Eusi Surat Babagian Surat Pribadi

127 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII

1. Eusi Surat

Dina conto surat di luhur, éta surat téh ditulis ku Zahra ka babaturanna keur SMP anu ngaran Néndén. Zahra nulis surat téh lantaran kahudang kasonona sabada mukaan facebook-na Néndén nu aya poto Néndén jeung babaturan SMA-na ngaliwet sisi balong. Komo da baheulana Zahra ogé kungsi ngalaman ngaliwet di imahna Néndén. Najan teu diobrolkeun kabéh, tapi ku urang bisa kateguh yén Zahra jeung Néndén téh keur SMP-na boga grup nu dingaranan Pinker. Grup Pinker anu kasebut ku Zahra dina suratna nyaéta Anggun jeung Cikal. Ari Heri mah jigana kabogoh Anggun nu matak Anggun grogi ogé. Éta anggota grup Pinker téh sabada lulus SMP, sakolana malencar. Zahra ogé anu teu niat sakola ka Bandung, kalah ngacleng sosoranganan. Da cenah bibina palay dibaturan. Tangtu baé Zahra resepeun sakola di Bandung téh, najan sok teu kuat ngarasa sono ka adi jeung indung bapana. Zahra gé ngajak, mun manéhna liburan di Subang, hayang ngumpul bari ngaliwet deui jeung babaturan grup Pinker-na. Atuh ka Néndén ogé ngajak ulin ka Bandung, ngajak ulin ka mall anu di Bandung mah loba pisan, béda jeung di kota asalna. Ku sabab eusina urusan pribadi sarta nu ngirimna ogé ti hiji pribadi ka pribadi séjénna, ieu surat téh disebutna surat pribadi.

2. Babagian Surat Pribadi

Dina prak-prakan nulis surat kudu luyu jeung babagéan surat pribadi: a. Titimangsa, nyaéta tempat, tanggal, bulan, jeung taun dijieunna éta surat. b. Alamattujuan surat, nyaéta saha nu jadi tujuan éta surat. c. Salam bubuka d. Eusi surat, nu ngawengku : a. Bubuka alinéa bubuka b. Eusi maksud atawa tujuan éta surat c. Panutup alinéa panutup e. Salam panutup f. Tanda tangan nu ngirimnu nulis surat g. Ngaran anu ngirim surat Di unduh dari : Bukupaket.com 128 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII Mun digambarkeun saperti kieu: 1 titimangsa 2 tujuan surat 3 salam bubuka 4 a. alinéa bubuka b. eusimaksud surat c. alinéa panutup 5salam panutup 6tanda tangan 7 ngaran anu ngirim surat Latihan: 1. Naon anu dimaksud surat pribadi téh? 2. Naon kagunaanana? 3. Ti saha jeung keur saha surat pribadi di luhur téh? 4. Naha wangun surat pribadi béda jeung surat dines? 5. Tuliskeun deui titimangsa surat dina surat di luhur 6. Tuliskeun deui bagian tujul surat dina surat di luhur 7. Tuliskeun deui bagian salam bubuka jeung alinéa bubuka dina surat di luhur 8. Tuliskeun deui bagian eusi dina surat di luhur 9. Tuliskeun deui bagian panutup jeung salam panutup dina surat di luhur 10. Basa nu kumaha anu merenah dipaké dina surat pribadi? Naha basa lemes, basa loma, atawa basa kasar? Di unduh dari : Bukupaket.com 129 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII

C. Maca Surat Ondangan Hajat