Téhnik Ngumpulkeun Data

Ace Monika Murdiani, 2013 Basa Sunda Dialék Bekasi Di Kacamatan Sétu Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Pedoman wawancara nu baris digunakeun di antarana mangrupa patalékan-patalékan. Runtuyan patalékan-patalékan wawancara nu kasampak dina tabél ngan saukur gurat badag tina patalékan di lapangan. Di lapangan mah bisa leuwih ngalegaan. Pedoman Wawancara Ruang Lingkup Data Kategori Basa Kandaga Kecap Dipikawanoh Dipaké Kecap Séjén nu Dipaké a. Pancakaki b. Kadaharan ................. Pedoman nu leuwih lengkep ilikan lampiran 4

3.6 Téhnik Panalungtikan

Nurutkeun Ratna 2010:475-476 téhnik asal kecapna tina teknikos Yunani nu hartina alat atawa seni ngagunakeun alat. Lamun dibandingkeun jeung métode atawa tiori, téhnik mangrupa alat nu pangkongkritna, cara-cara nu bisa diindra. Téhnik miboga patali jeung instrumén jeung data primér. Sedengkeun téhnik nu aya dina ieu panalungtikan sacara gurat badag ngawengku dua téhnik, nyaéta téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik ngolah data.

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

Dina ngumpulkeun data, aya tilu tehnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan di antarana: Ace Monika Murdiani, 2013 Basa Sunda Dialék Bekasi Di Kacamatan Sétu Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1 Observasi Observasi mangrupa téhnik anu matalikeun antara dua hal nyaéta obsérver panitén jeung jalma séjén anu dititénan kalayan kalungguhanna salaku nu méré informasi informan. Ku kituna panalungtik atawa obsérver dianggap salaku intrumén pangutamana, sabab dina prak-prakanna ieu téhnik matalikeun fungsi obsérver panitén salaku manusa anu mibanda alat pancaindra panénjo, pangrungu, pangambeu, pangecap jeung pangrasa dina nyatétkeun jeung ngarekam kalayan sistematis sakabéh data nu aya Ratna, 2010:217-218. Téhnik observasi dina ieu panalungtikan dilaksanakeun ngaliwatan niténan sakabéh paripolah informan dina ngagunakeun basa Sunda wewengkon atawa dialék nu dipaké dina kahirupan sapopoéna. 2 Wawancara Wawancara interview mangrupa cara-cara pikeun meunangkeun data kalayan ngayakeun dialog langsung antara individu jeung individu séjén atawa individu jeung kelompok tangtu. Salaku mékanisme komunikasi, wawancara umumna dilaksankeun sabada observasi. Sedengkeun kagiatan niténan sakabéh objékna dibarengan ku aktivitas tangtu jeung ngagunakeun instrumen anu tangtu. Tapi dina kanyataan dilapangan, éta téhnik téh lumangsung kalayan silih lengkepan. Observasi moal bisa dilaksanakeun saupama teu ngayakeun wawancara, kitu ogé sabalikna Ratna, 2010:222. Sedengkeun sasaran wawancara dina ieu panalungtikan nyaéta informan anu nyumponan pasaratan kayaning lalaki atawa awéwé, umurna ± 30 nepi ka ± 60 taun, dibabarkeun jeung gedé di éta désa, bisa ngagunakeun basa Sunda, bisa ngagunakeun basa indonesia, jeung séhat rohani tur rohani alat ucapna sampurna Zulaeha, 2010:53-54. 3 Kuésionér Nurutkeun Ratna 2010:239, kuésionér mangrupa téhnik ngumpulkeun data ngaliwatan patalékan-patalékan tinulis anu disarungsum kalayan telik, patali jeung tujuan, mangpaat, tiori, jeung masalah inti dina panalungtikan. Sedengkeun fungsi tina ieu téhnik nurutkeun Black jeung Champion dina Ratna 2010:239 aya dua rupa. Kahiji déskripsi ngeunaan individu atawa kelompok anu ditalungtik, Ace Monika Murdiani, 2013 Basa Sunda Dialék Bekasi Di Kacamatan Sétu Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu kayaning: umur, jenis kelamin, pakasaban, jsb. Kadua ngeunaan ukuran hususna nu aya patalina jeung sikep kayaning: jarak sosial, kabébasan séks, kaamanan jeung katartiban lalu lintas, jsb. Sedengkeun wangun kuésionér anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta nyoko kana déskripsi ngeunaan individu anu kalungguhanna salaku informan, kayaning: umur, jenis kelamin, pakasaban, jsb. Dumasar kana téhnik-téhnik ngumpulkeun data nu geus dipedar, ku kituna prosés ngumpulkeun data dilaksanakeun ngaliwatan sababaraha léngkah, di antarana nyaéta: 1 Nyiapkeun sajumlahing intstrumén panalungtikan nu dijadikeun alat pikeun meunangkeun data panalungtikan dina wangun kecap-kecap, 2 Ngadatangan lokasi atawa tempat nu dijadikeun subjék panalungtikan, 3 Ngayakeun wawancara kalayan langsung jeung informan-informan nu aya di tempat panalungtikan, 4 Ngaregepkeun, nyatét, jeung ngarekam hasil wawancara nu dilaksanakeun jeung informan nu aya,

3.6.2 Téhnik Ngolah data