Kasang Tukang Masalah Tujuan Babasan dina Basa Sunda

Tengetan conto karya tulis ilmiah ieu di handap A. Conto Bagian Jilid B. Conto Panganteur B. Conto Daftar Eusi C. Conto Bab I Bubuka D. Conto BAB II PEDARAN BABANDINGAN ANTARA BABASAN BASA JAWA JEUNG BASA SUNDA Makalah Disusun ku KELOMPOK 2 1. Ery Eriyanti 2. Iskandar 3. Siti Kulsum 4. Setiawan KELAS 3 B SMP NEGERI 1 CINGAMBUL KABUPATEN MAJALENGKA PANGANTEUR Ieu makalah mangrupa hiji tulisan nu eusina maluruh dua basa nyaeta basa Sunda jeung basa Jawa. Hususna medar ngeunaan babandingan antara babasan basa Jawa jeung basa Sunda. Maksud jeung tujuan nyusun ieu makalah nyaeta pikeun ngabandingkeun babasan basa Jawa jeung basa Sunda, naon bedana jeung naon sasaruanana. Naha babasan anu sarua dina basa jawa boga maksud atawa harti nu sarua dina babasan basa Sunda. Teu hilap panyusun ngahaturkeun nuhun ka sadaya pihak anu parantos ngarojong kana proses ngarengsekeun ieu makalah. Utamina ka Bapa Drs. M. Yusuf Syaefudin salaku Guru Basa Sunda di SMP Negeri 1 Cingambul. Panyusun sacara sadar ngaraoskeun yen ieu makalah teh kirang sampurna. Ku kituna dipiharep saran sareng kritik nu sipatna DAFTAR EUSI PANGJAJAP DAFTAR EUSI BAB I BUBUKA A. Kasang Tukang Masalah B. Tujuan C. Rumusan jeung Watesan Masalah BAB II PEDARAN A. Babasan dina Basa Sunda B. Babasan dina Basa Jawa C. Babandingan antara Babasan Basa Jawa jeung Basa Sunda BAB III PANUTUP A. Kacindekan B. Saran DAFTAR PUSTAKA BAB I BUBUKA

A. Kasang Tukang Masalah

Basa mangrupa salah sahiji alat pikeun komunikasi manusa. Ngaliwatan basa, urang bisa nepikeun maksud nu geus dirarancang samemehna. Cara ngagunakeun basa salaku alat komunikasi aya dua cara, bisa sacara lisan bisa oge sacara tulisan. Di Indonesia salian basa Sunda teh aya deui basa sejen diantarana bae nyaeta basa Jawa. Basa Sunda jeung basa Jawa teh masih sarungkun, ku kituna bakal aya basa nu sarua disagigireun bedana teh. Ieu makalah medar ngeunaan babandingan antara babasan basa Sunda jeung basa Jawa ditilik tina ma’na atawa maksudna.

B. Tujuan

Tujuan nyusun ieu makalah nyaeta : 1. Ngabandingkeun babasan antara dua basa nyaeta basa Jawa jeung basa Sunda. 2. Manggihan babasan nu sarua 3. Manggihkeun harti nu sarua 4. Nambahan pangaweruh ngeunaan basa daerah. C. Rumusan jeung Watesan Masalah Sababaraha masalah nu baris ditalungtik dina ieu makalah dirumuskeun saperti di handap. 1. Naha aya istilah dina babasan basa Jawa saperti nu aya dina basa Sunda ? 2. Naha aya sasaruaan antara babasan dina basa Sunda jeung basa Jawa dina unsur hartina ? Watesan masalah anu dipedar nyaeta ngabandingkeun 12 babasan basa Sunda jeung 12 babasan basa Jawa. BAB II PEDARAN

A. Babasan dina Basa Sunda

Dumasar kana teori netelakeun yen babasan teh nyaeta ungkara winangun kecap kantetan atawa frasa anu susunanana geus matok sarta miboga harti anu mandiri nu beda jeung harti kecap asalna. Ieu di handap diberendelkeun sababaraha babasan wangun frasa anu dicutat tina buku Peperenian kenging Drs. Ahmad Hadi, Spk. 1. adigung adiguna 2. harigu manukeun 3. ayem tengtrem 4. kurung batok 5. babalik pikir 6. getas harupateun 7. nyoo gado 8. balungbang timur 9. buntut kasiran 10. amis daging 11. hampang leungeun 12. panjang leungen

C. Babasan dina Basa Jawa