78
Pamekar Diajar
B A S A S U N D A
Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII
K
amampuh nyarita hiji jalma, bisa ngarobah dunya. Buktina? Lantaran pinter nyarita, Bung
Karno bisa ngamerdékakeun Indonésia. Biantara-
biantara Bung Karno kasohor ka sakuliah dunya sarta bisa ngahudangkeun sumanget parapajuang Indonésia.
Lantaran pinter nyarita, Hitler bisa ngahuru perang dunya kadua. Ngarobah tatanan pulitik dunya nu pangaruhna
sumebar ka mana-mana. Jadi ulah nganggap énténg kana kamampuh nyarita hiji jalma. Bisi hidep hayang
milu ngarobah dunya, hayu urang diajar biantara Dina pangajaran ieu hidep bakal diajak mikawanoh babagian
biantara, pilihan kecap nu biasa dipaké, nulis naskah biantara nepi ka prakna biantara hareupeun kelas.
A. Maca Biantara
Di handap aya conto naskah biantara pikeun dina acara paturay tineung. Pék baca sing gemet jero haté
Assalamu’alaikum warrohmatullahi wabarokaatuh Bapa Kapala Sakola anu ku sim kuring dipihormat,
Bapa kalih Ibu Guru anu ku sim kuring dipihormat, Hadirin tamu uleman, ogé anu ku sim kuring
dipihormat, Sadérék sadaya kelas salapan sareng adi-adi
kelas tujuh sareng kelas dalapan, anu ku sim kuring dipikacinta.
Puji sareng sukur urang sanggakeun ka Allah Swt. Solawat sinareng salam mugi ngocor ka jungjunan urang
sadaya Nabi Muhammah saw. Bapa sareng Ibu Guru anu ku sim kuring
dipihormat, Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun
nuhun, tos dipaparin kasempetan ngadeg di dieu, kanggo ngawakilan sadaya siswasiswi kelas salapan ngadugikeun
gerentes haté ti sim kuring sadaya anu badé ngantunkeun ieu sakola.
Di unduh dari : Bukupaket.com
79
Pamekar Diajar
B A S A S U N D A
Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII
Dinten ieu téh panginten dinten anu pikabungaheun
ogé pikasediheun kanggo sim kuring sadaya mah. Bingah
kumargi sim kuring sadaya parantos lulus ti ieu sakola
saparantos tilu taun jungkel jumpalik diajar. Ari sedihna,
nya tangtos baé ku sadayana ogé kateguh, kedah papisah
sareng Bapa Ibu Guru ogé adi-adi kelas tujuh sareng
kelas dalapan anu ku sim kuring sadaya dipikacinta.
Bapa sareng Ibu Guru anu ku sim kuring dipihormat,
Dina ieu kasempetan, sim kuring ngawakilan rérén-
cangan sadaya kelas salapan, seja ngahaturkeun réwu nuhun kana sagala rupi kasaéan
manah Bapa sareng Ibu Guru salami tilu taun ngasuh sim kuring sadaya. Bapa sareng Ibu Guru teu weléh sabar
ngawurukan sim kuring sadaya sangkan janten jalmi anu pinter, anu bageur, anu jujur, anu disiplin taat kana aturan,
anu terang kana tatakrama sopan santun, anu iman sareng takwa ka Gusti Nu Maha Suci, kanggo pibekeleun hirup
sim kuring sadaya ka payunna. Hatur nuhun pisan Bapa, Ibu, mugi-mugi sadaya élmu anu parantos dipaparinkeun
ku Bapa sareng Ibu ka sim kuring sadaya mangpaat lahir batin dunya ahérat. Atuh sagala rupi amal kasaéan Bapa
sareng Ibu ka sim kuring sadaya, kénging ganjaran anu manglipet-lipet ti Allah Swt. amin ya Robbal alamin.
Bapa sareng Ibu Guru anu ku sim kuring dipi- hormat,
Sumber: hanifroad.wordpress.com
Di unduh dari : Bukupaket.com
80
Pamekar Diajar
B A S A S U N D A
Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII
Sim kuring sadaya ogé seja nyuhunkeun hapunten samudaya kalepatan. Rumaos sim kuring sadaya mah
seueur carékeunna. Salami tilu taun téh tangtos seueur paripolah sim kuring sadaya anu matak kesel, jéngkél,
sareng ngaraheutkeun kana manah Bapa sareng Ibu. Nyuhunkeun pangapunten, rupina da sanés dihaja, éta
mah éstuning tina kabodoan sim kuring sadaya baé. Diémutan ayeuna mah bet matak isin geuning, margi Bapa
sareng Ibu Guru mah sanaos sim kuring sadaya midamel kalakuan anu matak ngajaheutkeun manah ogé teu weléh
sabar mayunanana. Teu weléh jembar ku pangampura. Hatur nuhun Bapa, Ibu, parantos sabar mayunan sim
kuring salami ieu. Hatur nuhun pisan.
Bapa sareng Ibu Guru anu ku sim kuring dipihor- mat,
Sim kuring sadaya seja nyuhunkeun pidu’a, mugi- mugi sim kuring sadaya tiasa ngamangpaatkeun élmu anu
parantos dipaparinkeun ku Bapa sareng Ibu, tiasa lebet ka sakola anu dipikahoyong, tiasa ngahontal sagala rupi
anu dicita-citakeun, sareng janten jalmi anu guna kanggo nusa bangsa sareng agama. Amiin ya Robbal alamin.
Bapa sareng Ibu Guru anu ku sim kuring dipihor- mat,
Rupina cekap sakieu waé pisanggem ti sim kuring, mugi-mugi tiasa ngawakilan kereteg haté sadayana.
Hapunten anu kasuhun, bilih aya cariosan anu kirang merenah.
Billahi tauik walhidayah, wassalamu’alaikum wr.wb.
B. Nyangkem Eusi Biantara 1. Eusi jeung babagian biantara