Metode Panalungtikan METODE PANALUNGTIKAN

Krisna Amelia,2014 UNSUR SEMIOTIKA DINA TRADISI NYEPUH DI DESA CIOMAS KECAMATAN PANJALU KABUPATEN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu metode panalungtikan deskriptif nyaéta panalungtikan anu miboga udagan pikeun ngadadarkeun kajadian atawa fenomena anu aya. Panalungtikan deskriptif ngajén sifat tina kondisi-kondisi anu aya, konkret. Tujuan ieu panalungtikan diwatesanan pikeun ngagambarkeun karakteristik dina hiji hal anu geus nyampak Syamsuddin jeung Damaianti, 2011, kc. 24. Pamarekan anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta pamarekan kualitatif. Pamarekan kualitatif nurutkeun Bogdan jeung Taylor dina Basrowi jeung Suwandi 2008, kc. 21, nyaéta prosedur panalungtikan anu ngahasilkeun data déskriptif, mangrupa kekecapan anu ditulis atawa sacara lisan mangrupa omongan ti jalma-jalma jeung paripolah anu bisa ditempo jeung ditalungtik. Nurutkeun Basrowi jeung Suwandi 2008, kc. 187, pamarekan kualitatif téh bisa nyangking pamahaman jeung panafsiran anu nyosok jero ngeunaan ma’na, kanyataan, jeung fakta anu relevan. Moleong nétélakeun yén panalungtikan kualitatif sifatna deskriptif, data anu dikumpulkeun leuwih loba mangrupa kecap- kecap atawa gambar dibandingkeun jeung angka-angka Basrowi jeung Suwandi, 2008, kc. 187. Saluyu jeung metode anu digunakeun, ieu panalungtikan miboga udagan pikeun ngadeskripsikeun tradisi nyepuh di Desa Ciomas Kecamatan Panjalu, struktur prak-prakanana, maluruh unsur semiotika teori Sanders Peirce nyaéta ikon, indeks, jeung simbol dina éta tradisi, jeung ngalarapkeunana dina bahan pangajaran maca artikel di SMA.

3.4 Wangenan Operasional

Dina wangenan operasional ngajéntrékeun istilah-istilah dina judul panalungtikan, sangkan nu maca boga gambaran ngeunaan ieu panalungtikan. a. Simbol nyaéta tanda pikeun rupa-rupa hal anu aya dina kahirupan sarta miboga ma’na anu geus disapukan babarengan. b. Tradisi nyepuh Désa Ciomas Kecamatan Panjalu nyaéta salah sahiji kabiasaaan anu nepi ka ayeuna masih dilaksanakeun sataun sakali ku masarakat Désa Ciomas Kecamatan Panjalu. Tradisi nyepuh téh tradisi ngaberesihkeun diri saacan nyanghareupan bulan Romadon. Sacara saréatna Krisna Amelia,2014 UNSUR SEMIOTIKA DINA TRADISI NYEPUH DI DESA CIOMAS KECAMATAN PANJALU KABUPATEN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu jalma-jalma diberesihkeun ku cai anu dianggap karamat, nyaéta cai ti geger emas. Cai geger emas dianggap karamat, lantaran asal éta cai téh tina cai jam- jam anu dibawa ku ulama ti Mekkah. Ku kituna, salian ti beberesih diri dina nyepuh gé dihususkeun pikeun jarah ka makam ulama. c. Bahan pangajaran nyaéta pangrojong dina kagiatan diajar-ngajar pikeun ngahontal udagan pangajaran anu wujudna bisa jelema, data, atawa wujud séjén. d. Maca artikel mangrupa hiji kagiatan mikir pikeun nyangking sarta maham pesen tina tulisan bébas. Tulisan bebas di dieu eusina opini hiji jalma anu medar hiji masalah nu tangtu nepi ka réngsé, sifatna aktual atawa kontroversial, miboga udagan pikeun méré nyaho informatif, mangaruhan jeung ngayakinkeun persuasif argumentatif, atawa ngahibur pamaca rekreatif. Materi ngeunaan artikel téh aya di SMA kelas XII, anu salah sahiji kompetensi intina nyaéta menginterpretasi, menanggapi, dan mengomentari teks artikel sesuai dengan kaidah-kaidahnya 12.4.3. Jadi, maksud tina judul “Simbol-simbol anu Nyampak dina Tradisi Nyepuh di Désa Ciomas Kecamatan Panjalu Kabupaten Ciamis pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA ” nya eta panalungtikan pikeun ngadeskripsikeun tradisi nyepuh, ngaanalisis unsur semiotika dina éta tradisi, sarta ngalarapkeun kana bahan pagajaran maca artikel di SMA Kelas XII.

3.5 Instrumen Panalungtikan

Sukardi 2011, kc. 121 nétélakeun yén instrumen panalungtikan téh alat atawa pakakas pikeun ngumpulkeun data lapangan. Instrumén nu alus nyaéta alat anu mampuh nyangking informasi boh tina objek boh tina subjek panalungtikan. Panalungtik bisa ngagunakeun instrumen anu geus aya saperti handphone atawa nyieun instrumen saperti nyieun padoman wawancara. Instrumen dina ieu panalungtikan ditataan di handap.

Dokumen yang terkait

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN WAYANG LANDUNG DI DÉSA PANJALU KECAMATAN PANJALU PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

0 1 7

Ajén Éstétika dina Upacara Tradisi Cingcowong di Désa Luragung Landeuh pikeun Alternatif Bahan Pangajaran Maca di SMA.

1 21 11

FOLKLOR DINA TRADISI NUJUH BULANAN DI KECAMATAN CILAWU KABUPATEN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII.

2 21 26

UNSUR SEMIOTIK DINA UPACARA REWAHAN DI DESA TARAJU KAC.SINDANGAGUNG KAB.KUNINGAN PIKEUN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII.

1 15 29

TRADISI NGARUAT LEMBUR DI DESA TANJUNGSIANG KECAMATAN TANJUNGSIANG KABUPATÉN SUBANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII : Ulikan Sémiotik.

7 76 35

UNSUR SÉMIOTIK DINA KASENIAN BANGKONG RÉANG DI KAMPUNG CIJAURA DÉSA LEBAKMUNCANG KACAMATAN CIWIDÉY KABUPATÉN BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA.

0 21 32

AJÉN FALSAFAH DINA UPACARA NYACARKEUN JALAN DI DUSUN LINGGAHARJA DESA MEKARSARI KECAMATAN TAMBAKSARI KABUPATEN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

0 26 32

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN TRADISI PAREBUT SÉÉNG DI DÉSA KUTAJAYA KECAMATAN CICURUG KABUPATÉN SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

1 30 33

KASENIAN BEBEGIG SUKAMANTRI DI KECAMATAN SUKAMANTRI KABUPATEN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA.

5 155 30

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN BUTA DAOR DI DUSUN CIMENDONG DÉSA PANJALU KECAMATAN PANJALU KABUPATEN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII - repository UPI S BD 1200810 Title

0 0 4