82
Pamekar Diajar
B A S A S U N D A
Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII
santun, anu iman sareng takwa ka Gusti Nu Maha Suci, kanggo pibekeleun hirup sim kuring sadaya
ka payunna. Hatur nuhun pisan Bapa, Ibu, mugi- mugi sadaya élmu anu parantos dipaparinkeun ku
Bapa sareng Ibu ka sim kuring sadaya mangpaat lahir batin dunya ahérat. Atuh sagala rupi amal
kasaéan Bapa sareng Ibu ka sim kuring sadaya, kénging ganjaran anu manglipet-lipet ti Allah Swt.
amin ya Robbal alamin. Bapa sareng Ibu Guru ... jst.
Eusi Biantara
Rupina cekap sakieu waé pisanggem ti sim kuring, mugi-mugi tiasa ngawakilan kereteg haté sadayana.
Hapunten anu kasuhun, bilih aya cariosan anu kirang merenah.
Panutup Biantara
Billahi tauik walhidayah, wassalamu’alaikum wr.wb. Salam Panutup
2. Padika Biantara
Biantara téh salahsahiji kaparigelan nyarita pikeun nepikeun maksud atawa ngajelaskeun hiji pasualan ka
jalma réa. Sangkan eusi biantara urang nepi ka anu dituju atawa anu dimaksud, tangtu baé mikabutuh cara-cara
téhnik nyarita anu teu sagawayah. Lantaran biantara mah wangun komunikasi langsung antara nu nyarita jeung
jalma réa. Kumaha carana sangkan nu ngabandungan resep, saregep, nepi ka paham kana eusi biantara, éta
perlu dirojong ku sababaraha hal.
Anu kudu dilatih ku hidep sangkan biantara dipikaresep téh lain ngan saukur nulis naskah biantara
wungkul, tapi ogé dina prakna biantara hareupeun batur. Lamun urang geus lancar biantara, ka dituna mah teu
kudu maké naskah deui, bisa langsung waé nyarita, asal kudu bener babagianana.
Di unduh dari : Bukupaket.com
83
Pamekar Diajar
B A S A S U N D A
Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII
Dina biantara langsung, anu nyarita téh sasat jadi puseur panitén saréréa. Tuluy henteuna panongton
saregep ngabandungan, gumantung kana kamampuh anu nyaritana. Lantaran sok aya geuning, eusi biantarana alus
jaba penting, tapi lantaran nyaritana teu pikaresepeun, nu ngabandungan téh teu saregep. Atuh nu biantara biantara,
nu ngabandungan jongjong ngobrol jeung baturna. Aya opat métodeu biantara anu salila ieu remen dipaké,
nyaéta:
1. Métodeu impromtu ngadadak
Disebutna ngadadak,
lantaran dina
cara midangkeunana tara maké tatahar heula. Boro-boro
maké naskah, da kaperluanna ogé saharitaeun. Mun bisa mah nyaritana, métodeu ieu téh sok matak kataji
nu ngabandungan.
2. Métodeu ngapalkeun
Cara midangkeunna nu ieu mah sabalikna tina impromtu. Nu rék biantara nuliskeun heula naon
anu rék diomongkeunana tuluy diapalkeun kecap demi kecap taya nu kaliwat. Nu matak sok aya kesan
kaku nyaritana téh, da bari nginget-nginget anu geus diapalkeunna téa.
3. Métodeu naskah
Nyaéta biantara anu bari maca naskah. Tah métodeu ieu biasana kurang pikaresepeun nu ngabandungan,
lantaran nu biantara sok tungkul teuing kana naskah, langka ngayakeun kontak mata jeung nu
ngabandungan.
4. Métodeu ékstémporan