Tehnik Ngumpulkeun Data METODE PANALUNGTIKAN
Krisna Amelia,2014 UNSUR SEMIOTIKA DINA TRADISI NYEPUH DI DESA CIOMAS KECAMATAN PANJALU KABUPATEN
CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
nyangking gambaran ngeunaan tradisi nyepuh, salian ti éta bisa nempo sacara langsung kondisi masarakat anu ilubiung dina tradisi nyepuh.
c. Tehnik Wawancara
Wawancara nyaéta hiji paguneman anu miboga udagan Syamsuddin jeung Damaianti, 2011, kc. 94. Maryaeni 2005, kc. 70 nétélakeun yén wawancara
atawa interview nyaéta salah sahiji cara dina nyangking data anu dilakukeun ngaliwatan kagiatan komunikasi lisan. Wangunna aya nu terstruktur, semi-
struktur, jeung teu terstruktur. Wawancara anu terstruktur mah wawancara anu geus diarahkeun ku sajumlahing patalékan sacara ketat. Semi struktur mah
sanajan geus diarahkeun ku sajumlahing patalékan tapi teu nutup kamungkinan aya patalékan anyar anu ideuna datang sacara spontan saluyu jeung konteks
paguneman anu keur dilakukeun. Wawancara teu terstrukur, nyaéta wawancara anu museur kana pasualan anu teu kauger ku format-format nu tangtu.
d. Tehnik Dokumentasi
Tehnik dokumentasi mangrupa tehnik pikeun nyangking informasi ngaliwatan data tulisan, lisan, jeung gambar poto. Gambar jeung lisan atawa
sora bisa dicangking ngaliwatan media elektronik saperti handphone jeung kamera digital. Hasil data tina tehnik dokumentasi bisa dijadikeun referensi sarta
bukti geus ngalakukeun panalungtikan.