulawarga kana kamampuh ngalarapkeun undak usuk basa Sunda anu ngawengku analisis basa di kulawarga, analisis kamampuh ngalarapkeun UUBS, jeung analisis pangaruh basa di kulawarga kana kamampuh ngalarapkeun UUBS. Bab V mangrupa bagéan panutup tina skripsi anu eusina medar ngeunaan kacindekan jeung saran hasil panalungtikan anu ngawengku saran pikeun guru basa Sunda di sakola sarta pikeun panalungtik satuluyna. Mia Tresnawati, 2013 Pangaruh basa di kulawarga kana kamampuh ngalarapkeun undak usuk basa sunda siswa Smp Negeri 1 Katapang Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 36 BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi jeung Subjék Panalungtikan

3.1.1 Lokasi Panalungtikan

Lokasi panalungtikan nya éta tempat dilakukeunna panalungtikan sangkan prosés panalungtikan bisa bérés dina waktu anu geus ditangtukeun. Lokasi panalungtikan misalna; provinsi, kabupaténkota, kecamatan, kelurahandesa, perusahaan, laboratorium, dinas, lembaga, instansi, sakola, jrrd Riduwan, 2006:12. Dumasar kana pedaran di luhur, anu jadi lokasi panalungtikan nya éta sakola. Anapon sakola anu jadi lokasi panalungtikan téh nya éta SMPN 1 Katapang. Perenahna SMPN 1 Katapang téh di Jalan Terusan Kopo Km. 13 No. 245 Kabupaten Bandung.

3.1.2 Subjék Panalungtikan

Subjék panalungtikan nya éta anggota populasi anu ngawengku tina jalma- jalma biasa, tapi saupama lain mangrupa jalma disebut objék panalungtikan Sukmadinata, 2006:250. Ku kituna, subjék panalungtikan téh ngawengku populasi jeung sampel.

3.1.2.1 Populasi

Populasi nya éta sakabéh obyék anu bakal ditalungtik dina hiji kagiatan panalungtikan, boh mangrupa banda, manusa, kajadian, boh gejala-gejala anu bakal kajadian. Ieu sakabéhna paling saeutik kudu miboga sifat-sifat anu sarua. Ku kituna, populasi nya éta sakabéh sumber data anu jadi obyék panalungtikan Suyatna, 2002:10. Mia Tresnawati, 2013 Pangaruh basa di kulawarga kana kamampuh ngalarapkeun undak usuk basa sunda siswa Smp Negeri 1 Katapang Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Sukmadinata 2006:250, populasi nya éta kelompok gedé jeung wilayah anu jadi lingkup panalungtikan. Populasi nya éta sakabéh subjék panalungtikan Arikunto, 2010:173. Riduwan 2006:54, populasi nya éta objék atawa subjék anu aya dina hiji wilayah anu nyumponan sarat-sarat anu tangtu sarta patali jeung masalah panalungtikan. Dumasar kana sababaraha wangenan di luhur, bisa dicindekkeun yén populasi nya éta sakabéh sumber data anu jadi lingkup panalungtikan. Anu dijadikeun populasi dina ieu panalungtikan nya éta murid SMP kelas IX SMP Negeri 1 Katapang taun ajaran 20122013 anu jumlahna aya 11 kelas, nya éta kelas IX-A, IX-B, IX-C, IX-D, IX-E, IX-F, IX-G, IX-H, IX-I, IX-J, jeung IX-K. Éta sakabéh kelas IX téh miboga karakterisasi anu méh sarua.

3.1.2.2 Sampel

Sampel mangrupa bagéan tina populasi sarta disebutkeun bisa ngawakilan populasi Suyatna, 2002:11. Dina nangtukeun sampel tangtu kudu ngawakilan kana populasi anu aya, dina harti sampel anu dipilih kudu réprésentatif ngawakilan populasi. Sampel nya éta sabagéan atawa wawakil populasi anu ditalungtik Arikunto, 2010:174. Sukmadinata 2006:250, sampel nya éta kelompok leutik anu bener-bener ditalungtik jeung dicokot kacindekanna. Dumasar kana sababaraha wangenan di luhur bisa dicindekkeun yén sampel téh nya éta sabagéan populasi anu ditalungtik. Sampel anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta sampel random sederhana atawa sampel acak sederhana sample random sampling. Dina sampel acak sederhana, sakabéh individu anu jadi anggota populasi miboga kasempetan anu sarua pikeun dipilih jadi sampel. Sabab unggal individu miboga karakteristik anu sarua pikeun dijadikeun sampel. Mia Tresnawati, 2013 Pangaruh basa di kulawarga kana kamampuh ngalarapkeun undak usuk basa sunda siswa Smp Negeri 1 Katapang Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Anapon téhnik ngumpulkeun sampel anu digunakeun saluyu jeung pamadegan Surakhmad Riduwan, 2004:65 yén saupama ukuran populasi lobana kurang leuwih ti 100, mangka sampel anu dicokot sakurang-kurangna 50 tina ukuran populasi. Saupama ukuran populasi sama jeung atawa leuwih tina 1000 ukuran sampel dipiharep sakurang-kurangna 15 tina ukuran populasi. Panangtuan jumlah sampel dilakukeun ngagunakeun rumus anu diébréhkeun ku Riduwan 2005:65 saperti ieu di handap. S = 15 + 1000 – 385 . 50 - 15 1000 - 100 S = 15 + 615 . 35 900 S = 15 + 0,68 35 S = 15 + 23,92 S = 38,92 dibuleudkeun jadi 39 Jadi, jumlah sampel lobana 39 X 385 = 150,15 réspondén dibuleudkeun jadi 151 réspondén. Ku kituna, kelas IX anu dijadikeun sampel nya éta kelas IX-D, IX-E, IX-H jeung IX-J. Kelas nu dipilih téh dumasar kana jumlah siswana sangkan bisa nyumponan jumlah sampel anu geus ditangtukeun.

3.2 Desain Panalungtikan

S = 15 + 1000 – n . 50 - 15 1000 - 100 Katerangan: S = jumlah sampel anu dicokot n = jumlah anggota populasi Mia Tresnawati, 2013 Pangaruh basa di kulawarga kana kamampuh ngalarapkeun undak usuk basa sunda siswa Smp Negeri 1 Katapang Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Dumasar kana métode panalungtikan anu digunakeun nya éta métode déskriptif kuantitatif jeung dumasar kana judul panalungtikan nya é ta “Pangaruh Basa di Kulawarga kana Kamamapuh Ngalarapkeun Undak Usuk Basa Sunda” mangka desain panalungtikanna nya éta: x y Katerangan: x = basa di kulawarga y = kamampuh ngalarapkeun UUBS Desain panalungtikan némbongkeun yén antara variabel x jeung variabel y téh silih pangaruhan. Basa di kulawarga méré pangaruh kana kamampuh ngalarapkeun UUBS sarta kamampuh ngalarapkeun UUBS dipangaruhan ku basa di kulawarga.

3.3 Métode Panalungtikan