Ace Monika Murdiani, 2013 Basa Sunda Dialék Bekasi Di Kacamatan Sétu Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA
Universitas Pendidikan Indonesia
|
repository.upi.edu
|
perpustakaan.upi.edu
kayaning: umur, jenis kelamin, pakasaban, jsb. Kadua ngeunaan ukuran hususna nu aya patalina jeung sikep kayaning: jarak sosial, kabébasan séks, kaamanan
jeung katartiban lalu lintas, jsb. Sedengkeun wangun kuésionér anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta nyoko kana déskripsi ngeunaan individu anu
kalungguhanna salaku informan, kayaning: umur, jenis kelamin, pakasaban, jsb. Dumasar kana téhnik-téhnik ngumpulkeun data nu geus dipedar, ku kituna
prosés ngumpulkeun data dilaksanakeun ngaliwatan sababaraha léngkah, di antarana nyaéta:
1 Nyiapkeun sajumlahing intstrumén panalungtikan nu dijadikeun alat pikeun
meunangkeun data panalungtikan dina wangun kecap-kecap, 2
Ngadatangan lokasi atawa tempat nu dijadikeun subjék panalungtikan, 3
Ngayakeun wawancara kalayan langsung jeung informan-informan nu aya di tempat panalungtikan,
4 Ngaregepkeun, nyatét, jeung ngarekam hasil wawancara nu dilaksanakeun
jeung informan nu aya,
3.6.2 Téhnik Ngolah data
Dina ieu panalungtikan, analisis nu diayakeun nyaéta ngagunakeun téhnik padan. Padan sarua hartina jeung babandingan. Hartina hiji hal nu dibandingkeun
miboga makna nu aya patalina. Ku kituna padan dina ieu kontéks diartikeun kana hal patali-banding Mahsun, 2005:117. Ieu téhnik dilarapkeun tujuanna nyaéta
pikeun ngaanalisis ayana bébédaan unsur kabasaan basa Sunda dialék Bekasi di Kacamatan Sétu jeung basa Sunda anu standar atawa basa Sunda lulugu.
Sedengkeun ti éta, analisis nu baris dijéntrékeun dina ieu panalungtikan nyaéta ngagunakeun dua pidangan. Pidangan ka hiji nyaéta ngagunakeun
pidangan formal nu didéskripsikeun kana wangun data formal kayaning daftar tabel jeung peta sebaran kandaga kecap dialék basa Sunda dialék Bekasi nu aya di
Kacamatan Sétu. Sedengkeun ti éta, pidangan ka dua nyaéta ngagunakeun pidangan informal nu didéskripsikeun ngaliwatan pedaran kalimat nu eusina
ngajéntrékeun rupa-rupa katerangan nu aya dina data pidangan formal.
Ace Monika Murdiani, 2013 Basa Sunda Dialék Bekasi Di Kacamatan Sétu Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA
Universitas Pendidikan Indonesia
|
repository.upi.edu
|
perpustakaan.upi.edu
Saméméh data nu aya dianalisis tur dipidangkeun, data-data panalungtikan nu aya ngalaman prosés diolah heula. Anapon léngkah-léngkah ngolah datana
nyaéta saperti di handap ieu: 1
Ngabandingkeun data basa dina wangun kecap–kecap basa Sunda wewengkon jeung basa Sunda lulugubakustandar,
2 Misahkeun data basa nu dianggap salaku kecap-kecap basa Sunda dialék di
daérah panalungtikan, 3
Nyieun papasingan data basa di daérah panalungtikan dumasar kana rupa- rupa istilah nu sok digunakeun dina kahirupan sapopoé,
4 Nangtukeun klasifikasi bébédaan antara basa Sunda dialék Bekasi nu aya di
Kacamatan Sétu jeung basa Sunda lulugu, 5
Nyieun papasingan data basa nu dianggap kecap-kecap basa Sunda wewengkon dumasar kana klasifikasi wangun kecapna,
6 Nangtukeun jumlah perséntasi dialéktométri tina kecap-kecap nu dianggap
basa Sunda dialék di daérah panalungtikan, 7
Metakeun kecap-kecap basa Sunda dialék Bekasi dumasar kana sebaran pamakéan istilah basa nu aya di daérah panalungtikan.
8 Nyieun bahan pangajaran maca ngagunakeun kecap-kecap nu aya dina basa
Sunda dialék Bekasi di Kacamatan Sétu.
Ace Monika Murdiani, 2013 Basa Sunda Dialék Bekasi Di Kacamatan Sétu Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA
Universitas Pendidikan Indonesia
|
repository.upi.edu
|
perpustakaan.upi.edu
BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1 Kacindekan
Dumasar kana hasil panalungtikan jeung analisis basa Sunda dialék Bekasi di Kacamatan Sétu pikeun bahan pangajaran maca di SMA, bisa dicokot
kacindekan saperti ieu di handap. 5.1.1
Daérah paké basa Sunda nu aya di Kacamatan Sétu Kabupatén Bekasi aya 8 désa di antarana nyaéta Désa Ciledug, Cibening, Cikarageman,
Burangkeng, Muktijaya, Ragemanunggal, Tamansari, jeung désa Tamanrahayu. Sedengkeun 3 désa sésana mangrupa daérah paké basa
Melayu toto nyaéta di Désa Cijengkol, Kertarahayu, jeung Lubang Buaya.
5.1.2 Pidangan kecap-kecap BSDB di Kacamatan Sétu aya dina wangun pedaran
kecap-kecap BSDB, papasingan kecap-kecap BSDB dumasar kana makna dasar, analisis bébédaan antara BSDB jeung BSL, analisis wangun kecap
BSDB, jeung metakeun kecap-kecap BSDB. 5.1.2.1
Dumasar Jumlah kecap nu dianggap basa Sunda dialék Bekasi di Kacamatan Sétu aya 356 kecap. Éta kecap-kecap téh dipasing-pasing
dumasar kana 12 istilah. 1 Istilah panca kaki aya 21 kecap 5,9 contona kecap 3 engkong, 2 Istilah gaganti sesebutan aya 9 kecap 2,5
contona kecap 36 entong, 3 Istilah imah jeung babagianana aya 20 kecap 5,6 contona kecap 63 paséban, 4 Istilah pakakas aya 65
kecap 18,2 contona kecap 92 tampayan, 5 Istilah kadaharan inuman aya 40 kecap 11,2 contona kecap 211 rangginang, 6 Istilah
panyakit aya 21 kecap 5,9 contona kecap 249 titingkueun, 7 Istilah pakasaban aya 8 kecap 2,2 contona kecap 265 gendam, 8 Istilah
tutuwuhan bungbuahan aya 51 kecap 14,3 contona kecap 313
kecemek, 9 Istilah sasatoan aya 47 kecap 13,2 contona kecap 341