Krisna Amelia,2014 UNSUR SEMIOTIKA DINA TRADISI NYEPUH DI DESA CIOMAS KECAMATAN PANJALU KABUPATEN
CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
1.5 Mangpaat Panalungtikan 1.5.1 Mangpaat Tioritis
Ieu panalungtikan téh miboga mangpaat pikeun ngajembaran jeung ngeuyeuban pangaweruh ngeunaan kabudayaan Sunda sarta simbol-simbol anu
dipedar bisa dijadikeun bahan pangajaran maca artikel di SMA.
1.5.2 Mangpaat Praktis
Mangpaat praktis nu dipiharep bisa dihontal tina ieu panalungtikan téh nyaéta:
a. pikeun nambahan pangaweruh ngeunaan tradisi Nyepuh di Désa Ciomas
Kecamatan panjalu Kabupatén Ciamis sangkan bisa nanjeurkeun budaya Sunda;
b. pikeun mikanyaho unsur semiotika nu aya dina tradisi Nyepuh di Désa Ciomas
Kecamatan panjalu Kabupatén Ciamis sangkan nu maca apal kana ajén-inajén tradisi Sunda;
c. pikeun masarakat sangkan leuwih wanoh kana kabudayaanana jeung bisa
ngariksa jeung ngaraksa budayana sorangan.
1.6 Struktur Organisasi Skripsi
BAB I Bubuka, nyaéta nu ngawengku kasang tukang panalungtikan, identifikasi masalah panalungtikan, rumusan masalah panalungtikan, tujuan
panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung struktur organisasi skripsi.
BAB II Ulikan Tiori, nyaéta nu ngawengku tradisi Nyepuh Desa Ciomas,
unsur semiotika, jeung bahan pangajaran maca artikel di SMA.
BAB III Métodologi Panalungtikan, nyaéta nu ngawengku lokasi jeung sumber panalungtikan, desain panalungtikan, métodologi panalungtikan, definisi
oprasional, instrumén panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, jeung analisis
data.
BAB IV Hasil Panalungtikan jeung pedaran, nu ngawengku deskripsi prak- prakan, unsur semiotika dina tradisi nyepuh di Desa Ciomas Kecamatan Panjalu
Krisna Amelia,2014 UNSUR SEMIOTIKA DINA TRADISI NYEPUH DI DESA CIOMAS KECAMATAN PANJALU KABUPATEN
CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
Kabupaten Ciamis, larapna hasil panalungtikan pikeun bahan pangajaran maca
artikel di SMA, sarta pedaran.
BAB V Kacindekan jeung saran. Ieu bab eusina mangrupa kacindekan tina panalungtikan nu geus dilaksanakeun, sarta saran nu nyusun pikeun lajuning laku
kana ieu panalungtikann.