Instrumen Panalungtikan METODE PANALUNGTIKAN

Krisna Amelia,2014 UNSUR SEMIOTIKA DINA TRADISI NYEPUH DI DESA CIOMAS KECAMATAN PANJALU KABUPATEN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu a. Handphone Handphone digunakeun dina prosés wawancara pikeun ngalakukeun sadap- rekam ka narasumber. b. Kamera digital Kamera digital digunakeun pikeun dokumentasi anu mangrupa visual saperti poto atawa gambar, jeung audio-visual saperti video dina tradisi nyepuh atawa waktu wawancara. c. Pedoman Wawancara Pedoman wawancara digunakeun pikeun nungtun panalungtik dina prosés wawancara. Salian ti éta, nyieun pedoman wawancara téh pikeun museurkeun patalékan-patalékan anu penting, anu bisa dijadikeun data dina panalungtikan. Pedoman wawancara gé bisa ngaefektifkeun waktu dina prosés wawancara. Format wawancara anu digunakeun dina prosés wawancara ditaan di handap. Tabel 3.2 Pedoman Wawancara Rumusan Patarosan dina wangun pernyataan 1 2 Sajarah 1. Sajarah ayana tradisi nyepuh nepi ka aya di Désa Ciomas 2. Waktu mimiti ngalaksanakeun tradisi nyepuh. 3. Asal-usul ngaran tradisi nyepuh 4. Udagan dina nyiptakeun tradisi nyepuh. 5. Pamadegan masarakat kana cai ti Geger Emas. 6. Kaayaan tradisi nyepuh di jaman kiwari. Prak-prakan 7. Ritual dina tradisi nyepuh. 8. Du’a atawa mantra dina ritualna. 9. Lalaguan suci. 10. Prosesi atawa upacara adat waktu jarah ka makam 11. Jalma anu ngala cai karamat ti Geger Emas. 12. Lobana cai ti Geger Emas anu diala. Krisna Amelia,2014 UNSUR SEMIOTIKA DINA TRADISI NYEPUH DI DESA CIOMAS KECAMATAN PANJALU KABUPATEN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1 2 13. Cara ngagunakeun jeung pungsi cai ti Geger Emas. 14. Jenis, ngaran, jumlah, ukuran tangkal anu dipelak. 15. Tempat dipelakna tangkal. 16. Udagan dahar tumpeng babarengan. 17. Kasenian dina tradisi nyepuh. Pakakas 18. Pakakas anu digunakeun dina tradisi nyepuh. 19. Pungsi tina pakakas anu digunakeun dina tradisi nyepuh. 20. Pakéan jalma-jalma anu ngalaksanakeun tradisi nyepuh. 21. Kadaharan anu aya dina tradisi nyepuh. 22. Parobahan dina pakakas atawa bahan-bahan anu digunakeun dina tradisi nyepuh. Unsur Semiotika 23. Ikon, indéks, jeung simbol dina tradisi nyepuh saperti ayana tumpeng jeung baju bodas anu diparake ku nu ngalaksanakeun tradisi nyepuh. Cara ngamumulé 24. Cara nanjeurkeun jeung ngamumulé tradisi nyepuh.

3.6 Tehnik Ngumpulkeun Data

Tehnik anu digunakeun dina ngumpulkeun data tradisi nyepuh nyaéta tehnik talaah pustaka, observasi, wawancara, jeung dokumentasi. a. Téhnik Talaah Pustaka Tehnik talaah pustaka digunakeun pikeun nyangking sarta néangan tiori-tiori tina bahan tulisan. Eta tiori-tiori anu digunakeun kudu saluyu jeung objek anu ditalangtik. b. Tehnik Observasi Observasi atawa pengamatan atawa niténan téh museurkeun panitén kana hiji objek ngagunakeun kabéh alat indera. Observasi gé mangrupa niténan sacara langsung, bisa dilakukeun ku cara tes, kuesioner, rekaman gambar, jeung rekaman sora Arikunto, 2010, kc. 199. Tehnik observasi dilakukeun sangkan bisa Krisna Amelia,2014 UNSUR SEMIOTIKA DINA TRADISI NYEPUH DI DESA CIOMAS KECAMATAN PANJALU KABUPATEN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu nyangking gambaran ngeunaan tradisi nyepuh, salian ti éta bisa nempo sacara langsung kondisi masarakat anu ilubiung dina tradisi nyepuh. c. Tehnik Wawancara Wawancara nyaéta hiji paguneman anu miboga udagan Syamsuddin jeung Damaianti, 2011, kc. 94. Maryaeni 2005, kc. 70 nétélakeun yén wawancara atawa interview nyaéta salah sahiji cara dina nyangking data anu dilakukeun ngaliwatan kagiatan komunikasi lisan. Wangunna aya nu terstruktur, semi- struktur, jeung teu terstruktur. Wawancara anu terstruktur mah wawancara anu geus diarahkeun ku sajumlahing patalékan sacara ketat. Semi struktur mah sanajan geus diarahkeun ku sajumlahing patalékan tapi teu nutup kamungkinan aya patalékan anyar anu ideuna datang sacara spontan saluyu jeung konteks paguneman anu keur dilakukeun. Wawancara teu terstrukur, nyaéta wawancara anu museur kana pasualan anu teu kauger ku format-format nu tangtu. d. Tehnik Dokumentasi Tehnik dokumentasi mangrupa tehnik pikeun nyangking informasi ngaliwatan data tulisan, lisan, jeung gambar poto. Gambar jeung lisan atawa sora bisa dicangking ngaliwatan media elektronik saperti handphone jeung kamera digital. Hasil data tina tehnik dokumentasi bisa dijadikeun referensi sarta bukti geus ngalakukeun panalungtikan.

3.7 Analisis Data

Tehnik ngolah data dilakukeun sanggeus panalungtik boga data-data ngeunaan tradisi nyepuh di Désa Ciomas Kecamatan Panjalu Kabupatén Ciamis. Aya sababaraha tahapan sanggeus data kakumpul, nyaéta anu mimiti milah jeung milih data anu saluyu jeung naon anu rék ditalungtik. Anu kadua, mariksa data anu réh diolah. Katilu, éta data téh dideskripsikeun saluyu jeung udagan panalungtikan. Tuluy nganalisis unsure semiotika dina tradisi nyepuh ku tiori Peirce ikon, indeks, simbol. Sanggeus réngse ngadeskripsikeun jeung ngaanalisis simbol-simbol, hasilna dilarapkeun kana bahan pangajaran maca artikel pikeun tingkat SMA. Anu pamungkas, nyieun kacindekan ngeunaan

Dokumen yang terkait

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN WAYANG LANDUNG DI DÉSA PANJALU KECAMATAN PANJALU PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

0 1 7

Ajén Éstétika dina Upacara Tradisi Cingcowong di Désa Luragung Landeuh pikeun Alternatif Bahan Pangajaran Maca di SMA.

1 21 11

FOLKLOR DINA TRADISI NUJUH BULANAN DI KECAMATAN CILAWU KABUPATEN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII.

2 21 26

UNSUR SEMIOTIK DINA UPACARA REWAHAN DI DESA TARAJU KAC.SINDANGAGUNG KAB.KUNINGAN PIKEUN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII.

1 15 29

TRADISI NGARUAT LEMBUR DI DESA TANJUNGSIANG KECAMATAN TANJUNGSIANG KABUPATÉN SUBANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII : Ulikan Sémiotik.

7 76 35

UNSUR SÉMIOTIK DINA KASENIAN BANGKONG RÉANG DI KAMPUNG CIJAURA DÉSA LEBAKMUNCANG KACAMATAN CIWIDÉY KABUPATÉN BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA.

0 21 32

AJÉN FALSAFAH DINA UPACARA NYACARKEUN JALAN DI DUSUN LINGGAHARJA DESA MEKARSARI KECAMATAN TAMBAKSARI KABUPATEN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

0 26 32

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN TRADISI PAREBUT SÉÉNG DI DÉSA KUTAJAYA KECAMATAN CICURUG KABUPATÉN SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

1 30 33

KASENIAN BEBEGIG SUKAMANTRI DI KECAMATAN SUKAMANTRI KABUPATEN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA.

5 155 30

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN BUTA DAOR DI DUSUN CIMENDONG DÉSA PANJALU KECAMATAN PANJALU KABUPATEN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII - repository UPI S BD 1200810 Title

0 0 4