Lokasi Panalungtikan Subjék Panalungtikan

Ace Monika Murdiani, 2013 Basa Sunda Dialék Bekasi Di Kacamatan Sétu Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi jeung Subjék Panalungtikan

3.1.1 Lokasi Panalungtikan

Kacamatan Sétu mangrupa salah sahiji ti 23 kacamatan nu aya di Kabupatén Bekasi. Ieu kacamatan mangrupa kacamatan nu keur ngalaman prosés kamekaran dina rupa-rupa widang. Lian ti éta ieu kacamatan téh miboga kamekaran penduduk nu kaitung gancang jeung hétérogén. Sumber pakasabanna ogé mimiti ngalaman parobahan ti séktor tani ka séktor industri. Wilayah padésaan geus loba nu robah statusna jadi wilayah perumahan. Ieu hal bisa dibuktikeun ku lobana pangwangunan perumahan di sababaraha désa nu aya di wilayah Kacamatan Sétu. Sacara géografis wilayah Kacamatan Sétu legana nyaéta 5.457 Ha, nu ngawengku 1.871 Ha wilayahna mangrupa sawah jeung 3.586 Ha wilayahna mangrupa darat. Sedengkeun sacara démografis Kacamatan Sétu wilayahna aya di 40 m luhureun laut. Jumlah pendudukna nurutkeun data nepi ka Bulan Novémber 2012 aya 126.572 jiwa, ngawengku 64.307 urang lalaki jeung 62.265 urang awéwé. Sedengkeun jumlah kepala keluargana KK nyaéta 36.515 KK. Ngeunaan wates wilayahna, Kacamatan Sétu miboga wates nyaéta: Beulah kalér : Kacamatan Tambun Selatan Kacamatan Cikarang Barat Beulah wétan: Kacamatan Cikarang Selatan Beulah kidul: Kacamatan CileungsiKab. Bogor Beulah kulon: Kacamatan Bantar GebangKota Bekasi Sedengkeun orbitrasi daérahna nyaéta 25 Km ti kacamatan ka kabupatén jeung 10 Km ti kacamatan ka désa pangjauhna Pemerintah Kecamatan Setu, 2012:1. Ace Monika Murdiani, 2013 Basa Sunda Dialék Bekasi Di Kacamatan Sétu Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.1.2 Subjék Panalungtikan

Lokasi tina ieu panalungtikan nyaéta Kacamatan Sétu nu aya di wilayah Kabupatén Bekasi. Pangna ieu daérah dijadikeun tempat minangka lokasi panalungtikan sabab ieu tempat mangrupa wates nu ngabalukarkeun ayana kamungkinan interaksi pamakéan basa antara masarakat nu aya di jerona jeung masarakat Kabupatén Bogor ogé masarakat Kota Bekasi. Ku kituna, bakal aya kecap-kecap tangtu tur has anu digunakeun nalika masarakatna ngayakeun komunikasi jeung masarakat di saluareun daérahna. Saperti halna dina pamakéan istilah-istilah kadaharan jeung inuman, sasatoan, bungbuahan, usum, jsté. Sedengkeun ti éta populasi atawa universe mangrupa kagemblengan tina unit analisis anu kanyahoan ciri-cirina. Patali jeung populasina, boh manusa boh barang dina hiji panalungtikan miboga dua kamungkinan, ditalungtik sagemblengna atawa ngan sabagéan. Nalungtik kalayan gembleng téh geus tangtu hésé. Komo deui saupama objék nu ditalungtikna mangrupa populasi anu gedé. Ku kituna dina saban panalungtikan diayakeun pembatasan objek nu disebut sampel Ratna, 2010:212. Ari nu dijadikeun populasi dina ieu panalungtikan nyaéta masarakat di Kacamatan Sétu Kabupatén Bekasi. Lian ti éta, sampelna nu aya dina ieu panalungtikan mangrupa sampel total nyaéta 11 désa nu aya di Kacamatan Sétu nu informanna dicokot nurutkeun pasaratan nu tangtu, sakurang-kurangna hiji informan primer ti hiji désa nu aya. Sedengkeun pasaratan nu diajukeun minangka kriteria iformanna nyaéta lalaki atawa awéwé, umurna ± 30 nepi ka ± 60 taun, dibabarkeun jeung gedé di éta désa, bisa ngagunakeun basa Sunda, bisa ngagunakeun basa indonesia, jeung séhat rohani tur rohani alat ucapna sampurna Zulaeha, 2010:53-54. Ace Monika Murdiani, 2013 Basa Sunda Dialék Bekasi Di Kacamatan Sétu Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.2 Desain Panalungtikan