123
Pamekar Diajar
B A S A S U N D A
Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII
waktos : tabuh 12.00 WIB dugi ka réngsé,
tempatna di sekretariat OSIS SMPN Bandung. Kalintang bingahna upami sadérék tiasa sumping dina
waktosna. Hatur nuhun kana perhatosanana. Kairing salam,
Pupuhu, Girang serat,
Alghifari Raspati Alzahra Pramanik
Kauninga ku Pembina OSIS SMPN Bandung,
Hj. Nani Rohayati, S.Pd.
1. Eusi Surat
Mun nilik kana wangunna, tangu baé ieu surat téh disebutna surat resmidines. Disebut resmi téh lantaran
nu ngaluarkeunna hiji organisasi, ditujukeun ka anggota organisasi, sarta eusina ngan wungkul urusan dines éta
organisasi. Pan eusina ogé pupuhu OSIS ngondang rapat ka anggotana pikeun ngabadamikeun kagiatan anu bakal
dilaksanakeun ku organisasina.
2. Babagian suratna
Dina nulis surat resmi, dimimitian ku kop surat nu nuduhkeun ngaran dinas atawa organisasi nu ngaluarkeun
éta surat. Sanggeus kop surat, lian ti aya titimangsa téh aya ogé nomer kaluarna surat jeung maksud dikaluarkeunna
éta surat. Malah mun dibarengan ku berkas séjénna mah biasana ditulis dina pangdeudeul sabaraha lobana
berkas anu dibarengkeun jeung surat téa. Sanggeus éta, kakara ditulis tujul surat atawa saha anu dikirim éta
surat. Tuluyna mah sarua waé, aya salam bubuka, alinéa
Di unduh dari : Bukupaket.com
124
Pamekar Diajar
B A S A S U N D A
Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII
bubuka, eusi surat, panutup surat, salam panutup, sarta ditanda ku anu ngirim. Ngan lantaran sipatna dines téa,
anu nandana ogé henteu saurang, lain pupuhu wungkul, tapi dibarengan ku girang serat jeung pangapingna.
Mun digambarkeun mah kieu babagian surat resmi téh:
1. kop surat
2. Nomer surat 3. titimangsa surat 4. Lampiran
5. jejertéma
6. tujul suratanu dikirim 7. salam bubuka
8. alinéa bubuka
9. eusi surat 10. alinéa panutup
11. salam panutup 12. tanda tangan
13. tanda tangan pupuhu
girang serat
13. tanda tangan kasaluyuan pananggung jawab
organisasilembaga
Di unduh dari : Bukupaket.com
125
Pamekar Diajar
B A S A S U N D A
Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII
Latihan
Sangkan leuwih paham kana eusi surat di luhur, pék jawab pananya di handap
1. Naon anu dimaksud surat téh? 2. Naon kagunaanana?
3. Naha surat di luhur disebut surat dines? Jéntrékeun 4. Naon anu dimaksud titimangsa?
5. Tuliskeun deui bagian kop surat dina surat di luhur 6. Tuliskeun deui bagian tujul surat dina surat di luhur
7. Tuliskeun deui bagian salam bubuka jeung alinéa bubuka dina surat
di luhur 8. Tuliskeun deui bagian eusi dina surat di luhur
9. Tuliskeun deui bagian panutup jeung salam panutup dina surat di luhur
10. Naha dina surat dines anu nandatanganna kudu tiluan? Sebutkeun alesanana
B. Maca Surat Pribadi