Desain Panalungtikan Métode Panalungtikan

Ace Monika Murdiani, 2013 Basa Sunda Dialék Bekasi Di Kacamatan Sétu Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.2 Desain Panalungtikan

Desain anu digunakeun dina ieu panalungtikan bisa dibagankeun saperti kieu: Désain Panalungtikan nurutkeun Arikunto, 2010: 68 Léngkah 1 Milih Masalah Léngkah 2 Studi Bubuka Léngkah 3 Ngarumuskeun Masalah Léngkah 6-a Nangtukeun Variabel Léngkah 8 Ngumpulkeun Data Léngkah 4 Ngarumuskeun Anggapan Dasar Léngkah 5 Nangtukeun Pamarekan Léngkah 4-a Hipotésis Léngkah 9 Analisis Data Léngkah 6-b Nangtukeun Sumber Data Léngkah 11 Nyusun Laporan Léngkah 7 Nangtukeun Instrumén Léngkah 10 Nyindekkeun Ace Monika Murdiani, 2013 Basa Sunda Dialék Bekasi Di Kacamatan Sétu Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Desain panalungtikan di kaca saméméhna, mangrupa dasar tina sakabéh wangun panalungtikan. Ku kituna teu sakabéh léngkah nu aya dina bagan desain nu aya dilarapkeun kana ieu panalungtikan. Saperti léngkah 4a nyaéta nangtukeun hipotésis. Éta léngkah téh teu dipilampah sabab panalungtikan anu dikokolakeun téh mangrupa panalungtikan anu kaasup kualitatif. Ku kituna teu merlukeun ayana hipotésis.

3.3 Métode Panalungtikan

Métode mangrupa stratégi, prosedur, cara-cara pikeun ngumpulkeun, ngaanalisis, jeung midangkeun objék panalungtikan Ratna, 2010:467. Sedengkeun metode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta metode deskriptif. Metode deskriptif nyaéta metode anu digunakeun pikeun ngadeskripsikeun hiji hal, tanpa nguji hipotesis. Ieu métode leuwih loba matalikeun kecap-kecap ti batan angka-angka atawa barang-barang budaya naon waé nu geus ditarjamahkeun kana wangun basa boh lisan boh tulisan Ratna, 2010:337. Tujuan metode deskriptif nyaéta pikeun nyieun gambaran sacara sistematis, faktual, jeung akurat ngeunaan fakta-fakta. Hal anu baris di deskripsikeun dina ieu panalungtikan nyaéta ngeunaan basa Sunda dialék Bekasi nu aya di masarakat Kacamatan Sétu Kabupatén Bekasi.

3.4 Wangenan Operasional