Kasang Tukang Panalungtikan BUBUKA
Krisna Amelia,2014 UNSUR SEMIOTIKA DINA TRADISI NYEPUH DI DESA CIOMAS KECAMATAN PANJALU KABUPATEN
CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
hirup, maot, jeung sajabana. Koentjaraningrat 2005, kc. 202 gé nyebutkeun yén sagala hal anu aya patalina jeung laku lampah kaagamaan jadi karamat. Tempat
jeung waktu anu dipaké pikeun ngalaksanakeun prilaku kaagamaan sarta pakakas jadi karamat, nepi ka jelema-jelema anu ilubiung gé dianggap karamat, sanajan éta
hal téh sipatna profan. Pikeun ngajaga hal nu dianggap karamat, manusa nyiptakeun aturan biasana
ngaliwatan simbol-simbol, boh nu nyamuni boh nu nyampak dina prak-prakan tradisina. Loba masarakat nu jadi palaku budaya, tapi teu apal kana simbol-simbol
nu nyangkaruk
dina kabudayaanana.
Balukarna, loba
masarakat nu
ngalaksanakeun tradisi, tapi teu apal alus atawa henteuna éta tradisi. Dina tradisi nyepuh, jelema anu ilubiungna téh maraké baju bodas, tuluy aya tumpeng, sarta
melak tatangkalan. Éta téh mangrupa simbol anu miboga amanat, tapi teu kabéh hal anu aya dina tradisi disebut simbol, ku kituna kudu dianalisis mana nu kaasup
simbol mana nu lain simbol. Tiori anu digunakeun pikeun nganalisis nyaéta tiori semiotika Charles Sanders Peirce. Sudaryat 2010, kc. 21, nétélakeun tiori
semiotik téh nyaéta tiori tanda jeung simbul, elmu anu maluruh rupa-rupa sistem tanda. Tanda téh digun
akeun pikeun nafsirkeun hiji ma’na. Tanda nyaéta gunggungan tina hiji wangun penanda signifier kana hiji pikiran atawa petanda
signified Sobur, 2009, kc. 46. Semiotik nyaéta élmu anu maluruh kana sagala hal nu nyicingan hiji posisi salaku wawakil tina hal séjén Isnéndés, 2010b, kc.
57. Tiori Peirce nétélakeun tilu hubungan tanda jeung acuanna nyaéta 1 ikon, 2 indeks, jeung 3 simbol Sudjiman Zoest, 1991, kc. 8. Salian ti mikaweruh
simbol dina tradisi nyepuh, ieu hasil panalungtikan gé bakal mikanyaho ikon jeung indéksna.
Ku cara nganalisis unsur semiotika, ajén-inajén dina tradisi nyepuh bisa dicangking sarta masarakat Sunda bisa leuwih wanoh jeung ngariksa budayana.
Ku kituna, nu nyusun miboga karep pikeun ngawanohkeun unsur semiotika dina tradisi nyepuh di Désa Ciomas Kecamatan Panjalu Kabupatén Ciamis
. Upama
geus ngayakeun panalungtikan sarta hasilna jadi élmu, bisa dijadikeun hiji artikel budaya anu dilarapkeun kana bahan pangajaran maca artikel di SMA. Ieu bahan
Krisna Amelia,2014 UNSUR SEMIOTIKA DINA TRADISI NYEPUH DI DESA CIOMAS KECAMATAN PANJALU KABUPATEN
CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
pangajaran maca artikel téh bisa nambahan pangaweruh siswa ngeunaan tradisi urang Sunda.
Hasil panalungtikan ngeunaan ulikan semiotik mah geus aya saperti “Simbol
jeung Ma’na nu Nyampak dina Tradisi Nikah di Desa Cigugur Kacamatan Parongpong Kabupaten Bandung” Skripsi Yulia Astuti, 2008 nu dina hasil
panalungtikanana aya 59 simbol dina tradisi nikah nu miboga mangpaat pikeun jadi piwuruk ka nu nikah
, “Simbol-Simbol nu Nyampak dina Tradisi Seren Taun di Desa
Sirnaresmi Kecamatan Cisolok Kabupatén Sukabumi” Skripsi Nunung Restian Winarti, 2010 nu nalungtik simbol-simbol dina tradisi seren taun,
“Tradisi Gusaran di Desa Cimindi Kecamatan Cigugur Kabupaten Ciamis pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMA” Skripsi Siti Fitriyasih, 2012 nu
eusina ngadadarkeun mangpaat jeung ajén atikan, sosial, agama, budaya, jeung moral dina tradisi Gusaran, “Ajén Falsafah dina Simbol-Simbol Tradisi Hajat
Makam di Kampung Kawungantén Babakan Désa Kawungantén Kecamatan Cikaum Kabupatén Subang Ulikan Struktural-
Semiotik” Skripsi Deasy Hapsari, 2012 anu nalungtik ajén falsafah dina simbol-simbol tradisi hajat makam sarta
relevansi kana kahirupan jaman kiwari, “Simbol-Simbol Budaya nu Nyampak dina Kasenian Cingcowong di Desa Luragung Landeuh Kecamatan Luragung
Kabupaten Kuningan pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan” Skripsi Ikin Sodikin, 2013 hasil panalungtikanana nu ngagunakeun metode deskriptif-
kualitatif nu ngadadarkeun 25 simbol budaya dina kasenian Cingcowong. Sababaraha judul skripsi di luhur aya nu sarua ngulik budaya tina unsur
semiotika, tapi medar unsur semiotika dina tradisi nyepuh sarta nu dilarapkeun pikeun bahan pangajaran maca artikel mah can kungsi aya anu nalungtik.
Dumasar kana kasang tukang di luhur, nalungtik unsur semiotik anu ngawengku ikon indéks, jeung simbol dina tradisi nyepuh di Désa Ciomas téh
penting pisan. Ku kituna, panalungtikan anu dijudulan “Unsur Semiotik dina
Tradisi Nyepuh di Désa Ciomas Kecamatan Panjalu Kabupatén Ciamis pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA
” penting dilaksanakeun.
Krisna Amelia,2014 UNSUR SEMIOTIKA DINA TRADISI NYEPUH DI DESA CIOMAS KECAMATAN PANJALU KABUPATEN
CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu