Uji Gain Uji Hipotésis

41 Ayu Yuningsih , 2013 Modél Pangajaran Think-Talk-Write Ttw Dina Pangajaran Nulis Laporan Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu 2 Uji Homogénitas Uji homogénitas nya éta uji sipat data nu tujuanana pikeun mikanyaho homogén henteuna sampel tina populasi anu sarua. Léngkah-léngkah pikeun nangtukeun homogénitas nya éta: a Ngitung variasi masing-masing kelompok Variansi tés awal Variansi tés ahir Sudjana, 2005: 95 b Ngitung harga variasi F c Ngitung derajat kabébasan dk d Nangtukeun harga F tab él e Nangtukeun homogén henteuna data dumasar kana kritéria ieu di handap. Saupama F itung F tabél hartina variasi sampel homogén. Saupama F itung F tabél hartina variasi sampel teu homogén. Sudjana, 2005:250

3.7.2 Uji Gain

Uji gain miboga tujuan pikeun nangtukeun naha aya béda anu signifikan antara hasil pretés jeung posteés. Hasil tina uji gain, bisa meunangkeun gambaran S 1 = n ∑f i 2 − . 2 � �−1 S 2 = n ∑f i 2 − . 2 � �−1 � = �� � �� é �� � �� dk = n - 1 42 Ayu Yuningsih , 2013 Modél Pangajaran Think-Talk-Write Ttw Dina Pangajaran Nulis Laporan Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu ngeunaan pangaruh digunakeunana modél pangajaran Think-Talk-Write dina nulis laporan siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran 20122013. Léngkah-léngkah dina uji gain nya éta ngagunakeun tabél ieu di handap. Tabél 3.5 Uji Gain d Tingkat Kamampuh Nulis Laporan No Peunteun Pretés Peunteun Postés d d 2 1. 2. ∑

3.7.3 Uji Hipotésis

Dina uji hipotésis aya dua cara. Kahiji, saupama data hasil uji normalitas nuduhkeun yén éta data miboga distribusi data anu normal, dina nguji éta data hipotésisna ngagunakeun statistik paramétris kalawan ngagunakeun uji t-tés. Kadua, saupama data hasil uji normalitas téh nuduhkeun yén data miboga distribusi data anu teu normal, dina nguji éta data hipotésisna ngagunakeun statistik nonparamétris kalawan ngagunakeun uji Wilcoxon. 1 Statistik Paramétris Statistik paramétris digunakeun nalika data miboga distribusi anu normal. Léngkah-léngkah dina statistik paramétris nya éta saperti ieu di handap. a Ngitung rata-rata mean tina béda antara peunteun tés awal jeung peuteun tés ahir. Rumusna nya éta: b Ngitung darajat kabébasan dk, rumusna nya éta: c Ngitung jumlah kuadrat déviasi, rumusna nya éta: � = ∑ � dk= n-1 ∑ 2 = ∑ 2 − ∑ 2 � 43 Ayu Yuningsih , 2013 Modél Pangajaran Think-Talk-Write Ttw Dina Pangajaran Nulis Laporan Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu d Ngitung t, rumusna nya éta: Katerangan: t = tés signifikansi Md = rata-rata mean tina béda antara hasil tés awal jeung tés ahir ∑x²d = jumlah kuadrat déviasi n = jumlah subyék dina sampel e Ditarima henteuna hipotésis dumasar kana kritéria ieu dihandap.  Lamun t itung t tab él hartina hipotésis ditarima, yén modél pangajaran Think-Talk-Write éféktif dina ngaronjatkeun kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran 20122013.  Lamun t itung t tab él hartina hipotésis ditolak, yén modél pangajaran Think-Talk-Write teu éféktif dina ngaronjatkeun kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran 20122013. 2 Statistik Non-Parametris Statistik Non-Paramétris digunakeun saupama data hasil uji normalitas téh nuduhkeun yén data miboga distribusi data anu teu normal, dina nguji éta data kalawan ngagunakeun uji Wilcoxon. Numutkeun Sudjana 2005: 450 léngkah-léngkah uji Wilcoxon, diantarana nya éta: a asupkeun peunteun pretés siswa kana kolom ka-2 XA1; b asupkeun peunteun postés siswa kana kolom ka-3 XB1; c itung bédana antara pretés jeung postés ku cara XB1-XB1 tuluy asupkeun hasilna kana kolom ka-4; d nangtukeun jenjang ku cara ngurutkeun hasil béda tina kolom ka-4 ti mimiti nilai béda anu pangleutikna nepi anu panggedéna; = � ∑ 2 �� −1 44 Ayu Yuningsih , 2013 Modél Pangajaran Think-Talk-Write Ttw Dina Pangajaran Nulis Laporan Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu e sanggeus diurutkeun misalna aya nilai nu sarua, pikeun nangtukeun jenjangna, éta nilai téh dijumlahkeun tuluy dibagi dua. Nilai tina hasil ngabagi téh mangrupa hasil jenjangna; f sanggeus diurutkeun, asupkeun nilai jenjang JB kana kolom ka-5; g ngasupkeun nilai jenjang anu positif kana kolom ka-6, misalna aya nilai béda anu négatif asupkeun kana kolom ka-7; h tingali kana tabél harga-harga kritis uji Wilcoxon, misal jumlah n = 23 kalawan ngagunakeun taraf kasalahan 5 W tabél = 73; i data anu geus diitung tuluy diasupkeun kana tabél uji Wilcoxon ieu dihandap. Tabél 3.6 Tabél Uji Wilcoxon No XA1 XB1 Béda Tanda Jenjang XA1-XB1 Jenjang + - Katerangan: XA1 : Peunteun pretés XB1 : Peunteun postés j ditarima henteuna hipotésis dina uji Wilcoxon ngagunakeun kriteria ieu dihandap.  Saupama W itung- W tabél dumasar taraf nyata nu ditangtukeun, hartina Ha ditarima, yén modél pangajaran Think-Talk-Write éféktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran 20122013.  Saupama W itung- W tabél dumasar taraf nyata nu ditangtukeun, hartina Ha ditolak, yén modél pangajaran Think-Talk-Write henteu éféktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran 20122013. 68 Ayu Yuningsih , 2013 Modél Pangajaran Think-Talk-Write Ttw Dina Pangajaran Nulis Laporan Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan jeung analisis data dina bab opat ngeunaan kaéféktifan modél pangajaran Think-Talk-Write dina ngaronjatkeun kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran 20122013, bisa dicindekkeun yén kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran 20122013 saméméh ngagunakeun modél pangajaran Think-Talk-Write, hasilna can nyugemakeun atawa kurang tina KKM anu geus ditangtukeun. Hal ieu katitén tina rata-rata skor tiap aspékna. Rata-rata skor tina aspék eusi nya éta 3, 27; skor rata-rata tina aspék organisasi eusi nya éta 3,03; skor rata-rata tina aspék karapihan tulisan nya éta 2, 83; jeung rata-rata skor tina aspék éjahan nya éta 2,3. Jadi, rata-rata ahir tina sakabeh aspék nya éta 11, 37 kalawan rata-rata penteun 55,83. Kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran 20122013 sabada ngagunakeun modél pangajaran Think-Talk-Write, hasilna nyugenakeun atawa geus bisa ngahontal KKM anu geus ditangtukeun. Hal ieu katitén tina rata-rata skor tiap aspékna. Rata-rata skor tina aspék eusi nya éta 4,13; skor rata-rata tina aspék organisasi eusi nya éta 3,77; skor rata-rata tina aspék karapihan tulisan nya éta 3,73; jeung rata-rata skor tina aspék éjahan nya éta 3,5. Jadi, rata-rata ahir tina sakabeh aspék nya éta 15,2 kalawan rata-rata penteun 76. Tina hasil pretés, postés, jeung uji gain tétéla modél pangajaran Think- Talk-Write éféktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran 20122013. Ieu hal dibuktikeun ogé tina uji hipotésis anu ngahasilkeun t itung t tabél , nya éta 19,46 2,46 bisa dicindekkeun yén hipotésis kerja Ha ditarima jeung hipotésis nol H ditolak. Hartina, aya béda anu signifikan antara hasil pretés jeung postés saméméh jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran Think-Talk-Write.