Krisna Amelia,2014 UNSUR SEMIOTIKA DINA TRADISI NYEPUH DI DESA CIOMAS KECAMATAN PANJALU KABUPATEN
CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
Bagan 3.1 Desain Panalungtikan
3.3 Metode Panalungtikan
Metode nyaéta cara gawé pikeun maham jeung neuleuman sacara nyosok jero kana objek anu jadi sasaran Syamsuddin jeung Damaianti, 2011, kc. 31. Metode
nu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta metode deskriptif. Anu dimaksud
TUJUAN PANALUNGTIKAN
Ngadéskripsikeun: 1.
Sajarah tradisi nyepuh 2.
Prak-prakan dina tradisi nyepuh 3.
Simbol-simbol nu nyampak dina tradisi nyepuh 4.
Matalikeun simbol budaya anu nyampak dina tradisi nyepuh pikeun pangajara maca di SMA
kelas XII
Nangtukeun masalah
Ngarumuskeun masalah
Nangtukeun metode jeung tehnik panalungtikan
Ngumpulkeun data
Ngolah data
Nyieun kacindekan
Krisna Amelia,2014 UNSUR SEMIOTIKA DINA TRADISI NYEPUH DI DESA CIOMAS KECAMATAN PANJALU KABUPATEN
CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
metode panalungtikan deskriptif nyaéta panalungtikan anu miboga udagan pikeun ngadadarkeun kajadian atawa fenomena anu aya. Panalungtikan deskriptif ngajén
sifat tina kondisi-kondisi anu aya, konkret. Tujuan ieu panalungtikan diwatesanan pikeun ngagambarkeun karakteristik dina hiji hal anu geus nyampak Syamsuddin
jeung Damaianti, 2011, kc. 24. Pamarekan anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta pamarekan
kualitatif. Pamarekan kualitatif nurutkeun Bogdan jeung Taylor dina Basrowi jeung Suwandi 2008, kc. 21, nyaéta prosedur panalungtikan anu ngahasilkeun
data déskriptif, mangrupa kekecapan anu ditulis atawa sacara lisan mangrupa omongan ti jalma-jalma jeung paripolah anu bisa ditempo jeung ditalungtik.
Nurutkeun Basrowi jeung Suwandi 2008, kc. 187, pamarekan kualitatif téh bisa nyangking pamahaman jeung panafsiran anu nyosok
jero ngeunaan ma’na, kanyataan, jeung fakta anu relevan. Moleong nétélakeun yén panalungtikan
kualitatif sifatna deskriptif, data anu dikumpulkeun leuwih loba mangrupa kecap- kecap atawa gambar dibandingkeun jeung angka-angka Basrowi jeung Suwandi,
2008, kc. 187. Saluyu jeung metode anu digunakeun, ieu panalungtikan miboga udagan
pikeun ngadeskripsikeun tradisi nyepuh di Desa Ciomas Kecamatan Panjalu, struktur prak-prakanana, maluruh unsur semiotika teori Sanders Peirce nyaéta
ikon, indeks, jeung simbol dina éta tradisi, jeung ngalarapkeunana dina bahan pangajaran maca artikel di SMA.
3.4 Wangenan Operasional
Dina wangenan operasional ngajéntrékeun istilah-istilah dina judul panalungtikan, sangkan nu maca boga gambaran ngeunaan ieu panalungtikan.
a. Simbol nyaéta tanda pikeun rupa-rupa hal anu aya dina kahirupan sarta
miboga ma’na anu geus disapukan babarengan. b.
Tradisi nyepuh Désa Ciomas Kecamatan Panjalu nyaéta salah sahiji kabiasaaan anu nepi ka ayeuna masih dilaksanakeun sataun sakali ku
masarakat Désa Ciomas Kecamatan Panjalu. Tradisi nyepuh téh tradisi ngaberesihkeun diri saacan nyanghareupan bulan Romadon. Sacara saréatna