Wangenan Operasional METODE PANALUNGTIKAN

Ace Monika Murdiani, 2013 Basa Sunda Dialék Bekasi Di Kacamatan Sétu Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Desain panalungtikan di kaca saméméhna, mangrupa dasar tina sakabéh wangun panalungtikan. Ku kituna teu sakabéh léngkah nu aya dina bagan desain nu aya dilarapkeun kana ieu panalungtikan. Saperti léngkah 4a nyaéta nangtukeun hipotésis. Éta léngkah téh teu dipilampah sabab panalungtikan anu dikokolakeun téh mangrupa panalungtikan anu kaasup kualitatif. Ku kituna teu merlukeun ayana hipotésis.

3.3 Métode Panalungtikan

Métode mangrupa stratégi, prosedur, cara-cara pikeun ngumpulkeun, ngaanalisis, jeung midangkeun objék panalungtikan Ratna, 2010:467. Sedengkeun metode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta metode deskriptif. Metode deskriptif nyaéta metode anu digunakeun pikeun ngadeskripsikeun hiji hal, tanpa nguji hipotesis. Ieu métode leuwih loba matalikeun kecap-kecap ti batan angka-angka atawa barang-barang budaya naon waé nu geus ditarjamahkeun kana wangun basa boh lisan boh tulisan Ratna, 2010:337. Tujuan metode deskriptif nyaéta pikeun nyieun gambaran sacara sistematis, faktual, jeung akurat ngeunaan fakta-fakta. Hal anu baris di deskripsikeun dina ieu panalungtikan nyaéta ngeunaan basa Sunda dialék Bekasi nu aya di masarakat Kacamatan Sétu Kabupatén Bekasi.

3.4 Wangenan Operasional

Sangkan ieu panalungtikan leuwih jéntré, ku kituna baris dipedar wangenan operasionalna, di antarana nyaéta: 1 Basa Sunda Nurutkeun Sudaryat 2010:10 basa Sunda mangrupa basa indung mothertongue; first language urang Sunda, anu diparaké kénéh ku masarakatna boh di tatar Sunda boh luareun tatar Sunda kayaning Madura, Majenang, Dayeuh luhur, jeung Manggung Jawa Tengah sarta di wewengkon masarakat transmigrasi asal jawa barat saperti di Lampung jeung Bengkulu. Ace Monika Murdiani, 2013 Basa Sunda Dialék Bekasi Di Kacamatan Sétu Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 2 Dialék Bekasi Nurutkeun Chaer 2010:63 dialék mangrupa varéasi basa ti kelompok panyatur nu jumlahna rélatif, aya di hiji tempat, wilayah, atawa aréa nu tangtu. Ku sabab dialék didadasaran ku wilayah atawa enggon cicing panyatur, ku kituna dialék sok disebut ogé dialék aréal, dialék regional atawa dialek geografi. Sedengkeun Bekasi mangrupa salah sahiji wilayah nu aya di Jawa Barat atawa tatar Sunda nu sacara administratif kabagi kana wilayah kabupatén jeung kota. Wilayah Kabupatén Bekasi miboga wates wilayah beulah kalér Laut Jawa , beulah kidul Bogor, beulah wétanna karawang, jeung beulah kulonna Kota Bekasi jeung DKI Jakarta. Sedengkeun wilayah Kota Bekasi miboga wates beulah kalér jeung wétan nyaéta Kabupatén Bekasi, beulah kidul Kabupatén Bogor jeung beulah kulon nyaéta Jakarta Timur. Sedengkeun nu dijadikeun tempat minangka lokasi panalungtikanana nyaéta dipuseurkeun di daérah Kabupatén Bekasi Jadi, anu dimaksud dialék Bekasi téh nyaéta varéasi basa dina basa Sunda nu dipaké ku masarakat Bekasi nu leuwih spesifikna nyaéta masarakat Kabupatén Bekasi. 3 Kacamatan Sétu Mangrupa salasahiji ti 23 Kacamatan nu aya di Kabupatén Bekasi. Wilayahna diwangun ku 11 désa atawa kelurahan. Sacara administratif Kacamatan Sétu miboga wates wilayah nyaéta beulah kaler Kacamatan Cikarang Barat, beulah kidul Kabupatén Bogor Kac. Cileungsi , beulah kulon Kacamatan Kota Bekasi Kac. Bantar Gebang, jeung beulah wetan Kacamatan Cikarang Selatan jeung Kac. Serang Baru. Sabagéan wilayahna 34 mangrupa padésaan. Kacamatan Sétu mangrupa daérah nu deukeut ka kawasan industri nyaéta kawasan MM 2100 Pemerintah Kecamatan Setu, 2012:1. 4 Bahan Pangajaran Nurutkeun Iskandarwassid Spk. 2010:171 bahan ajar mangrupa saperangkat informasi nu kudu dicangkem peserta didik ngaliwatan pembelajaran nu pikaresepeun. Bahan pangajaran dina ieu panalungtikan baris medar perkara materi pangajaran maca ngagunakeun média kandaga kecap basa Sunda Dialék Bekasi di Kacamatan Sétu dina wangun artikel. Ace Monika Murdiani, 2013 Basa Sunda Dialék Bekasi Di Kacamatan Sétu Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 5 Maca Mangrupa salah sahiji tina opat kaparigelan basa. Nurutkeun Hodgson dina Tarigan 2008:7 maca mangrupa hiji prosés nu dikokolakeun tur digunakeun ku nu maca pikeun meunangkeun pesen, nu rék ditepikeun ku nu nulis ngaliwatan média kecap-kecap atawa basa tinulis. 6 SMA SMA mangrupa wangun jenjang atikan formal sabada ngaréngsékeun Sekolah Menengah Pertama SMP. Dina éta jenjang diajarkeun mata pelajaran Basa Sunda nu mangrupa mata pelajaran muatan lokal anu wajib pikeun diajarkeun, Saluyu jeung kurikulum. Dina ieu panalungtikan siswa SMA diperedih sangkan mampu jeung weruh kana pamakéan basa Sunda dialék Bekasi. Ku kituna, hasil tina ieu panalungtikan téh disarungsum jadi salah sahiji wangun bahan pangajaran maca salaku média pikeun siswa bisa mikawanoh jeung mikaweruh kana pamakéan basa Sunda dialék Bekasi nu aya . Jadi anu dimaksud basa Sunda Dialék Bekasi di Kacamatan Sétu pikeun bahan pangajaran maca di SMA téh mangrupa panalungtikan anu dipuseurkeun kana analisis data basa dina wangun basa dialék nu aya di Kacamatan Sétu Kabupatén Bekasi anu hasilna dijadikeun salah sahiji alternatif nu bisa dipaké pikeun bahan pangajaran maca keur siswa di SMA

3.5 Instrumén Panalungtikan